Fikmin#”PADUKA YANG MULIA” ANU LEUNGIT# Mayor Lamsijan, 76 taun, pensiunan ABRI, pasosoré ngadon ngadaweung di tepas imahna nganteur lamunan ka mangsa inyana keur rumaja bari nonton TV. Dina lamunana narembongan panineungan kumaha hormatna rahayat harita, dina mangsa revolusi , ka para pamimpinna. Dina siaran TV, teu eureun-eureun penyiar ngawartakeun rupa-rupa informasi; diantarana, warta ngeunaan papaséaan antara DPR jeung KPK, ogé béja résafel anu ngaganggayong. “Asa teu aya anu berwibawa pamimpin bangsa téh ayeuna mah”, ceuk sang mayor alon. Siaran TV laju ditéma ku diskusi. Lain diskusi kétang, malah papaséaan anu aya, alatan béda pamadegan antara tilu narasumber ngeunaan kalakuan eksekutif, legislatif, jeung yudikatif akhir-akhir ieu anu matak pikahariwangeun. Ras inyana inget kana kasaurana ramana almarhum nalika masih aya dikieuna, taun 45-an: “Eung, tuh tempo pamimpin bangsa urang, sakitu wibawana, sebutanana ogé “paduka” atawa “yang mulia”, saur rama Lamsijan ngora harita basa balik ti hiji upacara di alun-alun kota. Upacara téh teu wudu rongkah da dihadiran ku pangagung bangsa ti Batawi sagala. “Tapi, engké puluhan taun ka hareup, wayahna, moal kadéngé deui sebutan “paduka”, atawa “yang mulia” atawa anu sarupa ka para pamimpin anjeun”, ceuk bapana harita tatag pisan. “Naon sababna, pa?”, Lamsijan rumaja harita nanya panasaran. “Engké ogé anjeun apal”, tembal bapana pondok. Sora-sora anu darebat kusir di TV tambah rosa. Enyaan, karasa ku Mayor Lamsijan ayeuna, benerna ramalan bapana yén teu aya pamimpin anu pantes meunang sebutan “Paduka” atawa “Yang Mulia”. “Naon sababna?, aing ayeuna geus apal sababna”, gerentesna lalaunan. * Bandung, 11 Oktober 2011 Oman Abdurahman
manar
