Richard
manggut, bari na hatena deg2an nempo Jalma sakitu hebatna. Euleuh untung aing
teu ngahinakeun ieu Si Jalma; lamun kudu jadi musuh tea mah aduh beurat pisan;
hebat Jalma. Kitu Richard ngomong di na hatena; tapi manehna aya reueus oge
boga sobat jago gelut; da manehna ge saenyana mah tukang gelut oge. 

   

Episode
ka 30 Merangan Klabang Item 

   

Jalma nempo
ti kajauhan eta “penjahat” nu lumpat bari salatak solotok, lantaran nyeri
disiksa ku Jalma; sanggeus nempo Si Ricky geus indit ti dinya , nya Jalma
gancang lumpat rek nuturkeun penjahat tea; untung masih kaburu, masih kaciri ti
kajauhan; terus wae Jalma ngaluarkeun Elmu “Hampang napak” jeung hampang raga 
supaya
ulah kadenge sora manehna lumpat nuturkeun. Eta si penjahat teh leumpang ayeuna
mah tapi gagancangan, bari nahan kanyeri; bus abus ka jalan satapak; tapi loba
imahna; Jalma oge terus nuturkeun; terus si Penjahat pungkal pengkol kaluar
abus gang; Jalma oge terus ngingintil. Wah jauh oge ieu markas para penjahat
pengacow teh ? Tapi naha asa karalang kuriling di tempat eta keneh; sigana para
penjahat ati2 pisan, bisi aya nu nuturkeun, nya ku jalan salasap sulusup
kukurilingan; geus kitu terus we aya kebon awi; terus bablas; tapi barang Jalma
nepi ka kebon awi Jalma kacida kagetna, sabab penjahat nu keur dituturkeun teh
geus paragat; beuheungna ampir sapat. 

“Wah ana
kitu mah, aing aya nu nganyahoankeun nuturkeun teh; mun kitu kudu ati2 pisan;
salah2 di tempat ieu aing bakal tarung deui.”Kitu Jalma na jero hatena. 

Enya we, ti
na rungkun2 jeung kebon awi kalaluar jelema2 make baju jeung calana pangsi
harideung; make lawon hideung nu dibeulitkeun ka na sirah maranehna. 

Kaluarna eta
jelema2 teh bari langsung geus ngalugas bedog; mani ting gurilap katojo
panonpoe. 

“Wah aing
sigana kudu mateni loba jelema poe ieu; sabab rata2 sigana jarago maenpo ieu
penjahat teh; Jalma taki2; lantaran geus pasti eta para Penjahat teh bakal
ngoroyok. 

Nu saurang,
nu badanna biasa wae, tapi beungeutna serem, kumis henteu baplang tapi ngajedig
kawas kumis Bima; terus nyampeurkeun reg eureun hareupeun Jalma ; ari baladna
bangsa kira2 tilupuluhan ngepung Jalma ditengah. 

Si kumis
ngajedig ngomong satengah nyentak ku Basa Betawi ( ayeuna disundakeun ):”Jang !
memang Ujang Jagoan, jeung geus kauji jagona. Tapi Ujang moal kuat ngalawan
Kula jeung balad2 Kula ! Samemeh urang prung tarung; uing hayang nanya naon
sababna Ujang ngahalang ka na tujuan Kula sa balad2 ?” 

“Ah kuring
mah teu ngarasa ngahalangan, ngan bae anak buah sampeyan teu puguh2 nyerang
kuring; nya kapaksa kuring ngalawan.” 

Si Kumis
ngajedig:”Tapi cenah maneh geus nalungtik didurukna warung Mpok Mineh; padahal
cenah maneh teh euweuh hubungan naon2 jeung Mpok Mineh.” 

“Cek saha
euweuh hubungan ? Naha sampeyan teu nyaho naon sabab musababna ayeuna Kuring
tarung ngalawan andika sakabeh ? Derekdek we Jalma nyaritakeun sacara ringkes,
kajadian nu ngalantaraankeun si gundul jeung duaan baladna dipaksa mayar ka si
atun. Nepi ka kajadian didurukna warung.” 

Si Kumis
ngajedig unggut2an, pok ngomong:”Kaharti ari kitu mah; tapi kalakuan maneh geus
ngarendahkeun darajat Klabang Item ! Eta nu tiluan bakal diwarah ku Kaula; tapi
sampeyan oge tetep meunang hukuman !”
HANCA
 

Kirim email ke