Jalma ngaleosna teh ka Masjid nu aya di dinya Masjid Kramat cenah. Terus milu berjamah; tapi ari kaluar sendalna leungit; rupana ku sabab anyar keneh, jadi dipaling. Rada kukulutus oge Jalma, sabab karunya ka nu merena. Nya terus we neangan toko ; nya meuli sendal nu ampir sarua jeung nu geus dibeuli; ti harita Jalma rada ati2 mun neundeun sendal atawa naon bae; lantaran geuning di Batavia mah, loba pisan jelema; jadi teu bisa katangar naha jelema nu abus ka masjid teh rek salat, atawa rek nukeurkeun sendal. Jalma purat perot ka Pasar deui; da hayang nyaho, aya naon deui. Jalma nempo Hiji jelema Kumis baplang, make baju jeung calana Pangsi nyoren bedog; keur muntir2 kumis; keur kitu rajol nu daratang; nu daratang teh sak sok mere duit; tapi aya hiji disentak ku ieu si kumis baplang:”Heh maneh ! Memet siah ! Naha geuning ngan saketip sia setor teh; sarerea oge setor teh 2 ketip; lain dipunjulan siah jadi satalen, malah kurang ?!”Ngomongna basa betawi. “Maaf Bang ! hari ni aku rada apes; hanya dapat 2 ketip; jadi ya tuk makan aye manna donk !” “Itu urusan luh ! Yang jelas lu musti bayar ke gua 2 ketip. Tapi biar hari ni kumaapin deh; besok jadi 3 ketip ! Awas kalo nganglap lagi luh !” “Iye iye Bang, makasih Bang.” Ceuk si Memet bari ngaleos. Wah aya oge geuning jelema nu usahana model kieu ? Wah eta teh pasti ti na males digawe tea. Cek pikiran Jalma waktu harita. Balik2 Jalma waktuna salat asar. Isukna Jalma indit deui ayeuna mah ka pasar tenabang. Kitu urang dinya nyarebutna, nya eta Tanah abang tea. Di dieu pribumina leuwih loba, ti batan di Ps. Senen; lolobana Cina. Ari di Ps, Tanah abang mah, loba oge urang Sabrang, jeung urang Arab. Lolobana urang Arab mah nawarkeun Palekat nu Luntur tidak dijamin tea, jeung minyak wangi. Aya urang Sabrang, nu rada lucu cara nawarkeun barangna; Jalma ge milu ngarogrog lalajo ka dinya. “Iko dijual murah; ado hadiahnyo; ado pulo tambuahnyo. Ayo ayo beli , beli. Cubo ciek ; baiko ado tambuahnyo. Urang Padang cenah mah, manehna nawarkeun calana jeung baju, nu sigana mah ampir sarua jeungnu dijual di toko; ngan ieu mah sigana barang afkiran; tapi lumayan oge; dijualna 15 senan. Pek teh enya we aya nu meuli hiji baju, hadiahna 2 baju. Euh hartina mah ieu harga baju rata2 5 sen; mere hadiah; jadi leuwwih cepet laku; pinter oge ieu urang padang teh? cek Jalma di na hatena. Keur kitu jol we hiji jelema nyampeurkeun ka eta urang Padang; nanya bari rada maksa:”Hayoh sudah siang nih, ayo setoran hari ni mana ?” Urang Padang:”Aduh maafin ambo Bang; ambo baru laku ciek; besoak baru ambo kasih Abang .” “Ah dari tadi gue liat luh laris; ayo bayar biasa; kalau nggak ! keeek. Cek si eta jelema bari leungeunna digariskeun ka na beuheungna. Nya atuh kapaksa; si Padang mayar 2 sen. Geus hasil mah leos wae eta nu sok mementa maksa teh ngaleos; terus deui datang ka tukang buah; Jalma ngahaja nuturkeun hayang nyaho; kamana eta jelema teh inditna. Ari pek teh samodel di Ps. Senen di dieu oge aya oahna; ngaranna Bang Sapri cenah, Ieu mah teu baplang, ngan panonna sigana kaciri galak, jeung euweuh semu2 ramah atawa daria; estu si beungeut kaleng teh enyaan. Jelema nu dituturkeun ku Jalma song we mere 15 sen; ceprot ! aduh ! langsung digaplok ! Heh luh mau nipu gue ya ? Nape lu embat 5 sen hah !?” “Ah enggak Bang, mana berani aye; aye lagi sial ni ari; cuman dapet segitu gitunya tu Bang. Sumpah Bang cuman dapet segitu !” “Lu mao gua gaplok lagi !? Junet ! Awas lu , gua bebasin lu ni ari; besok luh jadi stalen !” “Iyya iyya Bang ! Makasih Bang.” Si Junet langsung we ngoloyor da sieun digaplok deui. Ku sabab Jalma masing ti kajauhan oge, tapi jelas kaciri pisan, nempo eta kajadian, teu kanyahoan aya nu nyangpeurkeun ti tukangeun, nepi ka Jalma rada reuwas:”Heh Tong, Lu urus, urusan sindiri, terus mo kemane luh mao jangan bediri disini? Jangan peratiin orang lain, tahu !? sana lu pegi jauh2 !” Jalma api2 sieun, terus we mindik2:”Iyya iya Bang, aye kebetulaan lagi iseng.” Si Jelema ngomong deui:” iseng2 ! Gua kepret luh baru nyaho ! awas luh kalo besok datang lagi kesini, beneran luh nyari susah. Pegi sono !” Jalma terus we indit, jeungna deui kadenge azan Lohor, terus we ka Masjid. Jalma seuri na hatena, wah loba pisan di ieu pasar nu beberengkeng eceng; padahal sakali kepret ge moal teu ngajungkel; mani asa gararateul ieu leungeun. Aeh naha siah Jalma, make boga pikiran teu bener ! geus alus kalakuan maneh ayeuna teh, maning ge ngelehan, ulah neangan urusan. Cek di na hatena. Ku sabab geus lapar leos wae manehna ka warung Pok Mineh; di Sentiong; saenyana mah ti Tanah Abang ka Sentiong rada jauh, jeung di Tanah Abang ge loba Hanca
