Fikmin#SARKANJUT#
Ku Ki Hasan

Geleber Dewi Utari hiber. Muru basisir sagara kidul. Teu kasawang ti
anggalna, angin barat ngadius ka wetankeun. Siet nyingcet, nyingkahan
rosana angin. Pung, ngajaul mumbul mapakan mega. Angin barat masih rosa.
Najan gesit cungcat, cingcet, pluk!, endongna ragrag. Nu rusuh kapahung.
Sanggeus angin leler. Seok, nu ngapung muter, nyerangkeun lebah
pangragragan. Gajleng ka sisi talaga nu dikuriling embel oyag-oyagan. Jrut
turun nyasar dasar talaga. Nyasaran endong kameumeutna. Nya ti harita, eta
lembur katelah Kampung Sarkanjut.

Kirim email ke