Saenyana Jalma geus sehat, teu ngarasa naon2 deui tapi
manehna api2 masih teu ngeunah badan, lantaran hayang lila milu di dinya. 


Sanggeus tilu poe, Tuan Besar datang; nu disebut Tuan Besar
teh nya eta Tuan Hendrik, Kawasa eta Kebon Teh; manehna ngadenge yen aya pamuda
nu geus nulungan ka anakna; terus we Jalma dipanggil. 


Jalma bari rada era, terus ngadatangan, tabe Tuan cek Jalma. 

“Diuk !” Cek tuan besar pondok. Tapi kaciri budina marahmay. 

( Tuan Besar = Big Boss ) 

Manehna diuk na korsi nu dituduhkeun ku Tuan Besar; modelna
model jojodog tapi jangkung. Ari Tuan Besar nu ngaranna Hendrik diuk na Korsi
nu empuk jeung alus pisan. 


“Eeee kowe punya nama siapa hah !?” 

Jalma rungah ringeuh teu ngarti.  


Tuan Hendrik pok ngomong deui ku Basa Sunda nu rada
dipaksakeun; da ngarti oge saeutik ieu tuan besar ka na Basa Sunda teh:” Eeeee
sia punya ngaran siapa hah ?!”  


“hehehe........... Jalma Tuan Besar.........; ngaran uing
Jalma.” 


“Eeee......... kowe punya nama ........ eeee Jalma..........
gud !” 

“Eeee kowe Jalma, sudah tolong kami punya anak si
Bella...........kami eee  

Danke sama kowe; perbuatan kowe ada bagus.” 

Jalma ngan ngahuleng we teu ngarti naon2. 


“ eee Bella kesini; lagi vakansi; sekolah di Batavia.........
si Bella eee harus masuk sekolah lagi, en .......... mao cepat2 pulang, eee
kuda dia punya kereta ada ngamuk. Eee 
hampir si Bella cilaka. En kowe datang .” 


Jalma unggut2an we, bari loba nu teu ngartina; Tuan Hendrik
nyarita deui:”Waktu ini, kowe eeee musti banyak belajar; kowe bakal Tuan kasih
ee Guru Privaat, mao ?” 

Jalma manggut bari teu ngarti. Tuan Hendrik pok ngomong
deui:”Gud ! Gud ! kamu orang musti rajin belajar   eee 
kowe bakal jadi pintar !” 


Isukna enyaan Guru privat teh datang, Jalma mimiti diajar
Basa Melayu; karek ge 3 poe geus lancar pisan; terus pelajaranana ditambahan ku
ngitung jeung maca; rada mandek oge; da loba lieurna; tapi sanggeus saminggu
mah Jalma lancar pisan; guruna muji pisan, yen cenah Jalma calakan; tuan
Hendrik manggut2; atoheun lantaran Jalma nyata teu nguciwakeun. 


Ayeuna Jalma mimiti saeutik2 diajar NULIS Latijn. Di hal ieu
oge Jalma kaciri calakanana; gurunaa oge mani gogodeg, ti na teu nyangka Jalma
sakitu cepetna majuna. Jeung diajar naon wae gancang pisan bisana, bari sakali
disebutkeun langsung inget. 


Di na hubunganana jeung Ma emeh, kitu Jalma nyebutna ka Nyi
Emeh babu di dinya; Jalma osok oge ngobrol sautak saeutik; tapi di na hiji
waktu; Jalma nanyakeun soal Leuwiseeng; eta Ma Emeh mani ngaburilek, panonna,
siga nu ambek pok ngomong:”Maneh teu kudu nyabit2 ngaran eta tempat; aing
embung ngadengena ge !” 

Rada heran oge Jalma, naha ieu Nyi Emeh teh, boga kasuat
kaseuit soal Leuwiseeng ? beuki tarik sangkanana Jalma, yen eta Ma Emeh teh
enyaan indungna; manehna beuki ngahormat jeung nyaah ka Nyi Emeh; kitu deui
sabalikna; duka kumaha Ma Emeh kaciri siga nyaaheun pisan ka Jalma. Selang2 ti
na diajar Jalma sok ngabantuan Ma Emeh, boh kukumbah piring, boh sasapu; tapi
nu Jalma rajin pisan nya eta ngurus taman. Kaciri Tuan Hendrik oge atoheun
nempo Jalma sakitu rajinna.
HAnca
 

Kirim email ke