> From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
> Gus Maman
> Tah...tah.. lamun kuring meunang meunteun, Bah Willy kaasup sekuler.
> he.he.he..
> Jadi batal predikat "Netral" na.
Kang Man, aya dongeng yeuh, cenah baheula sakapanggihna bentang jeung galaksi
di alam semesta geuning gerak saling ngajarauhan, kaluar dua teori keur
nerangkeun ieu. Nu Kahiji Teori Bigbang alisan teori "beledug gede" jeung Teori
Kaayaan tetep (Steady State Theory). Dina teori Bigbang alam semesta teh aya
awalna jeung aya akhirna, sedengkeun dina Teori Kaayaan Tetep (Steady State
Theory), alam semesta teh euweuh awal jeung euweuh akhirna. Di Tahun 1950'an
dua teori ieu sarua kuatna, malah Teori Steady State leuwih kuat. Jadi debat
dimana-mana, malah debatna asup kana ranah relijius jeung politik. Teori
Bigbang dipikaresep ku kaum agamawan, tinimbang teori Steady State, sabab dina
teori ieu aya awal jeung akhir, kaum agamawan bisa ngasupkeun faktor "Sang
Pencipta". Di tahun 1952 Paus Pious XII ngumumkeun Teori Bigbang saluyu jeung
doktrin-doktrin Kristen. Ari dina teori Steady State, euweuh awal jeung akhir,
kaum agamawan teu bisa ngasupkeun faktor "pencipta" , kulantaran kitu teori ieu
sok dihubung-hubungkeun jeung atheisme atawa jeung komunisme. Debat ieu
akhirna lekasan di tahun 1965, nu dimeunangkeun ku Teori Bigbang nu meunang
dukungan ti hasil-hasil panalungtikan astronomi radio jeung ku saurang
fisikawan teoritis nu jadi kasohor Stephen Hawking.
Kaum agamawan surak, doktrin agama aya kacocogan jeung Sains. Tapi teu lila
surakna, Stephen Hawking ahli fisika nu "ngaruntagkeun" Teori Steady State,
ngameunangkeun Teori Bigbang, nu bukuna "The Brief History of Time" loba
dicutat ku kaum agamawan, dina buku pangakhirna "The Grand Design", malah
nyebutkeun Tuhan "teu pipilueun" dina ngabentuk alam semesta. Tanggtu we
tulisan Hawking ieu, matak ngahuleng kaum agamawan jeung jalma awam.
Lamun nempo kitu, rarasaan mah mending pisahkeun we sains jeung agama teh, da
geuning "dhijikeun" mah malah jadi kacau. Agamawan teu perlu pipilueun
ngajustifikasi kana teori-teori dina sains, atuh kaum saintist teu kudu
ngadu-nagdu teori sains jeung doktrin agama. Keun we masing-masing ........
Baktosna,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/