Geus saminggu nyi Iteung jeung barudak balik ka imah kolotna; bosen cenah ngalayanan Mang Kabayan nu sagala riweuh, geus teu boga duit, embung usaha, gawe ngan molor wae cenah; jeung ka na UDUD beuki pisan cenah moal waka balik mun Mang Kabayan can aya kasadaran mah.
Mang Kabayan kacida bingungna, kumaha yeuh ayeuna; bari nyorangan, bari lieuk euweuh ragap taya; geus saminggu dahar teh karo jalantah diuyahan; masih untung beas teu dibawa ku nyi iteung.Nya masak sorangn we, kalan2 sangu nu didahar GIGIH keneh.Mun henteu bear teuing, atawa garing, atawa sanguna malah jadi beye; da tara tea atuh nyangu sorangan. Peuting eta manehna deker we ngadu'a tujuanana hayang beunghar ! terus we teu eureun2 ngaduana teh, nepi ka manehna nundutan, bari reup we sare. Manehna meunang impian cenah mun hayang beunghar kudu tatapa; ngaruang maneh ti jam 12:00 peuting nepi ka shubuh; denah poma ulah liwat jam 7 isuk2. Nya isukna manehna neangan tempat nu pas pikeun tatapa, nu moal gampang kaciri ku jelema sejen; ahirna manehna manggih hiji kebon nu rada lega; nu jauh ka lembur; di dinya ngan aya imah hiji nenggang ti batur. Nya Mang Kabayan ngali we keur ngubur dirina, ditutup ku dangdaunan, jeung disiapkeun supaya bisa napas. Sanggeus sagala tarapti Mang Kabayan, peuting2 kukurumuyan ka eta tempat, bus we ka na kuburan nu geus disayagikeun. Dasar Mang Kabayan, isukna nepi ka jm 8 manehna ngaguher keneh. Kabeneran nu boga eta kebon teh hiji randa boga anak awewe hiji; kabeneran harita eta budak awewe keur ulin susumpuran jeung batur2na; eta budak awewe teh kabeneran deui wae nyumputna persis ka tempat Mang Kabayan tatapa. Barang keur nyumput, teu dihaja eta budak cubuk cabak, aya nu katoel, manehna kaget terus ngalieuk; eeh siga suung; terus ku msnehns dicsgspsn ! Eta "suung" teh ujug2 ngagedean; cerewet we eta budak ngajerit lantaran cenah aya "suung" ajaib ! Bisa ngagedean; terus barudak opatan lalumpatan bebeja ka nyi randa; terus atuh nyi Randa oge kaluar rek nempo eta "suung" ajaib tea. Barang gok, barang cerewet deui eta Nyi Randa teh :"Barudak hayoh asup ka imah, ieu mah "suung" karamat; gancang ka imah bisi kasambet; keun ieu nah ku ema bakal diparancahan. Barudak barirat. Kade sarare we, ulah nempo ka dieu samemeh ema balik mh........................ Cek Nyi Randa bari nyingsatkun sampingna jeung moyosotkeun......................
