he3... biasa we atuh. nya alusna mah guntreng dina milis. sabab mun amprok mah bisi teu kuat nahan emosi; lain dalil nash atawa nalar ilmiah nu kaluar, malah lisung jeung kohkol nu dibalangkeun. sual akhlak, mangga bahas. kitu deu sual Sunda bahas deui; aya kitu sual Sunda nu can beres? he3...
Dari: Mochamad Ziaulhaq® <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Selasa, 10 Januari 2012 14:38 Judul: Re: Bls: [kisunda] Diskusi imamah (MUI rek ngaji Syiah) Gening, ieu tentang Syiah keneh. Sugan teh geus beres, jeung moal aya beresna mun pada hayang bener, pada hayang nyalahkeun. Mun ngan saukur hayang apal versi Syiah ngeunaan hiji masalah, nya -asana- cukup ku maca postingan nu ngabejer-beaskeun dalil"na. Ngan mun can siap jeung beda-faham, nya tong jadi guntreng tuluy es-mosi.-hehe. Sainget kuring, geus 2 tahun ieu babul-syiah teuberes di Kisunda, ti mimiti Kang Zen sok posting ttg pandangan" syiah. Da moal beres" atuh, ajaran syiah ti baheula keneh, ti saprak zaman khalifah Ali keneh. Aya nu nyebutkeun, ti saprak bai'at ka Abu Bakar geus aya sahabat kelompok Ali. Nepi ka ayeuna boga nagara sorangan, Iran nu dimusuhan ku Barat jeung Saudi. Keur kuring mah, bab saha nu pangbenerna, anging Allah nu Mahabener. Ceuk dina Study Agama, bab ageman-kayakinan keur zaman kiwari lain ukur bener jeung salah. Tapi bab YAKiN jeung TEUYAKIN. Dek salah baragajul jeung bau jurig jarian hiji ajaran, ari aya nu yakin eta teh jalan religiousitasna: dek kumaha?? Dipaehan? Mun aya nu ngadalil, yen nu ngabedakeun jelema teh TAQWAna, eta bener. Tapi eta mah urusan Allah, urusan Mahaadil-Na di akherat. Kusabab ayeuna mah di dunya, rea bangsa, rea beda. Saha nu pangriweuhna ngarusak katentreman manusia, sato, jeung alamna.. Eta nu pasti salahna. Hiji jalma, dek syiah-sunni-atheis-katolik jsb, ari teu soleh secara sosial mah keur naon. Da dina Quran, iman teh kudu jeung amal soleh. Ari kasolehan muslim teh: rahmatan lil 'alamin. Hiji masalah dikaji ku beda otak jeunh uteukna, pasti beda hasil kokojona. Nu pasti, mun dek ulubiung di ruang dialog kudu siap jeung beda-faham. Dialog atawa kajian ilmiah lain dek nyeukeutkeun perbedaan, tapi neang solusi spy bisa hirup sauyunan keur katentreman bararea. Tapi naha kuring jadi rea omong ieu teh.. Itu leuweung ruksak. Ieu budaya Sunda kumaha supaya nangtung di lembur sorangan.. Euleuh, itu cai bersih geus hese.. Cinyusu saat... Gening, bab akhlaq di barudak keur krisis, nepi ka akhlaq pajabat ngilu ancur... -korupsi. Alaaah, geus tawuran deui, ngaruksak deui, silih serang deui... Gening hese neangan katentreman, di lembur sorangan, komo di Indonesia. Dalah di milis, guntreng wae.. Jadi mending sare.. Ke hudangkeun lamun kabeh geus jadi bangke. Ke dek ngomong ka Nu Mahamere, Gusti ari abdi tos leres napak ajaran Kanjeng Muhammad, atanapi ambon-sorangan... Cag ah.. #hehe. ::zya Rampes™ Powered by Telkomsel BlackBerry® From: Sp Saprudin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Tue, 10 Jan 2012 14:34:26 +0800 (SGT) To: [email protected]<[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: Bls: [kisunda] Diskusi imamah (MUI rek ngaji Syiah) Hmmm, sok hayang sungut teh ngomong, ari teu ngomong piomongeun, ari ngomong lumpatna pasea adu dalil. Kieu, ari Ketua Umum MUI Pusat Umar Shihab pan adina teh Dr. Quraish Shihab kaka adi nya. Dr. Quraish Shihab anu ngarang buku "Syuni - Syiah Bergandengan Tangan. Mungkinkah?" Ceuk uing moal mungkin!. naon sababna? Kuring memang lain ahli, sanajan lain ahli kuring boga utek, maca kudu make utek anu rada waras, yen kaum Syiah teh Inkontensi, misalkeun ngenaan Abdullah bin Saba. Ceuk sabagian kaum Syiam yen Abdullah Bin Saba teh tokoh Fiktif anu dimucunghulkeun ku musuh-musuh Syiah. Tapi aya pandapat utama ti ulama Fiqh Syiah (abad ka 3) anu ngarana Sa'ad al-Qumni nyebutkeun sacara gamblang anu nuturkeun (pengikut) Abdullah bin Saba anu dikenal Saba'iyah. Sa'ad al-Qumni nyebutkeun yen Abdullah bin Saba' nyaeta saurang anu mucunghulkeun ide dina mikanyaah ka Ali bin Abi Thalib ra. sacara kaleuwihan jeung moyok jeung nyaci ka para sahabat Nabi Saw. saperti Abu Bakar ra. Umar ra. jeung Usman ra. Kutipan ngenaan Abdullah bin Saba oge ditulis ku guru besar Syian An-Nukhbati jeung al-Kasyi anu negeskeun yen Abdullah bin Saba nyaeta saurang Yahudi anu saterusna asup Islam. Dasar tina kayahudianana, manehna ngagambarkeun yen Ali bin Abi Thalib ra. sanggeus wafatna Rasulallah Saw. salaku Yusya' bin Nun anu menang wasiat ti Nabi Musa as. Salain teta loba pisan anu kontradiktif jeung faham Ahlussunah Wal Jamaah, misalkeun ngenaan Hadits Nabi jeung Abu Hurairah ra. terus ngakafirkeun Ahlussunah Wal Jamaah. Mindeng kuring maca referensi Syiah anu nganggap najis Ahlussunah Wal Jamaah. Nyah mudah-mudahan para ahli ti MUI rek ngaji Syiah hasilna bisa narik benang beureum mana anu haq jeung mana anu bathil. Wassalam, Dari: Ahsa <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Selasa, 10 Januari 2012 12:21 Judul: Bls: [kisunda] Diskusi imamah (MUI rek ngaji Syiah) Sok atuh lamu enya aya dalil ilmiah perkawis politik Islam. Ceuk uing mah ari ngaranna urusan agama mah pasti moal jauh ti dalil kitab atanapi sunnah nabi. Ari sisi ilmiah nu ditlik ti elmu pulitik atanai elmu sajarah mah perspektif kanggo analisa nu memperkuat hungkul. Mun nu kieu mah jigana kudu ku ahlina. Uing mah ngan ukur maca hasil kajian maranehna. Kuring meunag beja, cenah MUI Pusat rek ngaji Syiah dugi rengse. Fatwa MUI tahun 1984 tentang Syiah geus kadaluarsa. Pan awal 2012 ketua MUI pusat Prof Umar shihab nyebutkeun Syiah ajaran nu sah dalam Islam. Mun ditlik dina dunia buku mah kajian Syiah geus aya ti Quraish Shihab nu judulna "Mungkinkah Sunnah Syiah bergandeng tangan?" diterbitkeun ku Lentera hati jakarta. Aya oge ti oleh para ahli Lembaga Ilmu Pengetahuan Indonesia yang diterbitkan ku Mizan pada 2000 dengan judul “Syi'ah dan Politik di Indonesia: sebuah penelitian”. Buku ieu ditulis oleh para ahli seperti A. Rahman Zainuddin,M. Hamdan Basyar, Azyumardi Azra, dan lainnya. Dari: Gus Maman <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Selasa, 10 Januari 2012 10:18 Judul: Bls: [kisunda] Diskusi imamah Cape deh, lamun diskusi muter-muter dina dalil dilawan deui ku dalil, pas disuksruk jeung disrok-srok kumaha kanu/dinu implementasi, LEUPAS TANGAN. Paribasa mangga nyanggakeun ka sewang-sewangan. Jelema anu resep cicing atawa ngeunah dinu MENARA GADING (yang tak retak) terus nutup panon kanu realitas jeung kanyataan nu keur lumangsung. Betah ngalamun di zaman baheula siga manehna nu geus ngalaman. ------------------------------ Pada Sen, 9 Jan 2012 14.08 ICT Ahsa menulis: >tah sual ieu mah jigana mah geus pengembangan tina bab kawin mut'ah. >mangga Kang Zen geura guar perkawis sahabat atawa imamah > > >Dari: Gus Maman <[email protected]> >Kepada: [email protected] >Dikirim: Rabu, 28 Desember 2011 14:38 >Judul: Re: [kisunda] Diskusi Nikah Mut'ah > > >Tiasa janten kitu Ki Hasan. Bruk-brak teu sumput salindung. Ngan mun bisa mah >ulah >make basa inggris, "Mut'ah Service Center", apan ieu mah keur urang sunda. >Naon nya pibasaeun nana teu wasa ari nyebut Puseur Heuxxxt...Terpadu kitu ?. > >(*jadi kapikiran naha teu meunang jorang nya? kumaha riwayatna jeung naon >sababna ?) > >Salam > > >--- On Wed, 28/12/11, Ki Hasan <[email protected]> wrote: > > >>From: Ki Hasan <[email protected]> >>Subject: Re: [kisunda] Diskusi Nikah Mut'ah >>To: [email protected] >>Received: Wednesday, 28 December, 2011, 2:11 PM >> >> >> >>Maksudna aya samodel "Mut'ah Service Center", kitu Kang Gus Maman? >> >> >>2011/12/28 Gus Maman <[email protected]> >> >>Geus kasawang ti anggalna bakal "perang" dalil, bari ditungtungan >>implementasi mah kumaha sewang-sewangan.Teu aya maksud kanu praktek. >>Ceuk kuring oge keur naon atuh ngadalil lamun euweuh hubungan na jeung >>praktek kanyataan ayeuna. >> >>Atuh lamun wani mah sakalian jeung contoh na, umpamana dina mangsa ayeuna >>ceuk shiah dina raraga ngaberantas Pagawe Sek Komersil nu liar terus laju >>dijieun aturan petunjuk teknis Kiwin Mut'ah kedahna kitu kedahna kieu. >>supados nyareat. >>(jadi sing saha bae anu arek ngawayuh teu jadi ngawayuhna pedah di ajaran >>shiah mah geuningan aya jalan kaluarna. ha.ha.ha.. ceuk uing loba urang sunda >>anu bakal asuh shiah ha.ha.ha..) >> >> >> >>Salam >>--- On Wed, 28/12/11, Mohammad zen <[email protected]> wrote: >> >>Assalamualikum wr wb. >>Ningali pendapat2 di milis ieu teu aya pendapat anu ngawangun , mungkin aya >>sabagean...punten sakali deui... yen pembahasan ieu pembahasandalil ilmiah >>wungkul teu aya maksud kanu praktek atawa sanesna eta mah balik deui ka >>mukallah... >>teu aya hubunganana perihal aya ataw henteuna nikah mutah dina syareat jeung >>dek ngamalkeun atawa henteuna..kulantaran nikah mutah sanes wajib... >>jadi urang kedah balik deui kana prasyarat diskusi awal, yen maksad diskusi >>ieupikeun ngabuktikeun dalil kebaradaan nikah mutah kedah na mah aya >>tanggapan dalil deui boh anu ngabantah boh anu henteu ku dalil deui, sanes >>ngalur ngidul.. >>nya ari euweuh faedahna pembahasan ieu urang ganti topik pembahasan anu kadu >>lah... naon nya... ? sahabat nabi kitu atawa kepemimpinan menurut versi suni >>jeung syiah? >>mangga di bukakeun pendapatna... >>wassalam >>Zen
