Cing Kang Oman, kumaha ieu wartosna. Cenah akibat banjir bandang di Serang Banten, Aya taneuh pindah tempat ti pasir ka Sawah. Jigana Kang TiRiLik, Kang Gun aya iber salengkepna.
===== Abdurrosyid Siddiq ?#Hikayat Situ Parigi# Geus saminggu, Kampung Dahu Desa Parigi Kecamatan Cikande Kabupaten Serang, didatangan loba jelema. Pastina, mantas kajadian banjir kamari, kusabab walungan Cidurian mapak caina nepi ka lembur. Nu daratang, bijil ti unggal juru. Aya nu ti Tangerang, Jakarta, Bogor, Bekasi, aya oge nu ti Surabaya. Aleut-aleutan kupedah ngadenge beja, yen di dinya aya taneuh pindah tempat, kabawa ku cai banjir harita. Makin ngaleuyah daratang, sanggeus ditayangkeun dina tipi. Lantaran panasaran, kula geh tadi karak ti dinya. Jiga wartawan nu keur investigasi, kula naluktik kana taneuh nu jadi pikaomong eta. Ayana di buri lembur, di tengah sawah. Ceuk kasepuhan di dinya, tadina eta sawah, nu keur dipelakan pare, karak meunang 6 minggu. Kiwari, di tengah sawah nu ngaplak eta, ngagojod taneuh darat, legana kurang leuwih satengah hektar, luhurna teu kurang ti 2 meter. Loba tatangkalan, aya eceng gondok, aya oge tangkal kiray, anu jangkungna kira-kira 5 meter. Taneuhna beye, kaciri jiga taneuh anyar kawas kakarak ditumpukkeun. Eta taneuh, tadina aya di belah wetan, kurang leuwih 700 meter, burieun puskesmas Cikande. Ceuk nu nempo, eta taneuh jeung tatangkalan, kabawa banjir Senen sore. Basa isukna surud, lembur geger, di tengah sawah nu tadina ngaplak, aya tanah darat berikut tatangkalana. Loba komentar. Mulai ti nu kaharti ku akal, nepi ka nu teu kaharti. Ditilik tina kaayana mah, sabenerna mah teu aneh, sanajan memang rada melengek. Sapangdeuleu kula mah, ti tempat asalna nepi ka tempat nu kiwari, eta aya rawa jeung sawah anu jadi jalan "leumpangna" taneuh eta. Ngan kabayang, saking gedena banjir, eta taneuh anu rebuan ton bisa pindah. Eta mah tugas pakar ekologi nu ngajentrekuna, sangkan kaharti. Iwal ti kitu, loba oge anu percaya, ieu teh aya pakaitna jeung carita jaman baheula. Caritana teh kieu : .....
