atuh hji-hiji kang naros teh. mani wegah macana ge ari aya 17 mah...:). teu kajeueung we jawabanna sakumaha panjangna..:)
________________________________ Dari: Sp Saprudin <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Cc: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Senin, 6 Februari 2012 4:56 Judul: [kisunda] Kula rek nanya ka Jang Muhammad Zen Kahatur Juragan Muhammad Zen, mudah-mudahan Allah mere hidayah jeung pitunjuk kana jalan anu bener tur lempeng. Kula rek nanya ka ilaing, ieu pananyaan kula : 1. Naha maneh mikanyaah jeung ngamuliakeun Ahlul Bait Nabi? 2. Saha bae anu kaasup golongan Ahlul Bait Nabi? 3. Kumaha ngenaan isteri-isterina Nabi saperti Khadijah, Saudah, Aisyah, Hafshah, Ummu Salamah jeung lain-lain, naha maranehna kaasup Ahlul Bait atawa henteu? 4. Kumaha bisa diasupkeun kamenakan Nabi (Ali ra) sabage bagian ti Ahlul Bait, samantara isteri-isteri Nabi henteu dianggap AHlu Bait? 5. Kumaha bisa dasupkeun incu-incu Ali ra. anu henteu pernah nempo Rasulallah diasupkeun Ahlul Bait, samantara isteri-isteri Nabi anu biasa sare saranjang jeung Nabi henteu dianggap Ahlul Bait? 6. Naha bisa Fatimah lahir ka dunya, mun henteu liwat isteri Nabi nyaeta Kahdijah Ra.?Naha bisa Hasan jeung Husein lahir ka dunya mun henteu liwat isteri Ali nyaeta Fatimah? Tanpa ayana para isteri shalilah ieu, mangka moal aya sebutan Ahlul Bait Nabi. 7. Naha maneh agamana Islam? Kumaha carana Islam sampe ka maneh, sahingga maneh jadi saurang muslim? 8. Kunaon maneh mikahewa ka para Sahabat, ngutuk maranehna jeung ngahinakeun maranehna? 9. Naha maneh ngayakinan ayana Imam dina agama? Saha bae imam-imam anu maneh yakin sabage panutan dina agama? 10. Kunaon Syiah henteu ngasupkeun 4 (opat) Imam saperti Imam Hanfai, Imam Maliki, Imam Syafei jeung Imam Hambali? Naha urang Syiah ngaragukeun kaelmuan opat imam ieu? Naha elmu jeung kataqwaan opat imam ieu henteu sapadan jeung 12 imam Syiah? 11. Saha anu lewih maneh taati, Allah atawa imam Syiah? 12. Nurutkeun maneh, saha anu lewih hak warisan jabatan Khalifah sanggeus Rasulallah wafat? 13. Nurutkeun maneh mana anu leuwih utama ALi ra. atawa Huseun ra.? 14. Naha dina kayakinan SYiah diajarkeun pikeun ngamuliakeun awewe (isteri)? 15. Ceuk pandangan maneh, mana anu lewih utama, agama atawa politik? 16. Kunaon Syiah ngamusuhan kaum Sunni? Kunaon kahewaan kaum Syiah ka Sunni ngaleuwihan kahewaan maranehna ka jalma kafir (non muslim)? 17. Pananyaan anu akhir, Mun Syiah bener-bener rek ukhuwah, hayang duduluran, hayang ngahiji jeung Sunni, kunaon maranehna nyerang tokoh-tokok panutan Ahlu Suunah saperti Khalifah Abu Bakar ra., Khalifah Umar ra., Khalifah Utsman ra., isteri-isteri Nabi (khususna Aisyah jeung Hafsah), Abu Hurairoh, Zubair, Thalhah jeung lain-lain? Cig jelaskeun ka kula 17 pananyaan ieu.
