Tetep we Tuhan mah ngan HIJI; Tuhan Ilmuwan jeung Tuhan Agamwan !

--- In [email protected], "Waluya" <waluya2006@...> wrote:
>
> > From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of 
> > Gus Maman
> > Tah...tah.. lamun kuring meunang meunteun, Bah Willy kaasup sekuler. 
> > he.he.he..
> > Jadi batal predikat "Netral" na. 
> 
> Kang Man, aya dongeng yeuh, cenah baheula sakapanggihna bentang jeung galaksi 
> di alam semesta geuning  gerak saling ngajarauhan, kaluar dua teori keur 
> nerangkeun ieu. Nu Kahiji Teori Bigbang alisan teori "beledug gede" jeung 
> Teori Kaayaan tetep (Steady State Theory). Dina teori Bigbang alam semesta 
> teh aya awalna jeung aya akhirna, sedengkeun dina Teori Kaayaan Tetep (Steady 
> State Theory), alam semesta teh euweuh awal jeung euweuh akhirna. Di Tahun 
> 1950'an dua teori ieu sarua kuatna, malah Teori Steady State leuwih kuat. 
> Jadi debat dimana-mana, malah debatna asup kana ranah relijius jeung politik. 
> Teori Bigbang dipikaresep ku kaum agamawan, tinimbang teori Steady State, 
> sabab dina teori ieu aya awal jeung akhir, kaum agamawan bisa ngasupkeun 
> faktor "Sang Pencipta". Di tahun 1952 Paus Pious XII ngumumkeun Teori Bigbang 
> saluyu jeung doktrin-doktrin Kristen. Ari dina  teori Steady State, euweuh 
> awal jeung akhir, kaum agamawan teu bisa ngasupkeun faktor "pencipta" , 
> kulantaran kitu teori ieu sok dihubung-hubungkeun jeung atheisme atawa jeung 
> komunisme.  Debat ieu akhirna lekasan di tahun 1965, nu dimeunangkeun ku 
> Teori Bigbang nu meunang dukungan ti hasil-hasil panalungtikan astronomi 
> radio jeung ku saurang fisikawan teoritis nu jadi kasohor Stephen Hawking.
> 
> Kaum agamawan surak, doktrin agama aya kacocogan jeung Sains. Tapi teu lila 
> surakna,  Stephen Hawking ahli fisika nu "ngaruntagkeun" Teori Steady State, 
> ngameunangkeun Teori Bigbang, nu bukuna "The Brief History of Time"  loba 
> dicutat ku kaum agamawan, dina buku pangakhirna "The Grand Design", malah 
> nyebutkeun Tuhan "teu pipilueun" dina ngabentuk alam semesta.  Tanggtu we 
> tulisan Hawking ieu, matak ngahuleng kaum agamawan jeung  jalma awam.  
> 
> Lamun nempo kitu, rarasaan mah mending pisahkeun we sains jeung agama teh,  
> da geuning "dhijikeun" mah malah jadi kacau. Agamawan teu perlu pipilueun 
> ngajustifikasi kana teori-teori dina sains, atuh kaum saintist teu kudu 
> ngadu-nagdu  teori sains jeung  doktrin agama. Keun we masing-masing ........
> 
> 
> Baktosna,
> WALUYA
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke