Kahatur Juragan Muhammad Zen, mudah-mudahan Allah mere hidayah jeung pitunjuk 
kana jalan anu bener tur lempeng.
Kula rek nanya ka ilaing, ieu pananyaan kula :
1. Naha maneh mikanyaah jeung ngamuliakeun Ahlul Bait Nabi?
2. Saha bae anu kaasup golongan Ahlul Bait Nabi? 
3. Kumaha ngenaan isteri-isterina Nabi saperti Khadijah, Saudah, Aisyah, 
Hafshah, Ummu Salamah jeung lain-lain, naha maranehna kaasup Ahlul Bait atawa 
henteu?
4. Kumaha bisa diasupkeun kamenakan Nabi (Ali ra) sabage bagian ti Ahlul Bait, 
samantara isteri-isteri Nabi henteu dianggap AHlu Bait?
5. Kumaha bisa dasupkeun incu-incu Ali ra. anu henteu pernah nempo Rasulallah 
diasupkeun Ahlul Bait, samantara isteri-isteri Nabi anu biasa sare saranjang 
jeung Nabi henteu dianggap Ahlul Bait?
6. Naha bisa Fatimah lahir ka dunya, mun henteu liwat isteri Nabi nyaeta 
Kahdijah Ra.?Naha bisa Hasan jeung Husein lahir ka dunya mun henteu liwat 
isteri Ali nyaeta Fatimah? Tanpa ayana para isteri shalilah ieu, mangka moal 
aya sebutan Ahlul Bait Nabi.
7. Naha maneh agamana Islam? Kumaha carana Islam sampe ka maneh, sahingga maneh 
jadi saurang muslim?
8. Kunaon maneh mikahewa ka para Sahabat, ngutuk maranehna jeung ngahinakeun 
maranehna?
9. Naha maneh ngayakinan ayana Imam dina agama? Saha bae imam-imam anu maneh 
yakin sabage panutan dina agama?
10. Kunaon Syiah henteu ngasupkeun 4 (opat) Imam saperti Imam Hanfai, Imam 
Maliki, Imam Syafei jeung Imam Hambali? Naha urang Syiah ngaragukeun kaelmuan 
opat imam ieu? Naha elmu jeung kataqwaan opat imam ieu henteu sapadan jeung 12 
imam Syiah?
11. Saha anu lewih maneh taati, Allah atawa imam Syiah?
12. Nurutkeun maneh, saha anu lewih hak warisan jabatan Khalifah sanggeus 
Rasulallah wafat?
13. Nurutkeun maneh mana anu leuwih utama ALi ra. atawa Huseun ra.?
14. Naha dina kayakinan SYiah diajarkeun pikeun ngamuliakeun awewe (isteri)?
 15. Ceuk pandangan maneh, mana anu lewih utama, agama atawa politik?
16. Kunaon Syiah ngamusuhan kaum Sunni? Kunaon kahewaan kaum Syiah ka Sunni 
ngaleuwihan kahewaan maranehna ka jalma kafir (non muslim)?
17. Pananyaan anu akhir, Mun Syiah bener-bener rek ukhuwah, hayang duduluran, 
hayang ngahiji jeung Sunni, kunaon maranehna nyerang tokoh-tokok panutan Ahlu 
Suunah saperti Khalifah Abu Bakar ra., Khalifah Umar ra., Khalifah Utsman ra., 
isteri-isteri Nabi (khususna Aisyah jeung Hafsah), Abu Hurairoh, Zubair, 
Thalhah jeung lain-lain? Cig jelaskeun ka kula 17 pananyaan ieu.

Kirim email ke