Para anak buah Klabang Item teu nunggu deui komando, terus we maraju nyerang ka Jalma; Jalma langsung ngaluarkeun Elmu “hampang Raga” nyingcet ti na sagala serangan; terus we bari nyingcet jeung nakis, males oge ku tonjokan jeung tinggangan anu disaluran tanaga jero, atuh teu sabaraha lila anak buah Klabang item ting jarungkel, ting araduh; kepungan rada ngipisan. Ayeuna mah maranehna aya oge rasa sieun teu wani ngambreg teuing; tapi masih ngepung bari kaciri ati2 pisan ayeuna mah. Tapi kakara ge sadar ti na kakagetan nempo kahebatan Jalma, Jalma ayeuna mah ngan sakilat jebrod2 ngagitik ! tilu anak buah Klabang Item ayeuna mah nu ting jurahroh, bari maranehna teu bisa nyingcet2 acan. Nyata Jalma Elmuna jauh ti na sangkaan maranehna. Ahirna si Kumis ngajedig luncat ka hareup, pok ngomong:”Tetela andika lain ngan ukur gede omong ! mundur arilaing ! Keun ieu mah bagean aing ! Hayoh siah budak ngora urang ngukur tanaga jeung aing ! nu sejen awas mun pipilueun, sarua jeung nangtang ka aing ! Arilaing mah lalajo we!” Si Kumis ngajedig tangtu geus nenjo kumaha kajagoan Jalma, ayeuna manehna ngomong kitu, hartina manehna masih yakin bisa ngelehkeun manehna, rada deg2an oge Jalma nyinghareupan ieu si Kumis ngajedig pimpinan Gorombolan Klabang Item teh. Si Kumis ngajedig sigana teu make senjata oge terus we maju ngadeukeutan Jalma; Jalma oge siap bari nenjokeun satiap gerak si Kumis ngajedig. Laju si Kunis ngajedig maju bari ngagerakkeun leungeuna, terus nyerang ku jurus2 nu kacirina matak pikasieuneun, lantaran satiap serangan pasti kaciri wak wuk anginna karasa ; Jalma oge ngarasakeun tekenan anu beurat ti ieu lawanna; nya Jalma oge ngetrukeun kabisana. Para anak buah Klabang Item loba nu komentar nempo ieu nu tarung teh, pok nu hiji ngomong:”Duile, hebat bener Bang Mat Pelor kalo udah tampil ! Pantes die jadi dedengkot Silat di Merunde sini. Kapan yeh kite bise kaye die ?!” Cek nu saurang deui:”Iyeh Bang Mat Pelor memang hebat ! Tapi liat tuh timpalannye. Tuh anak mude nni memang jagoan beneran loh !?” Rupana si kumis ngajedig teh ngaranna Mat Pelor, manehna memang nu paling diteangan ku Kumpeni, lantaran sering pisan ngahalangan tujuan Walanda, atawa tuan tanah nu sarakah. Teu nyaho kumaha asalna disebut Mat pelor, da eta mah ngan ukur gelar wungkul; ngaran aslina mah teu nyaho. Ngan di na hiji waktu Mat pelor dikepung ku Walanda, tapi masih bisa lolos; padahal pelor pating suliwer; nya ti harita meureun disebut we Mat Pelor. Ayeuna nu tarung geus aya puluhan jurus, can aya nu kaciri asor; ahirna si Mat Pelor luncat katukang bari nyorowok:”Tahan dulu ! Lu ni Tong, ape hubungannya dengan Ki Nurustujung ?!” HANCA
