Euleuh ! ari sugan teh penjahat nu rek ngabegal ? Tapi ieu mah megat teh bari “ngulem” Jalma; naha ngaran Pendekar Maung Sancang geus nepi ka dinya? Kitu pikiran Jalma bari semu kaget. Tapi nya, eta kareta teh dibawa we asup ka lembur Condet; Bella mani sepa2 pisan jeung ngadaregdeg, lantaraan nyangka Begal geus nangkep maranehna tiluan; ari Ricky mah tenang we da percayaeun pisan ka na kabisa Jalma. Nya nepi we ka imah Bang Nasir. Ari Condet teh hiji lembur nu can pati loba imahna ngan ukur belasan; Bang Nasir teh Oah di dinya sakalian jadi Tua Kampungna. Barang jol Jalma sabatur batur ka dinya, Bang Nasir kaluar ti imahna narima mani someah, tiluanana kacida dihormatna. Jalma nanya:”Bang Nasir, abang tahu aye dari mane ? “Wah, gue denger katenye dua anak mude atu item atu putih mengalahkan gerombolan Klabang Item; katenye si anak mude tuh namenye Jalma; yah setelah gua selidiki, gua denger Jalma mo lewat daerah nni; makenye gua nungguin.” Jalma:”Sebenernya gak perlu abang repot2 seperti nni; aye kan gak enak.” “Hahahaha, itu biase anak mude.” Salain ti disuguhan rupa2 hidangan Bang Nasir teu kapalang nanggap cokek; Bella jeung Richard oge milu gumbira, sabab bisa nempo kabudayaan lokal di eta tempat. Sanggeus kitu mah, gesat gesut maranehna neruskeun perjalanan. Dina perjalanan ieu kaciri ku Jalma, yen Ricky siga nu naksir ka Bella, tapi Bella na sigana biasa2 we, Jalma boga tekad rek ngajodokeun ieu dua sobatna, lantaran Jalma ngarasa duanana sarasi pisan mun ngajodo tea mah, lantaran pasti sakupuna. Barang jol eta barudak nu tilu ka Onderneming, disambut pisan ku Tuan Hendrik, komo barang nyahoeun yen nu datang teh Richard Chandler; tuan Hendrik kaciri bungah pisan; manehna nanya oge ka Chandler Jr, bisi aya pesenan ti bapana. Tapi Ricky nyebutkeun yen kadinyana lain urusan bisnis tapi urusan pribadi; khusus we cenah Darmawisata. Ricky ditempatkeun ku Tuan Hendrik di ruang tamu husus ; nya eta ruang tamu nu di hareup da ari Jalma mah, padeukeut jeung kamar nyi Emeh. Jalma ge rek dipindahkeun ka hareup, da aya hiji deui kamar tamu nu kosong, tapi Jalma nolak; geus betah cenah di kamar nu ti heula. Ayeuna Tuan Hendrik geus boga deui dua “bedinde anyar”; ari Nyi Emeh ditingkatkeun martabatna, jadi kapala palayan jeung kapala rumah tangga cenah. Jalma bungah pisan. Barang Nyi Emeh nempo Jalma , kacida Nyi Emeh bungahna; pokna nyarita:”Emh Jalma, maneh teh geus ngalantarankeun ibu diangkat jadi kapala di dieu. Ayeuna mah Ibu teh teu kudu loba teuing gawe, cukup ku nu sejen; ibu mah ngan ukur utah etah we.” “Alhamdulillah cek Jalma; emh punten ibu abdi lami pisan ka Batavia teh.” Walon Jalma. “Ah teu naon2 Jalma. Jeung bareto basa mimiti Ujang kadieu, kapan nanyakeun soal Leuwiseeng; tah ayeuna mah Ibu teh ngarasa senang jeung tengtrem; harita ujang teh rek nyarita naon. Da meureun nu geus kaliwat mah, teu kudu diceungceurikan. Ayeuna mah jalankeun wae, nu ayeuna keur disanghareupan.” HANCA
