Ieu mah jiga kuring, ari Juma'ahan di Masjid mun ngadengekeun khatib hawa 
tunduh wae.....sila suku jadi lemper singsiremen. Rengse juma'ahan hawa tunduh 
jeung lemper suku jadi leungit. Kunaon eta bisa kitu mang Hasan, naha kurang 
vitamin? Mun enya ceunah godaan ti Syetan, pan di Masjid rempeg ku sora dzikir 
jamaah, pan ceunah syetan mun ngadenge kalimat thoibah sok langsung ngabecir 
lumpat kapanasan.
Heuuuuuuuuuuuaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaahhhhh......sstttt.......tunduh akh...
  

________________________________
 Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Kepada: Ki Sunda <[email protected]> 
Cc: Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda 
<[email protected]> 
Dikirim: Jumat, 20 Januari 2012 15:51
Judul: [kisunda] Fikmin - "JIHAD"
  

 
   
 
Fikmin#JIHAD#

Sup ka masjid. Rek Juma'ahan. Jama'ah geus ngaliud. Mangpirang bangsa jeung 
warna kulit. Nu hideung santen, nu koneng, nu hawuk, oge nu lestreng, geus 
arandekak. Solongkong ka tengah. Gok jeung tihang masjid. "Astagfirullah! 
Godaan!" Omat, sing kuat ulah ngadeukeutan eta panyarandean setan. Malibir ka 
kenca. Gek di nu rada anggang tina tihang panglengutan. Gegerenyeman, babacaan. 
Nu wirid saheng. Beuki lila, beuki jiga simfoni nu ngayun ngambing, ngahudang 
setan tunduh. Lenggut sirahna ngeluk. Korejat. "Astagfirullah! Godaan!" Kalacat 
khatib naek paimbaran. Setan tunduh datang deui. Sora khatib hawar-hawar asa 
jadi sora dirigen. Lenggut deui. Kusiwel ngodok saku. Ngaluarkeun dua siki 
korek api, keur ngaganjel kongkolak panon. Lulus tina gogoda jurig tunduh. 
Bujur asa jadi manasan. Elekesekeng teu genah diuk. "Astagfirullah! Godaan!" 
Setan geus ngawurkeun beling jeung cucuk dina diukan. Gek sila deui leuwih 
ajeg. Narik napas lalaunan. Merangan nyongkabna
 pangsilaan. 
   
      

Kirim email ke