Lanjutan : Sabenerna antara Ilmu Pengetahuan jeung Agama teu kudu pajauh, malah kuduna mah jalan babarengan. Ngan………….. ngan bae Ulama2 utamana Islam, ngarasa yen mun geus nyekel Qur_an, nu diyakini Sampurna; teu meunang yakin ka nu sejen deui; utamana ka nu dianggap ti KAPIR ! Ieu pandangan, mungkin oge keur kaimanan mah aya alusna. Tapi maranehna teu sadar, yen Tuhan geus mere HUDA ka nu disebut jelema kapir tea; maranehna teu ngarti jeung teu hayang ngarti, naon sabab2na. Padahal geus jelas di na Al Qur_an oge aya parentah kudu NYIAR ELMU; kudu Ulil Albab Cerdas jeung loba Pengetahuaan, Ulil Abshar luas Pandangan. Eta kalimah2 teh, mun dijeroan hartina umat Islam kudu sadar, yen sampurnana Al Qur_an justru ku kalimah2 eta. Nu teu meleg2 marentah, tapi kudu dijeroan deui ku umat Islam. Jadi salian Agama, oge aya Ilmu Pengetahuan sejenna nu kudu dikali dikotektak ku umat Islam. Komo geus kitu teh aya pandangan nu kudu misahkeun agama jeung Elmu Pengetahuan; padahal duanana oge hakekatna mah sarua ti Pangeran , ti Tuhan, atawa ti Allah, justru ayeuna mah mun sadar, kuduna ngahijikeun pandaangan agama jeung Elmu Pengetahuan ! Sahenteu henteuna antara Al Qur_an jeung Ilmu Pengetahuan Tapi sigana, engke nu bakal paling kuat ngahalangan ka na PAMIKIRAN ieu, datangna teh lain ti Golongan kafir; tapi Justru ti Ulama Islam sorangan ! Naon sababna ? Nya meureun, maranehna kasieunan kaleungitan ku “pengikut”; jadi jelas mun aya sakaol nu nyebutkeun Islam bakal ancur ku Umat Islam sorangan; nya di dieu sigana mah jalanna. EOR 6 Pebruaari 2012 Senin
