Dina Pasawat GARUT AIRLINES.(Pramugarina make seragam kabaya):
"Wilujeung enjing, wilujeng tepang di pasawat GA- Garut Airlines. Kanggo
kasalametan urang sadaya, mugi diperhatoskeun ku sadayana:
Sakedap deui pswt bakal hiber. Supados teu katorékan, cocokan liang-ceuli ku
kapas. Wktu pasawat rék hiber, diukna kudu ajeg, tong culang cileung. tuluy
pasang sabukna!
Cara masang, cara ngonci, jeung cara nyoplokeunna kieu. (Dicontoan ku
pramugari)
Baju pelampung aya dina handapeun korsi, tong dipaké heula, tungguan béwara ti
bapa Kaptén. Éta baju teu menang dipindah-pindah, komo mun dibawa balik atawa
dipaké pajangan di ruang tamu mah! Sabab Mun kapanggih, bakal dicabok bulak
balik, tukang hareup! Ngarti teu?!
Cara maké baju pelampung: Asupkeun kana beuheung, siga maké rompi, konci
sabukna ti hareup. Omat ulah tarik teuing, bisi kacekék-eungap, engké manéh
teu bisa ngarénghap teu bisa ngahuap! Dikeukeupan mah meunang, asal kélékna
henteu bau!
Ngarah bisa ngambang dina cai, kenyang éta cenul" warna beureum jambu. Sing
inget, narikna kudu di luar pasawat, sabab mun ditarik di jero, bakal melendung
gedé, moal bisa ngaliwatan panto tuluy bisa nyangked dina panto!
Mun rék kaluar ti pasawat kudu antri- ngabaris siga meri nu keur diangon.
Lamun hawa geus mimiti kurang, ngarénghap bakal ripuh adug-adugan, masker
oksigén bakal ragrag sorangan ti luhureun sirah. Buru téwak hiji séwang, ulah
parebut ngerakeun! Pasangkeun kana irung.
Kartu pituduh darurat aya dina selesepan korsi dina hareupeun korsi. Heug ku
maranéh baca, teu kudu diapalkeun, bisi manéh gélo ngapalkeun anu kitu mah!
Mun rek maca, pencét éta cenul" di luhureun; nyaéta keur ngahurungkeun lampu.
Ngarti kan?? Sakitu heula nya?!
Sok ayeuna mah geura ngadoa ménta salamét, ménta ampun mun loba dosa.
Mun pasawat ragrag mah nya wayahna waé, kudu kumaha deui.
Keun baé da babarengan ragragna ogé nya...!" (Bari ngaleos)
Cag!!
◦°◦°◦=:D✽̶•hii••hii•✽̶~»
*biasa, copas.
Rampes™
Dirojong ku Telkomsel BlackBerry®
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/