H. Syarif seuri mani nyakakak, rada lila oge seurina, ahirna
pok ngomong:”Wah tah picontoeun ieu Jalma teh, bisa nyidem kabisana; urang
sarerea teu apal ka manehna; da sama sakali tara nyabit2 soal Silat atawa
Persilatan. Hahahaha. Alus2; sok bari ngopi euy, sakabehna we, pok dongengkeun
pangalaman maneh teh Jalma.”


Derekdek we Jalma nyaritakeun lalakonna; teu wudu rada
panjang; nyarita soal Nyi Epon Jalma rada era saeutik, tapi nya dicaritakeun
we; ngan carita soal Nyi Emeh, teu buja beja sama sakali. Jadi nu sejen mah
nyahona Jalma Ka Leuwiseeng teh nganteurkeun Nyi Epon we, teu aya sangkaan mapay
raratan sagala.


Ayeuna mah Ajengan Salim apal, naon sababna para begal dibawa
ku Jalma; lain wae Jalma nalukkeun Begal Pasir Buncit, malahan geus ngelehkeun
begal nu dipikasieun nyaeta Maung Hideung. Les wae ayeuna mah kacurigaan
ajengan Salim ka Jalma teh leungit. Beuki tambah we Ajengan Salim ngahargaan ka
Jalma.


Saterusna Jalma nyarita yen Ki Jara jeung baladna ka dinya
teh salian ti menta dihampura oge rek jadi murid pasantren; nu ahirna Ajengan
Salim daek ngahampura ka Ki Jara; keur kitu Bedug Lohor geus ditakol, nya atuh
eta nu ngarobrol teh bubar; gancang ka Masigit; sanggeus shalat Lohor, H.
Syarif teu loba wiridan, terus wae ngajak sakabehna dalahar ngariung.  H. 
Syarif daria pisan, terus nanya naha Jalma
bakal tetep tumetep di ieu Pasantren; H. Syarif rada hanjakal, lantaran Jalma
cenah loba keneh tugas nu can tuntas; da kapegat ku nguruskeun Begal nu
tarobat. Ngan rek ngendong we sapeuting cenah.

Jalma apal keneh kobong manehna; barang jol satengah digusur
ku Somad, asup ka kamar, terus hariweusweus:”Yeuh Jalma, ieu kobong teh geus
sababaraha kali rek dieusian ku santri anyar, tapi ku uing ditolak, bari
nyarita yen tangtu Jalma balik deui ka dieu. Tuh pan bener, yu ayeuna urang
sakobong deui. Jeungna eta mamake rompi Maung, hahaha, lucu, meunang meuli ti
mana !?”


Ki Somad ku hayang2na ngobrol jeung Jalma; ngabuih pisan
omonganana teh, teu pararuguh koma peunna; Jalma mah ngan ukur seuri we, da
geus apal ka na adat Ki Somad.

 

KI Somad nyaritakeun cenah Aisyah anak Ajengan Salim, geus
kawin ka sudagar beunghar ngaranna H. Amir; ayeuna cenah keur ngandeg. Manehna
ge nyaritakeun yen ahirna Siti daekeun oge ka Ki Somad; meureun mun taya
halangan mah, kawinna kira2 3 bulan deui. Somad bungah pisan Jalma geus datang
deui ka dinya. Tapi barang disebutkeun isuk rek indit deui, molohok we Somad,
bari hanjelu pisan. Akhirna pok ngomong:”Jalma, ari maneh naon wae atuh nu
dilakukeun teh ? Asa bingung ngabandunganana. Kakara ge jol, ayeuna geus rek
indit deui !?”


Jalma nerangkeun, yen kadieu teh manehna nganteurkeun jelema2
nu tobat; jeung hayang masantren di dinya; mun henteu Jalma moal waka ka dieu
deui, cenah da loba pisan nu bakal diurus.” Somad ngan bati ngahuleng we.


Bada asar balik ti masigit, Jalma jalan2 heula, terus ka imah
Ajengan Salim, barang ngaliwat ka taman, da hareupeun imah Ajengan Salim teh
aya taman, barang keur tumpa tempo kekembangan, aya mojang keur metik kembang
Ros; ieu teh adina Aisyah meureun, cek hate Jalma; basa eta mah leutik keneh;
ayeuna geuning geus parawan ? Eta budak awewe barang nempo Jalma terus we
ngageroan:”Ih Kang Jalma mah degig pisan! Kena2 teu jadi ka euceu, ka kuring ge
mani hilap nya ?” Eta nyi mojang teh , Jalma masih inget  adi Aisyah , ngaranna 
Nyi Syarifah; tapi basa
Jalma di dinya mah leutik keneh; ayeuna geus rumaja; Jalma rada olohok oge
sabab Nyi Syarifah teh nyata geulis pisan; geulis bawana ngajadi, endah bawana
ti kudrat; imutna ge matak ngirut. Tapi teu lila Jalma ngalamunna, pok we
ngomong:” Atuh da kapan Kang Jalma mah tukang kulancar kulencer, jadi we 
pangling
ka Ipah. Komo nyai ayeuna mah mani boronyoy kitu. Ari Apa aya? ( Maksudna
Ajengan Salim ). 


“Aya, yu atuh Kang kalebet; ke Apa diwartosan.” Di na hatena
rada kebat kebit, da tadi disebut boronyoy ku Jalma; rek naon nya Kang Jalma,
ka Apa? Mun eta tea mah............ 
hehehe, moal ngadua kalian nanya , pasti ........aing narima.” Kitu
pikiran Nyi Syaripah waktu harita.
HANCA


Kirim email ke