Si gundul nyentak tarik pisan:”Eh ganjen ! Diem luh.”bari
terus we eta duit nu keur dicecekel rek dipulangan teh direbut. Nepi ka Atun
jejerewetan. Nempo kajadian kitu mah Jalma teu bisa cicingeun, terus
nyentak:”Heh Bang ! kasih kan tuh duit ke Atun.’ 

Nu tiluan:”Hahahaha ! Kalo kagak, mo ape luh !?” 

Jalma masih sabar:”bang kembalikan sebelum nanti menyesal.” 

Nu tiluan kalah ka seuseurian, terus we si Gundul nyentak:”Eh
Tong, luh punya nyawa berape hah berani2 ngelawan Gua ? Nih Golok nyang gua
soren bukan hiasan tahu; ntu bakal ngisep darah elo ! Tahu !? Mentang2 kita
sabarin, elo mo ngelunjak ya !? Ayo minggat dari sini !” 

Jalma langsung wae nangtung, terus nyampeurkeun ka nu tiluan:”Mau
kembaliin gak ?” 

Nu tiluan rada kaget oge, wah ieu budak ngora teh meureun aya
eusian oge; tapi maranehna geus kapalang terus wae pak pik puk nyabok ka Jalma;
tapi hiji ge euweuh nu keuna; terus ngan sakilat tiluanana geus ngajarongkeng.
Nu Tiluan mani kaget campur reuwas laju mesat bedog. Jalma ayeuna mah nu
seuri:” Hahaha ! Jangan main2 dengan senjata, nanti kamu orang akan lebih
celaka lagi.” 

Rada ragu2 sakeudeung, tapi ahirna nu tiluan terus ngubat ngabit
bedogna; tapi ngan sakilat eta bedog tiluanana geus direbut ku Jalma; terus
sakali deui ting jarongkeung; Jalma ngalungkeun eta tilu bedog ka nu bogana
mani persis ampir keuna ka na badan maranehna; atuh kesang tiis mani ngucur; si
Gundul mah komo wer2 kiih pisan. Ayeuna maranehna kakara sadar, yen maranehna
“ketemu batunya” ; panggih Jeung Pendekar nu ngora keneh. 

Maranehna terus we ampun2an jeung rek mulangkeun deui duit
Atun. 

Terus geus kapalang Jalma mariksa kantong2 maranehna; loba
oge duitna; terus we Jalma molotot:”Eh kamu orang tidak mau bayar; padahal kamu
orang ada duit di saku ! Hayo sekarang bayar ! Semuanya.” 

Si Atun milu ngomong, bari bungah tapi oge reuwas, sanggeus
nyaho yen Jalma teh “Jagoan :” Iyah tuh Bang, nih orang tiga nih banyak 
hutangnya;
bayarnye sekali; ngutangnya berkali kali.” 

Jalma:”Hayo bayar semua !” 

Ahirna nu tiluan kapaksa mayar; bari na hatena ngageremet
hayang males. Terus we gancang kalabur ti dinya. 

Barang Pok Mineh datang, manehna kaget, terus ngomong:”Wah
ini pertanda gak baek, eta gorombolan Klabang Item pasti bakal balas dendem;
kepaksa nni warung kite tutup deh Tun.” 

Jalma kaget pisan ngadenge omongan Pok Mineh kitu, terus we
sadu2 menta dihampura. Si Atun mangmeunangkeun Jalma; lantaran cenah si nu
tiluan maksa pisan, nya dilawan ku abang Jalma. 

Si Pok Mineh oge ngarti; tapi masing kalah kumaha oge; eta
daerah Kramat nepi ka Sentiong teh aya di na kakawasaan maranehna; urang mah
teu aya daya.
Hanca
 

   

Kirim email ke