"Bahkan, maaf, untuk babi panggangnya yang khas, orang Karo punya ikon sendiri yang disebut bepeka (BPK = babi panggang Karo)." (detikfood.com, 28 november 2011)
remen kuring ngadéng é atawa maca aya jalma nu deuk/geus daang kadaangan tina babi nu ménta hampura cara dina kutipan detikfood.com di luhur. sumpah, aing marah! unggal ngadéngé atawa macana. ngan, ambek lain ka nu ménta hampura, tapi ka kaislaman kuring. najan islamna mah ukur dina katépé nu aspal ieu ogé. lantaran, geus nepi ka kitu kasieun jalma luar ka islam téh? nepi ka ukur kusabab manéhna ngadahar nu teu salah, manéhna kudu ménta hampura ka umat islam. coba bayangkeun wé ku urang, kumaha dedeg jeung ules hiji jalma, nu lamun urang nu teu salah, tapi urang kudu remen menta hampura ka manehna? -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
