Na hiji poe Bella balik ka imahna di Puncak, cenah mah aya
pere rada panjang; manehna atoheun nempo Jalma geus bisa Basa Melayu; jeung
cenah cek bapana Jalma teh “CERDAS” pisan. Pasosore Bella nyampeurkeun ka
Jalma:”Eeee Jalma , kamu orang sudah mandi ?”  

Jalma:”Sudah Non.Apa ada keperluan !?” 

   

Episoe ke 26 Ka Batavia 

   

Bella:”Nay............. kamu orang musti belajar Bahasa
Belanda , Hollands sprechen.” 

Nya dua poe diajar we terus Basa Belanda; masing can ngarti
pisan, tapi sautak saeutik mah ngarti Jalma teh. Sanggeus dua poe aya di
Puncak, Bella balik deui ka Batavia; tapi balikna cenah hayang dianteur ku
Jalma; bari sakalian dibere kamus engke geus di Batavia mah cenah, ayeuna can
kabawa.” 


Tuan Hendrik ngidinan “Inlander Jalma” nganteurkeun Bella,
lantaran cenah Jalma bakal bisa jadi Inlander yang Intelek. Jadi Tuan Hendrik
bisa percaya ka Jalma. Unggal2 balik pakansi, Bella teh dikawal ku ampir
sapuluh upas; nu lengkep senjatana; lantaran cenah Tuan Hendrik sieun aya 
pengacow
di jalan megat perjalanan Bella; ayeuna ge kitu; eta Upas teh enyaan karuat
pisan, lumpat nuturkeun kareta nu dibawa ku opat kuda; hartina eta upas teh
rata2 lain sambarangan elmuna; da moal mungkin kuat nyusul kuda ari lain
latihanana kuat mah. Upas2 teh teu milu naek ka Tonggoh; aya POSna  rada jauh 
sanggeus turun ti Puncak; nu matak
waktu aya kacilakaan, si Upas teu nulungan, da rada jauh. Tapi memang salila
ieu can ngajaran Bella papanggih jeung nu wani megat ka manehna; lantaran
pangawalna ge salian ti senjatana lengkep; oge maranehna rata2 dilatih kuat
lumpat tarik jeung tahan lila.Jalma bari milu na kareta; sok ngagentenan kusir
nu kaciri capeeun. Atuh kusir jeung Bella atoheun Jalma bisa ngusiran. Dina
perjalanan ieu, lolobana Jalma paduduaan jeung Bella, nu ngobrol make Basa
Holland sprechen. Mun Jalma loba nu teu ngartina; dibantu ku Bella ku Basa
Melayu nu rada acak2an. Nya ahirna komunikasina lancar oge. Ngan Jalma sering
“nyakakak” telat wae; lantaran carita Bella nu lucu kakara kaharti sanggeus
samenit dua menit Bella nerangkeun. Bella sok nyeungseurikeun oge kalakuan
Jalma; tapi muji oge na hatena, yen Jalma teh enyaan “cerdas” jeung teu matak
ngerakeun, teu kampungan, enya ge urang kampung.
Hanca
 

Kirim email ke