Geus kitu
mah Jalma terus we balik; teu sumpang simpang heula. Enya we Mevrouw Lidya,
Bella jeung Richard keur ngumpul di imah Mevrouw Lidya, lantaran Ricky mawa
laporan yen Jalma keur nuturkeun jelema jahat. Ricky sieuneun pisan Jalma
cilaka; malah Mevrouw Lidya geus rek ngalaporkeun masalah Jalma ka Kapitan
Bower nu ngurus kaamanan di Batavia; tapi cek Richard ke heula tunggu heula. 


Atuh barang
datang Jalma teh, nu tiluan mani aratoheun pisan, Ricky hariweusweus nanya,
naha nuturkeun penjahat teh hasil. Dijawab pondok ku Jalma; yen Jalma
kaleungitan uberanana. Ricky rada hanjakaleun, tapi manehna bungah lantaran
Jalma salamet. Ngan wae na hatena tetep ngunek2 lantaran mun teu hasil, naha
mani lila pisan ? tapi ah da Jalmana geus salamet keun we. 


Mevrouw
Lidya komentar:”Jij Jalma, ulah sakali kali deui nuturkeun penjahat model kitu,
maning keneh laporkeun ka Kumpeni. En Jalma cenah jij jagoan tarung ? Tah cek
Ricky.” Jalma rada balaham belehem. 


Jalma na
hiji poe, bebeja rek balik ka lembur cenah, teu kudu dianteur da bisa sorangan.
Bella nyarita kabeneran cenah aya vakansi rek indit oge nemonan bapana; keur
kitu jol Richard Chandler; ngadenge Jalma rek ka lembur manehna oge rek milu
cenah bari sakalian nempo onderneming tea.
HANCA
 

Kirim email ke