Sanggeus sagala kasono nu sakitu lilana budal, H. Syarif cengkat,
pok nyarita deui:”Engke deui mun ka dieu, ulah nunggu lila, terus we ketrok
kamar aba.” 


Jalma:”Ah teu wararantun teuing Aba.” 


H. Syarif:”Ari eta saha mani loba kitu, babaturan ? geuning
geus karolot ?” 


Terus we Jalma ngenalkeun Ki Jara sabatur batur, terus
nerangkeun yen eta sakabehna teh urut Bangsat GEROT, tapi ayeuna tobat, jeung
hayang diajar ngaji ka Pasantren Miftahul Falah. 


Haji Syarif unggut2an, bari heran kumaha carana Jalma bisa
mamawa bangsat gerot nu insap ? Saha nu nginsapkeunana ? Naha Jalma sorangan ?
Asa teu asup akal, hiji pamuda ngora keneh bisa mawa ieu bangsat gerot. Keur
kitu torojol we Ajengan Salim, manehna kageteun pisan nempo Jalma; terus we
silih rangkul; tapi barang Ajengan Salim dikenalkeun ka Ki Jara; Ajengan Salim
molotot terus nanya rada keras ka Jalma:”Jalma ! nanaonan ieu begal dibawa
kadieu ? jeung dimana maneh kenal ka ieu ? Kade ....... bisa wae manehna api2;
da kapan maneh mah ngora keneh can pangalaman............” 


H. Syarif:”Geuning wawuh Salim ? Iraha panggih jeung ieu Ki
Jara ?” 


Ajengan Salim:”Teu wawuh kumaha ? pan manehna nu ngalantarankeun
uing saminggu ngagojod di kamer !” 


Haji Syarif:”Eu eu euh........... begal nu nyerang Wanayasa
tea ?” 


Ajengan Salim:”Leres eta pisan aba............” 


Keur kitu torojol Ajengan Muchtar jeung Kyayi Salam; barang
nempo Jalma make pakean Maung; gebeg teh Kyayi Salam, ngagebeg, terus ti
kajauhan mere tabe di na dada bari manggut; H. Syarif jeung nu sejen heran ka
na kalakuan Kiai Salam; pok H. Syarif nyarita:” Salam ieu teh pan Jalma, nu
baheula murid Pasantren, naha sampeyan kasamaran ?” 


Kiai Salam, sanyatana kenal ka Jalma; tapi teu nyangka yen
Jalma teh Pendekar Maung Sancang. Ari Kiai Salam teh lain Urang Wanayasa; tapi
urang Jagabaya, Bogor; manehna kadieu ngahaja masantren ka H. Syarif; ari Kiai
Salam teh saenyana mah guru  Silat Para
murid H. Syarif, lantaran Kiai Salam Jago Cimande. 

Kiai Salam oge geus
ngadenge beja, yen aya pamuda cenah nu geus nalukkeun para begal jeung maehan
Maung Sancang ku sakali ninggang; eta Pendekar ngora teh sok mamake baju Maung
Sancang, nu matak disebut Pendekar Maung Sancang. Tah barang gok langsung we
Kyayi Salam nempo Jalma, teg wae yen pasti ieu Jago nu masih ngora keneh teh,
nu geus nalukkeun Gorombolan Maung Hideung nu kasohor jeung dipikasieun ku loba
Jago2 di Tatar Sunda ieu. Ku sabab panasaran Kiai Salam terus nyampeurkeun ka
Jalma ; kek we leungeun Jalma pigeulangnaa dicekel bari ngerahkeun tanaga jero;
ngan sakilat Kiai Salam ngalesotkeun deui pigeulang Jalma; lantaran aya
tanaga gede nolak tanaga Kiai Salam; aya reuwas aya kaget ieu Kiai Salam teh;
ayeuna mah manehna apal, yen nu disebut Pendekar Maung Sancang teh nyata Jalma
murid Pasantren Miftahul Falah. Jadi salila di dieu Jalma estu pinter pisan
nyidem kabisana. Kiai Salam jadi ngahargaan pisan ka Jalma. 


Eta kalakuan Kiai Salam diperhatikeun pisan ku H. Syarif,
pok we nyarita:”Aya naon Salam, araraneh pisan. Naha maneh teu wawuh ka Jalma
!?” 


Brek wae Kiai Salam diuk, terus nyarita:”Mugi sadaya janten
uninga ieu Jalma murid Pasantren teh, saenyana Jago ! Pendekar ! Disebutna
katelah Pendekar Maung Sancang !” 


“Haaaaah   !!! nu aya
di dinya salian ti rombongan Jalma; pada heran. 


“Na enya Jalma , maneh teh Pendekar ?” 


“Ah teu pisan2; eta mah maranehna we hayang nyebut ka kuring,
nya diantep we da lain kahayang kuring.”
HANCA
 

Kirim email ke