Saenyana nu
hayang diomongkeun teh loba pisan, tapi ari geus prak diketik hese ngomongna,
tapi eta teh ngagambarkeun memang “kanyaho” urang masih heureut pisan.

Nu matak
bener cariosan Kang Gus Maman, urang mah tetep masih BODO.

Nu jelas
intina mah nu rek diomongkeun atawa ditanyakeun teh, nya eta :

Kapan Islam
teh cenah Rahmatan lil Alaamiin. Nu cek anti Islam mah cenah : Laknatan lil
Alamiin cenah.

Ayeuna
kuring rek nyoba nyarita make kaca mata nu NETRAL; bari tetep aya di na
kaimanan ISLAM. Naha bisa ? Duka. Da eta ge pikeun panilaaian Jalma rea,
utamana nu aya dimilis Kisunda ieu.

Ngahaja
tulisan nu kieu teu dikirim ka milis sejenna, lantaran naon ? di Kisunda
wungkul oge, can puguh kuring bisa ngabela ieu tulisan, mun aya kritik ti ditu
ti dieu. Can puguh kuring bisa nyacapkeun hate para nu nanya. Jadi ku sabab
Ilmu jeung kanyaho kuring Kacida heureutna, nya nulis ge diwatesan we ku Milis
KiSunda wungkul. Eta ge susuganan pas deuih.

Mungkin wae
pertanyaan2 atawa kapanasaran kuring teh loba sarua jeung kapanasaran
baraya2 sejenna, ngan teu wani atawa tacan pok meureun. Nya ayeuna kuring
ngamimitian. Naha ieu tulisan cukup ngawakilan ?

Tangtu we
jauh ti cukup mah; ngan wae kuring boga kayakinan sautak saeutik aya ngawakilan
nu sejen.

Saenyanaa
mah, di ieu Milis ( Ki Sunda ); loba atawa aya oge nu sok rajeun ngritik Agama;
utamanaa ka Islam. Saperti Gus Maman, Ilen Kardani, Bah Willy, Kang Engkus
Ruswana jssd ( jeung sejen2na deui ). Malah kadang2 pertanyaan atawa kritikna
masing teu vulgar tapi nyeleneh oge. Samodel kritik ka MUI. Kritik ka Oma
Irama, masalah goyang dangdut. Kritik masalah budaya samodel jaipongan jrrd.

Nu matak !
kade ka nu ngadagangkeun MAZHAB, atawa Sekte Islam, kudu ati2 pisaan, lantaran
naon ? Tong boro Mazhab kapan, dalah Islam sagemblengna oge dikritik ?

Malah ayeuna
mah Nabi Muhammad Saw oge lain wae dikritik, tapi dihujat; pada nyarekanan,
nepi ka nyieun Video Fitnah, nu nyaritakeun Nabi Muhammad memperkosa dlsb.

Bisa wae
urang nyebutkeun eta bakal dilaknat ku Allah ! Tapi lain ngan ukur kitu, urang
ge kudu usaha, ulah nepi keun ka predikat rahmatan lil alamiin robah jadi
laknatan lil alamiin. Di na waktu ieu mah eta kecap teh sakadar FITNAH, memang.
Tapi urang kudu ati2 cing tempo kumaha WAJAH Islam ayeuna ? Nyata atawa henteu
rahmatan lil alaminna teh ? Cing coba alak ilik make kacamata nu jujur !

Ulah
ngabenerkeun nu salah; ulah ngalelempeng nu geus puguh bener.

Cing
pikirkeun di mana rahmatan lil alaminna Islam teh ? Naha tindakan2 Muslim
sadunya geus nuduhkeun pikeun meunang predikat Rahmatan lil alamiin ? Atawa
naon nu dilakukeun ku Umat Islam teh rek kitu rek kieu, ku urang kabehanana
dianggap rahmatan lil alamiin ?

Cing ieu
brain storming teh aya teu nu haat nunjukkeun ?

Cing nepi ka
mana ieu brain storming teh jalanna !?

 

EOR, Rebo, February
8, 2012

Kirim email ke