Sarkanjut teh pihartieun tina sasakala ngendog maksudna Ki? Jadi nu baroga endog dua (kaleci) oge kasebut sar-kanjut nya, bener teu Ki?
Cingan pami aya si kuring hayang deui carpon siga “Ki Bener” tea lah, resep macana, alungkeun dina milis ngarah ngeunaheun hehehe… From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Ki Hasan Sent: Monday, January 23, 2012 7:02 AM To: Ki Sunda Cc: Baraya Sunda; Urang Sunda Subject: [Urang Sunda] Fikmin - "SARKANJUT" Fikmin#SARKANJUT# Ku Ki Hasan Geleber Dewi Utari hiber. Muru basisir sagara kidul. Teu kasawang ti anggalna, angin barat ngadius ka wetankeun. Siet nyingcet, nyingkahan rosana angin. Pung, ngajaul mumbul mapakan mega. Angin barat masih rosa. Najan gesit cungcat, cingcet, pluk!, endongna ragrag. Nu rusuh kapahung. Sanggeus angin leler. Seok, nu ngapung muter, nyerangkeun lebah pangragragan. Gajleng ka sisi talaga nu dikuriling embel oyag-oyagan. Jrut turun nyasar dasar talaga. Nyasaran endong kameumeutna. Nya ti harita, eta lembur katelah Kampung Sarkanjut.
<<image001.jpg>>
<<image002.jpg>>
