Episode ka 27 – Di Batavia 

     Dua
poe Jalma aya di imah Mamana Bella nya eta Lidya, rada ngarumas oge, enya ge
manehna teu cicing; manehna nyiram kebon kembang nu lumayan oge legana, make
selang jeung dihareupna panyiramna alus pisan; siga teko caina mancawura ka
ditu ka dieu; alus pisan keur nyiram teh. 

Ku sabab memang Jalma lain jelema nu
males2an, naon oge dicabak ku manehna; atuh Mamana Bella oge resepeun ka ieu
Inlander teh; ngomongna ge cenah een gud Inlander. 


Poe katiluna Jalma bebeja rek jalan2 cenah, nempo kota; make
pakean biasa teu make Pantalon, ngan ayeuna mah mamake sendal Jalma teh; kagok2
ge dipake bari satengah digugusur, lantaran teu biasa tea. Mama Lidya terus
ngomong ku Basa Blanda, yen memang hade keur Jalma jalan2, bari kusiwel mere
duit keur jajan cenah, 10 Gulden ! Jalma rada kaget oge, da gede atuh eta duit
sakitu teh lain keur jajan, keur dahar sabulaneun ge cukup. Nya ditolak ku
Jalma. Tapi Mama Lidya maksa, bari rada ambek; nya atuh Jalma eleh geleng,
terus we ditarima. 


“Ati2 di jalan, sok aya rajeun pengacow.” Omongna mapatahan,
bari kaciri nyaah ka manehna teh. Leos we Jalma indit bari mawa bungkusan,
palekat jeung kopeah , bisi kalohoran di jalan. Manehna nengetan Jalan2, bisi
sasab mun engke balik deui. Imahna ngaranna Jalan Jambu ( Jambu Weg ); ngaliwat
saeutik asup ka jalan rame jeung gede Cikini cenah. 

Bras Jalma motong jalan, ka
jalan leutik nya eta Gang Kenari cenah ngaranna. Bras we ka Salemba; loba
jelema kuli keur digarawe di jalan; ditanyakeun keur naon; rek nyieun jalan
trem cenah. 


Trem? Naon nya trem teh ? Jalma can nyaho naon ari nu disebut
trem teh. Jalan di dinya gede pisan; ditanyakeun ngaranna cenah Salemba Weg; nu
terusna ka Matraman Weg. 

Malik ka kenca eta teh jalan nu busna ka Pasar senen.
Tah rek ka pasar ah hayang nyaho; da salila ieu encan ari meleg2 ka pasar mah;
nya gidig we Jalma nuju ka Pasar Senen. 


Enya we rame geuning pasar teh; nu balanja loba, nu daragang
ge loba pisan; aya oge hiji dua nu musafir; malah Jalma ge mere ka nu musafir
teh. 

Keur kitu aya ibu2 tulung2an cenah aya copet; copetna kabur manten.
Disampeurkeun we ku Jalma; ibu2 teh siga nu bingung pisan, rek balanja duitna
kacopetan; terus we ku Jalma eta ibu2 teh dihibur jeung sok we dibere duit
saringgit, mani atoheun eta ibu2; nganuhunkeun sababaraha kali; terus dianteur
sakalian ku Jalma ka jero pasar; manehna balanja rupa2, cenah keur jualeun deui
da si ibu teh tukang warung, 

Nya dibantuan sakalian ku Jalma; nepi ka
dianteurkeunana pisan ka imahna; da teu pati jauh imahna teh cenah, deukeut
Sentiong. 

Ari nu disebut Sentiong teh, nya eta tempat kuburan Cina. 

Barang geus asup ka Gang nu deukeut ka imahna, ti kajauhan si
ibu nu ngaranna Pok Mineh geus cecerewetan:”Eh Atun, cepetan luh kluar ; nih
gua berat rebo banyak bawaan.” 


Nu disebut si Atun teh, kaluar umurna nya kira2 16 taunan ,
rada kaget oge nempo Jalma mangmawakeun babawaan emana. 


“Nyak, ini siape nyak ?” 

“Oh iye lupe, eh Tong, nama lu siape ?” Si Mpok Mineh nanya
ka Jalma. 


Si atun bari merengut, nyalahkeun indungna:”Enyak sih, udah
dibawain ntu barang, eh name aje lupe nanya! Maafin ye Bang nyak  !” 


Jalma:”Iyah tidak apa apa ?” Jalma ngajawab ku basa Melayu. 


Atun:”Oh Abang bukan orang sini ye ? Abang dari mane ? yo
mampir dulu Bang.” 


Jalma diuk we di na bangku nu aya hareupeun warung; barang
gek barang solongkrong we teh manis disodorkeun ku Nyak Emeh:”Tong, lu gak usah
bayar; yang Tong kasih sudah sangat banyak, Ibu gak bisa ganti.” 


Jalma:”Ah tidak apa2 Ibu; antar manusia kita kan harus saling
tolong.” 


“Alhamdulillah, aku heran aja, baru kali ni gua ketemu anak
mude bagus sekali kelakuannye; makan ye Tong ? tuh dengan tumis kacang, dan
ayam goreng ? 


Jalma memang geus lapar nya narima we, mani atoheun pisan si
Ibu Mineh Jalma daek dahar di dinya. 


Sanggeus ngobrol rada lila; Jalma pamitan, ditahan ge teu
daek. Keur kitu nyampeurkeun hiji pamuda, nu titatadi diuk deukeut warung, 
ayeuna
pipilueun ngomong:”Heh pok Mineh ! Mpok pilih kasih ye ? gua mau ngutang aja
ditolak mulu; eh ini anak Udik baru dateng, bayar aja kagak, malah mo diambil
mantu!” Sambil ngelirik ke si Atun. 


Kontan si Atun:”E eh Bang Kirin, kire2 dong kalo ngomong !
aku ketemu aja baru sekali ni; ngomong abang udah ngawur! Eh Bang , Abang mabok
ye !?” 


Kirin:”Mak di kipe ni anak ! Tuh anak udik gua benci liat
cecongornya; kepala gede, tahu gak ? Orang udik tuh lagaknya doangan, sekali
tindes juga megap2.” 


“E eeee abang jangan ngomong gitu Bang, ntu kan tamu Atun.” 

Keur pacental cental kitu, Mpok Mineh kaluar, gantawang we
nyarekan laklak dasar, bari terus ngusir si Kirin; si Kirin harita keneh
langsung birat. 


 Jalma ngaleosna teh ka Masjid nu aya di dinya
Masjid Kram

Hanca

Kirim email ke