“Guru
kuring.” Kalem we Jalma ngajawab. “Ku naon kituh ? Sieun ku guru kuring ?”
Jalma nyaritana teu siga nu sesek napas, tanda Jalma bisa pisan ngatur nafas
jeung tanagana, sabalikna Mat Pelor rada hah heh hoh. 


“Coba luh
Tong kenalkan diri dari setadian, kite gak usah berantem begini ?” 


“Ku naon
kituh ? Pan mun teu gelut heula kieu mah, mana abang mao liat ke aye Abang gak
bakalan ngehargain aye.” 


“Hahahaha,
selain luh pinter silat luh pinter ngebacot ! Hahaha, gak percume Ki
Nurustunjung angkat nama besarnye, die punya murid juge jempolan. Hahaha.” 


“Ah kagak
Bang, aye mah biase aje kok.” Jalma ayeuna mah rada bisa oge ngomong dialek
Betawi dikit2. 


“Heh !
Kunyuk2 jangan pada bengong aja luh ! ayoh kita sambut tamu mude kite ayo Tong
kite ngobrol sembari ngupi!”  


Ti na ting
parolohok, ngan sakilat eta anak buah Klabang Item pada bubaran, terus ngan
sakilat, di handapeun kebon awi geus diampar samak, susuguh gancang
disadiakeun. Ari nu kaparaehan mah digarotong, si na istirahat. 


Si Mat pelor
ngadongeng, yen bareto kungsi ditulungan ku Ki Nurustunjung, jeung dipapatahan
kumaha cara2 nyimpen tanaga, nepi ka tanaga jero urang, bisa dikumpulkeun jeung
disalurkeun ka tempat2 nu dipikahayang ku urang. Tah ti harita, cenah Mat pelor
maju pisan, ngajago di daerah Ps. Senen jeung sakurilingna, nu matak manehna
ngarasa nuhun pisan ka Ki Nurustunjung. Cek manehna. Manehna ngarasa jadi murid
Ki Nurustunjung; tah atuh Jalma teh kaasup sodare seperguruan pernah mude,
cenah. Teu pantes kudu jadi musuh; malah mah kudu ngabalad. Ngan nu si Mat
pelor heran, naon sababna bet Jalma daek saihwan jeung Kumpeni nu jarahat.
Urang cenah kudu usaha ngusir Bangsa sejen ieu, ulah napel we di tanah leluhur
kite. Kitu Mat Pelor ngajelaskeun. 


Cek Jalma,
manusa mah di mana2 oge sarua, bangsa naon oge, aya nu jahat aya nu bageur,
ulah disakompet daunkeun. 

Terus ku Jalma dicaritakeun masalah Si Kumis Baplang
nu sok morot di pasar. Jeung kalakuan loba anak buah Mat Pelor nu kurang bener. 


Mat Pelor
ngahuleng we, terus we ngomong lamun kitu mah ieu Klabang Item teh loba mamala
oge ka masyarakat. Ah keun we atuh rek disilidik deui leuwih taliti; mun perlu
memang kudu sering dikontrol. 


Cek Jalma
memang eta alus, ulah percaya wae ka na laporan anak buah, lantaran kadang kala
sok mawa teu bener. Kadang2 nyebutkeun demi perjuangan padahal keur kapentingan
pribadi. Ngaran Klabang Item bisa oge dijadikeun tameng pikeun meres. Lila2 mah
ngaran Klabang Item bisa turun. Bisa wae disaruakeun jeung gorombolan nu
jarahat. 


“Enya bener
pisan, Jalma. Sok atuh bantu abang di dieu pikeun kaalusan ieu perjuangan.” Cek
Mat pelor. 


Jalma:”Bang
Mat Pelor, saenyana mah kuring moal ngahalang kiprah sampeyan, tapi kuring boga
jalan ssorangan. Sok we Abang bajoang salaras jeung kayakinan abang; tapi kudu
ati2 pisan; mudah2an perjuangan abang teu salah jalan. Tah ayeuna kuring rek 
balik
bisi nu boga imah hariwangeun. Mun bisa eta warung Mpok Mineh adegkeun deui.” 


“Enya, Abang
bakal nitah anak buah menerkeun eta warung.”Tembal Mat Pelor. 


Jalma:”Tah
ayeuna kuring balik heula, kapan2 urang papanggih deui.”
HANCA
 

Kirim email ke