Bayangkeun we ditinggal bojo, bari diteruskeun puasa; nya ari peureun beunta mah kaharti weee Hahahaha
--- In [email protected], "Mang Kaby" <dkabayan@...> wrote: > > Buahahahahahaha.... Eta kuring kasebuuuut euy hahahaha... Randa bengsraaaat > atuuuh Bah kituuuuuh wkwkwk... Ceuk Pa Ustad oge kudu neangan randa ulah > parawaaaan... Randa mah geus jagoaaan teu kudu riweuuuh ngajarkeun deui > hahahaha. > > Teruuuuuskeuuuun Baaaah eta kuring peupeureudeuyan lin wkwkwkwk. > > Nuhuuuuuns, > Mang Kabayan > www.dkabayan.com > "ti urang, ku urang, keur balarea" > > -----Original Message----- > From: Abbas Amin <abas_amin08@...> > Sender: [email protected] > Date: Fri, 20 Jan 2012 12:01:36 > To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]> > Reply-To: [email protected] > Subject: [Urang Sunda] Mang Kabayan hyang beunghar > > Geus saminggu nyi Iteung jeung barudak balik ka imah kolotna; bosen cenah > ngalayanan Mang Kabayan nu sagala riweuh, geus teu boga duit, embung usaha, > gawe ngan molor wae cenah; jeung ka na UDUD beuki pisan cenah moal waka balik > mun Mang Kabayan can aya kasadaran mah. > > Mang Kabayan kacida bingungna, kumaha yeuh ayeuna; bari nyorangan, bari lieuk > euweuh ragap taya; geus saminggu dahar teh karo jalantah diuyahan; masih > untung beas teu dibawa ku nyi iteung.Nya masak sorangn we, kalan2 sangu nu > didahar GIGIH keneh.Mun henteu bear teuing, atawa garing, atawa sanguna malah > jadi beye; da tara tea atuh nyangu sorangan. > > Peuting eta manehna deker we ngadu'a tujuanana hayang beunghar ! terus we teu > eureun2 ngaduana teh, nepi ka manehna nundutan, bari reup we sare. Manehna > meunang impian cenah mun hayang beunghar kudu tatapa; ngaruang maneh ti jam > 12:00 peuting nepi ka shubuh; denah poma ulah liwat jam 7 isuk2. > > Nya isukna manehna neangan tempat nu pas pikeun tatapa, nu moal gampang > kaciri ku jelema sejen; ahirna manehna manggih hiji kebon nu rada lega; nu > jauh ka lembur; di dinya ngan aya imah hiji nenggang ti batur. > > Nya Mang Kabayan ngali we keur ngubur dirina, ditutup ku dangdaunan, jeung > disiapkeun supaya bisa napas. > > Sanggeus sagala tarapti Mang Kabayan, peuting2 kukurumuyan ka eta tempat, bus > we ka na kuburan nu geus disayagikeun. > > Dasar Mang Kabayan, isukna nepi ka jm 8 manehna ngaguher keneh. Kabeneran nu > boga eta kebon teh hiji randa boga anak awewe hiji; kabeneran harita eta > budak awewe keur ulin susumpuran jeung batur2na; eta budak awewe teh > kabeneran deui wae nyumputna persis ka tempat Mang Kabayan tatapa. > > Barang keur nyumput, teu dihaja eta budak cubuk cabak, aya nu katoel, manehna > kaget terus ngalieuk; eeh siga suung; terus ku msnehns dicsgspsn ! Eta > "suung" teh ujug2 ngagedean; cerewet we eta budak ngajerit lantaran cenah aya > "suung" ajaib ! Bisa ngagedean; terus barudak opatan lalumpatan bebeja ka nyi > randa; terus atuh nyi Randa oge kaluar rek nempo eta "suung" ajaib tea. > > Barang gok, barang cerewet deui eta Nyi Randa teh :"Barudak hayoh asup ka > imah, ieu mah "suung" karamat; gancang ka imah bisi kasambet; keun ieu nah ku > ema bakal diparancahan. > > Barudak barirat. > Kade sarare we, ulah nempo ka dieu samemeh ema balik > mh........................ > Cek Nyi Randa bari nyingsatkun sampingna jeung > moyosotkeun...................... > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
