he3 jigana mah langkung keuna mah lain "dien"; sabab eta mah makna agama, pan sami Islam. jigana mah 'amaluna amalukum' nya mun beda paham agama mah.
heueuh... abdi oge dugi kiwari can bisa maca Quran nu bener jeung loba pisan omeaneun teh widang amaliah mah. Kang SP, diskusi nu dikeureuyeuh mah anggap bae saling buka diri; saling ngabewarakeun paham na masing2 jeung argumen2na. abdi mah ngantosan hasil kajian MUI... hoyong terang dugi kamana ya. ________________________________ Dari: Sp Saprudin <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Selasa, 10 Januari 2012 15:24 Judul: Bls: [kisunda] Diskusi imamah (MUI rek ngaji Syiah) O.k. Ahsa, kuring komentar sampe didieu bae, keun urang beda paham, meureun konsepna teh LAKUM DINUKUM WALIYADIN" nyah? Urang ngadu argumentasi ceuk si A kieu ceuk si B kieu, naha urang geus bisa ngamalkeun agama pikeun diri sorangan jeung kaluarga? Ieu urang padungdeng urusan ageman, tapi pamajikan jeung anak katular taler teu bisa maca al Qur'an acan? Coba urang koreksi yu? Dari: Ahsa <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Selasa, 10 Januari 2012 15:16 Judul: Bls: [kisunda] Diskusi imamah (MUI rek ngaji Syiah) tapi rerea na mah ulama syiah nolak. duka tah abdi mah henteu nyaho. jigana mah eta oge kait2keun jeung disandarkeu ka ulama syiah. pan aya jelema nu ngaku kaluar ti syiah jieun buku Mengapa saya Keluar dari Syiah. Ari dipaluruh teh geuning jelema bohong. Jiga di nagari urang aya nu nyieun situs syaihindonesia tapi eusi na mah pan ngjejeleh syiah. abdi mah yakin yen Ibn saba teh fiktif sabab luluhurna sareng ayana oge diasupkeun ku Saif bin Umar at-tamimi tuluy dikarutip ku Taimiyah jeung sejenna. Jigana mah nu ngarutip teh can ngalakukeun studi kritik historis. Sugan jeung sugan MUI jeung LIPI daek nalungtik deui eta sumber nu dikarutip ku ahlussunah. Kitu oge studi kritis ka pemikiran syiah. jadi, ceuk abdi mah MUI oge kedah ngalanjutkeun sesudah Syoah dikaji dituluykeun ngaji sumber Sunni: bener teu dasar Islam teh Kitabullah sareng Sunnati; leres teu Sunnah Rasulullah, lain sunnah sohabat sareng ulama. Dari: Sp Saprudin <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Selasa, 10 Januari 2012 15:06 Judul: Bls: [kisunda] Diskusi imamah (MUI rek ngaji Syiah) Ahsa, tapi uing rada teu ngarti, aya sabagian Syiah nganggap yen Ibu Saba tokoh fiktif. Mun eta tokoh fiktif, naha aya pandapat ulama Fiqh Syiah anu ngarana Sa'ad al-Qumni nyebutkeun sacara gamblang yen Abdullah bin Saba' nyaeta saurang anu mucunghulkeun ide dina mikanyaah ka Ali bin Abi Thalib ra. sacara kaleuwihan jeung moyok jeung nyaci ka para sahabat Nabi Saw. saperti Abu Bakar ra. Umar ra. jeung Usman ra. Kutipan ngenaan Abdullah bin Saba oge ditulis ku guru besar Syian An-Nukhbati jeung al-Kasyi anu negeskeun yen Abdullah bin Saba nyaeta saurang Yahudi anu saterusna asup Islam. Dasar tina kayahudianana, manehna ngagambarkeun yen Ali bin Abi Thalib ra. sanggeus wafatna Rasulallah Saw. salaku Yusya' bin Nun anu menang wasiat ti Nabi Musa as. Mun eta tokoh fiktif, kuduna aya bantahan ka pandapat Sa'ad al-Qumni. Samantara dianggap eta tokoh dianggap fiktif, na kunaon pandapat Sa'ad al Qunni dijadikeun refernsi ku kaum Syiah. Ahsa eta anu jadi teu ngarti uing, ceuk paribasa "Dipoyok dilebok". . Dari: Ahsa <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Selasa, 10 Januari 2012 14:55 Judul: Bls: [kisunda] Diskusi imamah (MUI rek ngaji Syiah) kusabab fiktif jadi teu jelas keur uing mah. pan dijieun2 ku saif bin umar tamimi. kudu na mah si saif nya? sok ah pan SP nu yakin yen ibnu saba teh lain fiktif. Dari: Sp Saprudin <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Selasa, 10 Januari 2012 14:40 Judul: Bls: [kisunda] Diskusi imamah (MUI rek ngaji Syiah) Kuduna mah anu ngajentreukeun teh maneh, pan maneh Paham Syiah pasti nyaho kana silsilah Ibnu Saba, lain kitu jang? Dari: Ahsa <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Selasa, 10 Januari 2012 14:23 Judul: Bls: [kisunda] Diskusi imamah (MUI rek ngaji Syiah) Heueuh saena mah kitu kudu ajeg. Punten hoyong terang aya teu luluhurna Ibnu Saba. pan Abdullah teh anakna Saba. Ari Sabasaha luluhurna. Mun Imam Ali pan jelas luluhurna sarua jeung Kangjeng Nabi. Paingan percaya ka Rasyidi mah. Anjeuna mah anti pisan ka Syiah :-) Dari: Sp Saprudin <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Selasa, 10 Januari 2012 14:17 Judul: Bls: [kisunda] Diskusi imamah (MUI rek ngaji Syiah)
