Teu wudu Lohor geus tepi ka Bogor; bari ngaliwat Bella meuli goreng taleus bogor; enyaan ngeunah eta taleus Bogor teh. Di Bogor Jalma permisi heula rek kacai cenah. Ah Inlander beser, bari seuri heureuy Bella nyeungseurikeun. Padahal Jalma ngaleos ka Tajug nu deukeut di dinya terus shalat lohor; bari di Qosor Jama jeung asar. Ah jij te laat; beser sekali kowe !” Tapi ku Basa walanda. Jalma mah ngan ukur bisa mesem. Gurudag deui wae kareta nuju naar Batavia. Caritana nepi we ka Batavia; di perjalanan nuju ka imahna di Batavia, Bella eureun heula di hiji Toko nu gede, nu bogana CINA; eta si China kaciri atoheun pisan didatangan ku Bellaa van Holland teh; mani manggut deui manggut deui; ti sabarang pas asup oge. “Hayyaaah, nona besal........ masup nona......... kita olang disini sedia banyak balang; nona mao apa saja ; kami olang ada sedia. Mali mali.......... masup.” Bella:”Koh, sediakan 3 stel pakean buat abang ini.” Bari nunjuk ka Jalma. Babah :”Ala....... ala........ mali Bang ; abang boleh milih yang mana saja ; Owe ala sedia.......... yang Putih, yang Hitam, bahkan yang kuning pun alaa.” Jalma kudu milih 3 stel sakaligus ; nya manehna milih we; terus cenah asup ka kamar pas; dititah ganti; aya kacana; saumur kakara ayeuna ngeunteung; rada ngagebeg oge nempo kalangkang manehna sorangaan; euleuh rupa aing teh kieu simanahoreng; ari biasana mah ngeunteung teh paling ge di balong; rada nyerengeh oge manehna teh.” Geus kitu Jalma kudu nyobaan sapatu; aduh naon deui eta teh ? Kitu pikiran Jalma, bari bingung; nya terus we ahirna aya nu pas; geus kitu dibere hiji deui tilam suku teh; cenah ngaranna sendal; padahal di lembur mah nyieun sorangan, cukup ku bakiak. Sanggeus kitu, manehna ge dipangmeulikeun tas kulit ; ulah mamawa buntelan wae era, cenah cek Bella. Nya manehna ngasupkeun buntelanana ka na tas teu wudu bisa asup oge; gorehel aya Bros; euh ieu geuning pamere ti Syarifah. Euleuh urang ayeuna rerendengan jeung Nona Bella; keun we ah ieu mah da dunungan, piraku bujang wani ka dunungan; kapan baheula ge jeung nden sari, si sarwa mani ambek; hehehe. Kaluar ti toko bari ngajingjing tas kulit weuteuh, make pakean sarwa weuteuh, teu wudu Jalma jadi ganteng pisan. Si bella nepi ka cek cekan nempo Jalma ginding kitu mah; terus ayeuna mah wani ngaleng Bella teh ka na leungeun Jalma; Jalma mani ngadegdeg, da saumur dumelah kakara ayeuna digandeng ku awewe; mangkaning ieu mah nona Kumpeni; tapi teu wani Jalma ngejetkeun leungeunna da bisi Bella kasigeung. “Jalma, u kudu ngaleng cangkeng Ik bawa ka na kareta.” Cek Bellaa ku Basa Holland. Adduh, Jalma ngadaregdeg, tapi da titahan si Nona, nya Bella dikaleng, atuh mani nangkel2 wae Bella ka Jalma teh, da waktu ieu mah Jalma teh Ganteng; masing enya Inlander oge. Dius deui wae kareta nuju ka Kota, sajajalan bella muji2 Jalma ku Basa Holland; wah maneh ganteng Jalma; pasti babaturan Ik loba nu cak cek nempo jij teh, tapi Niet gede hulu, urang Holland leuwih loba deui nu ganteng ti batan jij, hehehe.” Jalma ngabetem we, teu ngomentaran naon2. Ahirna nepi we ka Imahna di Batavia. Di Bagian Senter Regency ( ayeuna mah Menteng ). Langsung dibukakeun ku dua bedinde; terus abus hariweusweus; ti jero kaluar Mevrouw Lidya:”ah Bella Mijnhart! Lila pisan maneh nemonan Papa teh ? kumaha sehat ?” Ngobrolna ku Basa Holland. “Papa Damang mah; ayeuna keur nguruskeun bibit Teh anyar cenah dikawinkeun jeung teh Assaam, Hindustan; jadi paling ge saminggu deui Papa uihna teh.” “Eta si papih mah ngan sibuk jeung sibuk we; nguruskeun Tehna; leuwih ti nguruskeun anak; keun we nu penting mah aya maneh Bella.” Bella seuseurian, pok ngomong deui:”Ma, Bella boga batur ti perkebunan, engke Mama ge bakal kaget ningalina.” Terus we Bella ngageroan ka Jalma:” ieu tah Ma, babaturan Bella teh.” Lydia :”Mijn Gott ! memang ganteng Bella, tapi manehna Inlander zeg !” (baca seh; nu ahirna jadi sih ku urang betawi) Bella:”Tapi ieu mah Inlander istimewa ma, pek we ke ge Mama bakal terang.” Lidya:”Hehehe, masing istimewa kumaha bae tetep we inlander !” Bella:”Ulah tarik teuing atuh mom nyariosna; manehna ge ngartieun basa Holland !” “Wat !? pardon ? ku maneh diajar eta Inlander teh ? dadaekanan Bella?” Bella:”Ah Mom teu terang riwayat , ieu Jalma teh kungsi numbu umur Bella , mun henteu mah Mom moal panggih deui jeung Bella.” Lidya:”Ku naon kituh ?” Derekdek we Bella ngadongengkeun kacilakan tea. Sajeroning ngadengekeun Ieu mamana Bella, mani renghap ranjug; sababaraha kali nyebut. Gott ! Gott, cenah. Geus kitu mah si Lidya ge kaciri rada ngahargaan ka Jalma. Terus we si Nyonya besar teh nyarita ku Holland Spechen ka Jalma; tapi masih basa sapopoe tea; model kumaha damang , jst. Atuh Jalma ge bisa ngawalonan kalawan tepat pisan. Gud Gud cenah si Ibu Lidia komentar. Terus we Jalma dibere hiji kamar tamu nu lumayan alus, da dihormat lantaran cenah Jalma geus nulungan Bella. Hanca
