Haturnuhun Ki Abbas, Jazaakallah. Cersil Jalma dinten ayeuna kaping 2 Februari 2012, kuring bebas tina panasaran. Langsung anti klimaks.
Sabab, matak dungdeng panasaran mah mun keur huthet, dipending! Haduh, rempong. -haha. Diantos lajenganna.. Baktos, Ki Abbas. ::zya Rampes™ Dirojong ku Telkomsel BlackBerry® -----Original Message----- From: Abbas Amin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 2 Feb 2012 12:50:46 To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Cersil Sunda ka 68 Geus kitu mah Jalma terus we balik; teu sumpang simpang heula. Enya we Mevrouw Lidya, Bella jeung Richard keur ngumpul di imah Mevrouw Lidya, lantaran Ricky mawa laporan yen Jalma keur nuturkeun jelema jahat. Ricky sieuneun pisan Jalma cilaka; malah Mevrouw Lidya geus rek ngalaporkeun masalah Jalma ka Kapitan Bower nu ngurus kaamanan di Batavia; tapi cek Richard ke heula tunggu heula. Atuh barang datang Jalma teh, nu tiluan mani aratoheun pisan, Ricky hariweusweus nanya, naha nuturkeun penjahat teh hasil. Dijawab pondok ku Jalma; yen Jalma kaleungitan uberanana. Ricky rada hanjakaleun, tapi manehna bungah lantaran Jalma salamet. Ngan wae na hatena tetep ngunek2 lantaran mun teu hasil, naha mani lila pisan ? tapi ah da Jalmana geus salamet keun we. Mevrouw Lidya komentar:”Jij Jalma, ulah sakali kali deui nuturkeun penjahat model kitu, maning keneh laporkeun ka Kumpeni. En Jalma cenah jij jagoan tarung ? Tah cek Ricky.” Jalma rada balaham belehem. Jalma na hiji poe, bebeja rek balik ka lembur cenah, teu kudu dianteur da bisa sorangan. Bella nyarita kabeneran cenah aya vakansi rek indit oge nemonan bapana; keur kitu jol Richard Chandler; ngadenge Jalma rek ka lembur manehna oge rek milu cenah bari sakalian nempo onderneming tea. HANCA
