http://majalah-balebat.blogspot.com/2012/01/gotongroyong-di-situs-cibalay.html

Teu kurang ti 200 urang milu aub dina acara gotongroyong di sabudeureun
situs Cibalay nu aya di Kampung Cibalay, Désa Tapos I, Kecamatan Ténjolaya,
Kabupatén Bogor poé Saptu (28/1) jeung Ahad (29/1) kamari.  Lolobana nu
milu gotongroyong téh warga anu dumuk di Désa Tapos I.

Dina kagiatan ieu, warga nu dibantu ku para *juru pelihara* (jupel) situs
Cibalay, anggota pulisi, tangtara, katut hansip ngalébaran jalan asup ka
kawasan situs katut saluran drainasena sapanjang sakilométer.
Ogé ngababadan jukut jeung eurih nu geus jarangkung ngahalangan jalan.

Teu anéh mun dina acara beberesih ieu, katéwak ku warga sababaraha oray.
Oray pangbadagna nu beunang katéwak panjangna dua meter jeung awakna sagedé
bitis jalma sawawa. Oray-oray ieu teu dipaéhan, tatapi dileupaskeun deui ka
alam liar.

Situs Cibalay mangrupa salasahiji situs ti zaman megalitikum nu aya di
Kabupatén Bogor.  Ayana di suku gunung Salak, tapina geus kaasup kawasan
Taman Nasional Gunung Halimun-Salak (TNGHS). Situs ieu legana kurang leuwih
sahéktar, jeung diperkirakeun titinggal ti mangsa 4.000 taun ka tukang.

Ahad pabeubeurang, saréngséna acara gotongroyong, diayakeun sawala ngeunaan
situs mégalitik Cibalay ieu. Sawala dieusi pedaran atawa kamandang ti
sesepuh urang Cibalay, ogé ti sababaraha urang budayawan Bogor sarta
pajabat nu pakait kana budaya jeung titinggal karuhun.

Wakil Bupati Bogor Karyawan Fathurahman salaku kokojo di acara ieu dina
pangjajapna ngajéntrékeun, kagiatan gotongroyong téh warisan karuhun urang,
kitu ogé situs Cibalay ieu, duanana geus sapantesna ku urang kudu dijaga
jeung dipiara. “Ngan omat, ulah pépénta ka batu!” tandesna. (HMA/HD)

-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke