Kapanggih wae nya ari ku aktivis kasundaan mah. Najan geus aya taunna,
komunikasi di ieu milis make basa Sunda ge. Kudu didaftarkeun heula meureun
ka notaris nya Kang Dud, karek afdol.

2012/2/2 Dudi Herlianto <[email protected]>

> **
>
>
> saleresna mah, ku ningali pedaran (deskripsi) ngeunaan ieu milis ge (
> http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ ) urang geus kudu maphum. kisunda
> henteu mentingkeun 'kudu dina basa sunda'. pedaranna wae dina basa
> indonesia. nu dipentingkeun kunu ngadegkeun milis nyaeta: komunikasi jeung
> silaturahmi kasundaan. perelean naon ari 'kasundaan' jigana diserahkeun
> sagemblengna ka anggota kisunda. da teu aya di dinya.
>
> jeung jigana, mun make harti kasundaan sajembar-jembarna, hirup tongo di
> kutub utara ge bisa asup kasundaan....
>
>  :D
>
> Pada 2 Februari 2012 10:37, Ki Hasan <[email protected]> menulis:
>
>  **
>>
>>
>> Hehehe. Mangga wae Kang Udin, ari artikel kenging nyutat ti nu sejen mah,
>> kaci make basa naon wae. Nu sakira kahartieun ku baraya milis sejenna. Nu
>> perlu diutamakeun ku basa Sunda mah, ngabahasna.
>>
>> 2012/2/2 Sp Saprudin <[email protected]>
>>
>>> **
>>>
>>>
>>> Kahatur Moderator milis Ki Sunda
>>> Kang Hasan, sim kuring nyuhunkeun hapunten mostingkeun ieu tulisan
>>> henteu disundakeun. Ieu tulisan rada panjang.
>>>
>>> Kang Hasan, hapunten anu kateda, hampunten anu saageung-ageungna.
>>>
>>> Salam,
>>> SPS
>>>
>>>
>>

Kirim email ke