Bray panto tengah muka; jol Ajengan Salim, bari langsung
nyarita:”Sok asup we Jalma, urang dijero, geus lila pisan urang teu
ngobrol.”Pamajikan Aj. Salim oge kaluar, sigana dangdan heula, da kaciri
panonna disipat. Mani daria pisan Nyi Ojoh pamajikan Aj Salim di na narima
Jalma. Sok we nya ngawangkong kainyah, ibu aya gawe saeutik.”


Bus deui wae Nyi Ojoh kajero, teu lila Neng Syarifah kaluar mawa
susuguh, bari aluman alimen. Bari nyodorkeun susuguh sabaki pinuh, Syarifah
imut ka Jalma, Jalma bari rada teu puguh cabak, oge males ku seuri nu ngandung
harti. Pok Syarifah nyarita:”Kang Jalma, awas mun teu dituang, ieu mah asli
buatan Ipah”cek Ipah aleman. Geter hate Jalma ngageter, duka ku naon. Ajengan
Salim, api2 nempoan kitab. Sanggeus beres nu mawa susuguh; nya pok deui Ajengan
Salim nanya bari nebak hate Jalma:”Jalma, ari maneh geus boga tetempoan teu ?”


Gebeg we Jalma ngagebeg, geus dua kali Jalma ditanya soal nu
ieu, saencanna ku bapa Nyi Epon; ayeuna ku Aj. Salim. Ku sabab geus aya
pangalaman, Jalma surti, pok we :”Hehehe, teu acan laku, kuring mah atuh KI (
Maksudna Ki ajengan ).”


Aj. Salim:”Alus, barina ge nanaonan gagancangan, maning ge impleng
heula nu cocog jeung sanubari, lain kitu Jalma ?”


Jalma rada beureun beungeutna, lantaran ngarasa hatena keur
dikobok ku Aj. Salim; nya bari rada ngageter Jalma nyarita:”muhun.........”


Aj. Salim kaciri beuki sumanget, pok nyarita deui:”Yeuh
Jalma, Kula teh teu boga anak lalaki; ti babaheula hayang, tapi teu
kaparengkeun, tah ari ka maneh mah Jalma Kula teh ngarasa asa boga anak lalaki,
isukan maneh rek lunta deui; duuuh duka iraha Kula bisa panggih deui; tapi Kula
memang keyeng pisan hayang maneh jadi anak Kula. Tah ku sabab si Aisyah geus
ditikah ku Ki Amir, Kula ngan boga hiji deui anak awewe; Kula arek mikeun eta
budak keur pijodoeun maneh; iraha we rek dikawinna mah; ngan maneh teu kudu
“lieur” deui neangan pasangan; kitu ge lamun maneh teu ngahinakeun anak Kula.”


Jalma:”Duuuh tobat teuing Ki, teu wararantun teuing
ngarendahkeun Putra; ngan wae kapan kuring teh lieuk leuweung lieuk lamping teu
boga pisan kolot pikeun badami; naha Kyayi teu lebar mikeun putra ka kuring nu
laip !? Bari jeung kuring mah indit deui ti dieu bari can tangtos iraha2 na 
wangsul
ka dieu. Karunya ku Nden Ipah, panginten nganti2 nu teu puguh pasinina ?”


Sajongjongan aj. Salim rada ngahuleng, tapi geus kitu, pok
nyarita:”Emh......... Jalma sing percaya ka Kaula; Kaula teh sanget2 ngahargaan
ka maneh teh, jadi Si Ipah, moal dibikeun ka saha oge, ari lain ka maneh mah.
Ngan nu ku Kula diharepkeun ti sampeyan teh nya eta; mun geus beres gancang
kadieu; tong mikirkeun soal2 lainna deui .”


Jalma sabenerna mah memang resep ka Syarifah teh, da memang
geulis, hese neangan awewe model Syaripah teh. Tapi manehna ngarasa ragu2 naha
manehna bakal gancang2 nuntaskeun masalah pribadina ? Mun henteu meureun Nyi
Ipah bakal jadi parawan jomblo; karunya. Eta nu dipikir ku Jalma teh; tapi
inget ka na omongan Aj. Salim, yen manehna percaya ka manehna; wah enyaan ieu
mah saenyana keur kauntungan aing; tapi aing mun narima kitu wae siga nu teu
boga kekenyos pisan, eemh. Tapi mun nolak, leuwih2 Aj Salim sakulawarga bakal
kasigeungna; padahal sakitu bageur jeung ihlasna. Nya atuh Jalma teh na waktu
eta mah teu boga pilihan sejen salian ti narima kana kabageuran Aj. Salim;
harita keneh Aj. Salim ngarangkulan Jalma, ku bungah2na bari cirambay :” 

Alhamdulillah,
geuning kalaksanakeun oge Kula boga anak lalaki teh. Yeuh Jalma “minantu” teh
sarua we jeung anak; jadi maneh teh geus bakal jadi anak bapa; sok sujud
ayeuna.”


Langsung wae Jalma nyium leungeun Ajengan Salim; keur kitu
kaluar oge Nyi Ijoh, barang nyaho yen Jalma narima, Nyi Ijoh oge ceurik. Ceurik
bungah tea.


Sabenerna diluar panto aya nu ngadedempes we ngadengekeun,
nya teu salah deui Syarifah, manehna ge cirambay da memang ti barang Jalma
bareto aya di Pasantren, duka kumaha Nyi Ipah teh resep ka Jalma teh. Malah 
waktu
Aisyah lanceukna sering ngirim hui atawa sampeu ka Jalma sok rada nyindiran,
pajarkeun awewe mah ulah murahan kitu atuh.”Padahal mun dipikir deui, eta
omongan manehna teh ku sabab rada sirik ka Aisyah; manehna seuri koneng
sorangan, lantaran ngarasa era sorangan; ari ayeuna geuning Jalma narima ka
manehna; tapi cenah isuk rek indit deui. Aduh naon nya nu bakal dibikeun ka
Jalma, supaya Kang Jalma manginget ka manehna ? Leng we Nyi Ipah mikir mani
lenglengan. Lantaran kudu gancang harita keneh, mun henteu Jalma kaburu indit,
hese deui panggih.


 Manehna inget baheula
dibere “bros” nu dijieun siga kukupu, warna biru; eta teh pamere ti ninina; nya
eta bojo H. Syarif nu kahiji; cenah mah pamahugi H. Syarif waktu mimiti
kenalan; eta barang teh dipusti pusti pisan; ti padagang urang Portugis cenah, 
tapi
ku sabab nyaah ka Syarifah, eta bros teh dibikeun we ka manehna, bari wanti2
teu meunang di ka sasahakeun, ari lain ka nu pang diistimewakeun ku manehna
mah; nya manehna mikir; Kang Jalma teh keur dirina mah Pang Istimewana, ah moal
salah mun eta barang dibikeun ka Kang Jalma teh. 

Sanggeus gilig hatena;
Syarifah gesat gesut, tuluy ngincid ka hareup, ka taman maksudna rek megat
Jalma.

Teu kungsi lila Jalma 
pamitan. Nya Jalma inditna ngaliwat deui ka Taman nu tadi; barang rek
mengkol, hareupeun aya nu megat, nyata Syarifah.


Rada ngageter oge hate Jalma nempo Syarifah megat, barang rek
ngomong, kapiheulaan ku Syaarifah:”Enyaan Kang Jalma, teu sudi lami2 di dieu,
aya nu ngantos2 nya ?”


Jalma rada hareugeueun, ditanya kitu, naon maksudna nya ? Cek
Jalma di na hatena.  Syarifah nyarita deui:”Cing
atuh Kang Jalma, ari tos kadieu, ulah dius indit deui ! naha teu sono ka Ipah.
Da Ipah mah............ “ Teu terus Syarifah ngomongna, lantaran asa kalepasan
teuing.


Jalma ayeuna nu sempet ngomong:” Kumaha ? Ipah mah kumaha ?”


Syarifah:” Ipah mah.......... sono ka Kang Jalma teh,
lantaran Kang Jalma bageur.”


Jalma:” Hahahaha........... memang Kang Jalma geus mere naon
ka Ipah ?”


Syarifah:” Bageur mah, bageur we teu kudu make bara bere.”
Cek syarifah bari ngadelek.”Cing atuh kang mani sapoe teuing di ddieu teh,
saminggu atuh, aya naon atuh mani rarusuh pisan ?” Syarifah nalek ka Jalma.


Jalma:”Hehehe akang teh boga pancen, nu memang kudu
dilaksanakeun teu bisa ditunda tunda; ieu ge geus lila teuing katundana, jadi
akang teu bisa katunda deui, komo ku urusan pribadi mah;   lain kang Jalma teu 
sono ka Ipah. Hehehe.”


Syarifah:”Ah alesan we Kang Jalma mah, jadi isuk teh Ipah
bakal ditinggalkeun sorangan we nyah ?”


Jalma rada molohok, pok we :”Naha ? Kapan sareng Apa, sareng
Umi ?”


Syarifah ngabetem we, lantaran soal ucapan eta mah, pribadi
pisan; ngaheneng sakeudeung, kusiwel we Syarifah nyokot bungkusan leutik ti na
bajuna sok dibikeun ka Jalma, bari pok nyarita:”Kang Jalma, ieu barang teh
dipusti pusti pisan, moal dibikeun ka sasaha 
oge......... ari lain ka jelema nu istimewa mah. Tah keur Ipah , kang
Jalma teh estu Istimewa pisan; tah ku Ipah barang ieu dipasrahkeun ka Kang
Jalma; kade jaga , ieu teh ibarat ngawakilan Ipah nyarengan kamana wae kang
Jalma indit.”


Barang dibuka ku Jalma, nyata eta teh Bros nu alus jeung
antik pisan :”Wah Ipah, ieu mah sigana barang warisan, ulah ah ulah dibikeun ka
akang “


Syarifah:”Akang rek nampik tanda kanyaah ti Ipah nya ? Naha
akang ngarasa hina, boga “nu nyaah” saperti Ipah ?”


Gebeg Jalma ngagebeg, euh mun kitu ieu teh ampir sarua jeung
Nyi Epon basa eta? Tapi ieu mah sigana ngan UKUR mere HIJI alternatif wungkul;
nya eta kudu ditarima ! Euweuh alternatif atawa pilihan sejenna; tapi Jalma
bungah oge, yen Nyi Ipah ge nyaah ka manehna, sarua jeung hate manehna aya COP
ka Syarifah. Nya atuh Jalma nampa bari pok nyarita:”Nuhun pisan ka na
kapercayaan Ipah ka akang; isuk akang rek indit jauh; ieu barang bakal dijaga
ku Akang sabisa bisa; jeung akang nganuhunkeun pisan, Akang ge nyaah ka Ipah.”


Syarifah:”Enyaan kang ? Lain pedah deukeut Ipah ,akang
nyarios kitu teh ?”


Wani sumpah naon akang ?”Syarifah nambahan, bari imut nu
matak ngirut.


Jalma :”Ah moal ari susumpahan mah; ngan wae akang jangji ieu
barang moal dibikeun ka sing saha wae tanpa ijin ti Ipah.”


Duanana ngabetem, loba picaritaeun, tapi teu bisa betus; keur
kitu jedur we bedug Maghrib. Aduh kajongjonan yeuh, mangga atuh, duakeun we 
akang
nya, sing gancang hasil maksad. Kitu cek Jalma. Cek Syarifah, emh tong boro
dipenta atuh akng, masing teu dipenta oge Ipah moal weleh ngaduakeun. Clak we
cimatana ngeclak tina panonna nu cureuleuk; Jalma mani hayang nyusutan, tapi
terus we ngaleos da Maghrib; assalaamualaikum we ahirna mah.
HANCA


Kirim email ke