Rampes™ Dirojong ku Telkomsel BlackBerry® -----Original Message----- From: Ki Hasan <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Fri, 20 Jan 2012 16:51:17 To: Ki Sunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Cc: Baraya Sunda<[email protected]>; Urang Sunda<[email protected]> Subject: [kisunda] Fikmin - "JIHAD"
Fikmin#JIHAD# Sup ka masjid. Rek Juma'ahan. Jama'ah geus ngaliud. Mangpirang bangsa jeung warna kulit. Nu hideung santen, nu koneng, nu hawuk, oge nu lestreng, geus arandekak. Solongkong ka tengah. Gok jeung tihang masjid. "Astagfirullah! Godaan!" Omat, sing kuat ulah ngadeukeutan eta panyarandean setan. Malibir ka kenca. Gek di nu rada anggang tina tihang panglengutan. Gegerenyeman, babacaan. Nu wirid saheng. Beuki lila, beuki jiga simfoni nu ngayun ngambing, ngahudang setan tunduh. Lenggut sirahna ngeluk. Korejat. "Astagfirullah! Godaan!" Kalacat khatib naek paimbaran. Setan tunduh datang deui. Sora khatib hawar-hawar asa jadi sora dirigen. Lenggut deui. Kusiwel ngodok saku. Ngaluarkeun dua siki korek api, keur ngaganjel kongkolak panon. Lulus tina gogoda jurig tunduh. Bujur asa jadi manasan. Elekesekeng teu genah diuk. "Astagfirullah! Godaan!" Setan geus ngawurkeun beling jeung cucuk dina diukan. Gek sila deui leuwih ajeg. Narik napas lalaunan. Merangan nyongkabna pangsilaan.
