Carpon - GONJANG-GANJING Ku Godi Suwarna NU NGADEUGDEUG beuki lila beuki tumplek. Ti manamana jelema ngabandaleut ngudag béja. Pangeusi kota galécok di jalan di pasampangan. Kota ngaguruh lir ditarajang caah déngdéng. Kota eundeur ku sora léngkah pangeusina nu palid ka alun-alun.
”Ah ....” ”Teu percaya?” ”Lain kitu. Asana téh ....” ”Kajeun teu percaya mah!” ”Héy! Héy! Dagoan!” ”Gancang bisi kapodosan!” Jalan macét. Tutumpakan tingjalugrug lantaran nu tarumpakna kaséréd banjir jelema. Toko-toko tarutup. Kantor-kantor jeung sakolaan ngadadak libur sanajan lain waktuna. Saréréa ngagaredig. Saréréa rurusuhan. Saréréa panasaran. ”Ka mana cenah lumpatna?” ”Béjana mah ka alun-alun!” ”Hayu atuh!” ”Dokter moal nanaon kitu?” ”Geus jicir ti heula jeung jururawat!” ”Kumaha, nya? Nirisan deui yeuh!” ”Harudum ku simbut. Sakalian wé mawa obat!” ”Nam!” Nu diudag kasedekkeun di alun-alun. Sanggeus culang-cileung sakeudeung, térékél naékan munara masjid dihoyah-hoyah ku saréréa. Nu tinggorowok beuki maceuh. Batu bur-ber malédogan masjid. ”Wah, masjid dibalédogan?” ”Héy, montong malédogan masjid!” ”Lain malédog masjid déwék mah!” ”Keuna kana masjid, deuleu!” ”Paduli!” ”Goblog! Doraka siah!” ”Jeun teuing!” Nu nyarék teu didéngé. Sagala nu bisa dibalédogkeun bur-ber dibalédogkeun. Kenténg jeung kaca masjid pareupeus, taya nu miroséa. Merebot kaluar tibuburanjat bari ngamang-ngamang panakol bedug, kalah disarurakan. Tungtungna mah nu nyarék gé kabawakeun malédogan. ”Gedé pisan, nya?” ”Kingkong téa kitu?” ”Enya. Jiga nu dina pilem!” ”Tapi naha teu ngaruksak, nya?” ”Da lain dina pilem ieu mah!” ”Aéh heueuh, nya!” Nu dikepung ngayekyek dina munara. Batu nu kabeneran kasanggap dibalédogkeun deui ka handap. Nu di handap teu kaburu nyingcet da puguh heurin usik. Kapaksa sirah ngahédenan batu. ”Awas!” ”Bayangan! Bayangan!” ”Mundur! Mundur!” ”Mundur ka mana?” ”Ka mana? Ka tukang, monyong!” ”Hésé!” ”Sakieu teu bisa hitut-hitut acan téh!” Nu di luhur teu katutuluyan malédogan nu di handap barang ngadéngé sora adan ngalanglaung. Nu ngepung jongjon malédogan munara masjid sanajan nu ngajak solat nongtoréng dina pangeras. Nu dikepung ukur gogodeg nénjo masjid karancang tapak batu. ”Enya kingkong éta téh?” ”Heueuh. Na naon atuh?” ”Asa ngimpi ....” ”Nyiwit kulit geura!” ”Bedul téh! Nyeri geuning!” ”Nya?” ”Enya!’’ Batu ledis. Nu dikepung angger nangtung. Bedil rancung ditojokeun ka lebah munara, ngincer nu ngabedega. Nu diincer hulang-huleng, di handap taya lahan piloloseun. ”Témbak!” Borobot bedil neregteg nyéntangan munara. Nu diincer ngoréjat reuwaseun barang ngarasa réa nu panas norobos kulitna. Pélor nyasar tingbelentrang ninggang beusi munara. Nu diincer tagen kénéh pisan sanajan réwuan pélor nyarayang dina awakna. Getih nyurulung maseuhan munara. ”Naha silaing eureun?” ”Béak pélor!” ”Teu réngrot-réngrot geuning, euy?” ”Sugan kudu ku mariem, nya?” ”Tah! Enya ku mariem geura!” ”Mariem! Sodorkeun mariem!” Golosor. Mariem ngadarangong. Jelema surak ayeuhayeuhan. Nu di luhur samar polah. Luak-lieuk, jelema ranghap sakuriling bungking. Tanggah ka langit, nu diarep-arep tacan témbong kénéh baé. ”Sok atuh témbak!” ”Ké da kudu aya pélorna!” ”Pélor! Mana pélorna?” ”Étah! Ulah didiukan!” ”Ampun aing mah!” ”Pélor dijieun jojodog?” ”Bebeskeun tah kana liangna!” ”Siap?” ”Siap!” ”Témbak!” Geleger! Geleger! Geleger! Alun-alun poék ku haseup. Sanggeus haseupna nyingray, katénjo masjid runtuh, munarana déngdék. Saréréa surak barang nénjo nu diincer dewang palebah dadana. Panonpoé ngoléséd lalaunan teu kaduga nyaksian kajadian handapeunana. Ti langit aya nu tarik nyuruwuk muru ka lebah munara, muru nu tatu. Cahayana tingbaranyay nyaangan munara, nyaangan alun-alun, nyaangan kota. Saréréa rungah-ringeuh nénjokeun barang nu ngalayang ngadeukeutan munara. ”Naon, euy?” ”Ssst! Piring terbang!” ”Deuleu étah! Piring terbang!?” ”Rék nanahaon cenah?” ”Teuing!” Piring terbang ngarandeg luhureun munara. Pantona muka. Aya nu tuturubun tina tarajé nu ngahaja disodorkeun tina pantona kana munara. Jubahna nu bodas ngélébét katebak angin, buukna ririaban diulinkeun angin peuting. ”Malaikat ....” ”Cék saha?” ”Sok nyanyahoanan!” ”Malaikat! Kungsi nénjo gambarna!” ”Gandéng ah! Sok nu lain-lain waé!” ”Saha atuh? Puguh enya malaikat!” ”Malaikat naon nya?” ”Sssst!” Nu dijubah jeung nu tatu ngobrol daria dina munara. Saréréa taya nu wani nyarita, taya nu usik-usik acan. Saréréa ngabatu. Saréréa tanggah. Réwuan mata museur neuteup nu di luhur. ”Naha aranjeun teu warawuh ka ieu lutung?” Omong nu dijubah bari nunjuk ka nu tatu. Sorana halon tapi atra kadéngé ku balaréa. Jempling. Hawar-hawar kadéngé ajag babaung handapeun bulan nu keur anteng mencrong peuting. Jam gedé nu ngabedega di tengah réwuan jelema ngabelentrang salapan kali. Teuing ti mana datangna, réwuan gagak ngabring haliber ngurilingan kota bari teu eureuneureun disarada tingkocéak. ”Buka geura bajuna!” cék nu dijubah bari neuteup lutung gedé nu keur cinutrung gigireunana. Nu dititah morosotkeun kulit lutung tina awakna, salin jinis jadi waruga jelema percéka sanajan geus aya umur. ”Guruminda!” aya nu nyelengkeung tarik pisan. Nu dijubah unggeuk bari imut. Guruminda ngusap raheut na dadana, liput harita kénéh. Pélor nu rangseb dina awakna disintreukan. Kulit lutung dialak-ilik tuluy dikebut-kebutkeun, sésa pélor racleng tingkolontrang ninggang beusi munara. ”Hanjakal ngan saurang pisan nu wawuh ka Guruminda! Jurupantun?! Tangtu anjeun Jurupantun. Ku naon balaréa nepi ka kasamaran?” cék nu dijubah. ”Ayeuna mah tara aya nu daék ngabandungan caritaan kuring, nun!” témbal jurupantun bari ngusapan kacapina nu belewuk. ”Paingan atuh ari kitu mah ...,” nu dijubah ngagerendeng. Guruminda ngarahuh sanggeus ngadéngé omongan jurupantun. Mun seug manéhna ngagugu pangajak napsu mah moal boa kota téh geus rata jeung lemah. Untungna manéhna diparengkeun éling kénéh kana kawajiban nu kudu dijalankeun di éta kota. ”Ngahaja kula téh turun ti jabaning langit hayang ngalongok leuweung tempat baheula kula kasarung, bari sakalian hayang jonghok jeung turunan. Kula teu nyangka, leuweung gerotan téh horéng geus robah jadi kota geledegan. Ngan hanjakal anak-incu nu ku kula dipisono bet téga rék ménta nyawa!” cék Guruminda. Nu di handap silih teuteup jeung baturna. ”Saha turunanana téh nya?” ”Nya tangtu kana lutung deui baé!” ”Sarupaning oa, surili, gorila ....” Nu di handap moyég, tingkecewis, haharéwosan. ”Aranjeun turunan Guruminda téh! Turunan Guruminda jeung Purbasari!” omong nu dijubah. Saréréa tingrarénjag. Saréréa teu percaya kana caritaan nu dijubah. Jelema motah, ngaromong pacowong cowong. Bulan ngoréjat kagebah ku nu ngaguruh. Gagak ngabrul pabuis luhureun alun-alun. ”Jurupantun! Caritakeun lalampahan Sanghiang Lutung Kasarung susuganan saréréa aréling ka purwadaksina. Gancang naék ka dieu!” nu dijubah ngagorowok mapakan sora-sora nu séjén. Jurupantun seseleké nyingray-nyingraykeun batur. Rada hésé rék ngahontal hambalan tangga munara téh sabab jelema padedet pisan, malah sakapeung mah kapaksa manéhna nincakan taktak batur. Sanggeus anjog ka handapeun munara, jurupantun ngahégak bari nyusutan késangna. Jurupantun nérékél ngélék kacapi belewuk diténjokeun ku nu séjén. Dor! Saméméh nepi ka puncak, jurupantun ngerejet tuluy ngoléang ragrag. Nu dijubah jeung Guruminda ngahuleng teu bisa majar kumaha nyaksian jurupantun nu awakna acak-acakan ninggang hunyudan batu. Balaréa sarurak éak-éakan. ”Hadé tah témbakan téh!” ”Lain gé jago témbak teu kitu-kitu acan mah!” ”Keuna kana huluna, nya?” ”Enya. Huluna pisan!” ”Muncrat euy! Hébat lah!” Guruminda jeung nu dijubah teu eureun-eureun gogodeg. ”Aranjeun leuwih kejem batan ajag! Ajag onaman tara ngahakan baturna. Beu, geuning turunan kula kudu ngalaman kasarung di tengah kota,” Guruminda ngagerendeng. ”Saha manusana nu daék disebut turunan lutung?! Guruminda! Cék agama ageman saréréa di dieu, jelema mah turunan Adam lain turunan silaing, Lutung!” kokolot balaréa ngagorowok dihaminan ku nu séjén. ”Mun enya gé aranjeun ngagem agama, tangtu moal téga ngaruntuhkeun tempat ibadah. Ténjo! Masjid geus runtuh. Teuing sabaraha urang nu keur solat jadi korban alatan napsu aranjeun nu teu kabendung!” cék nu dijubah. ”Naha atuh silaing bet ngajedog dina munara, Lutung?” cék kokolot nyalahkeun Guruminda. ”Bongan sia deuleu!” ”Cacak mun sia teu lumpat ka munara...” ”Coba mun ka kebon binatang mah!” ”Lutung téh siah!” Guruminda ukur kerung ngadéngé nu ribut nyalahkeun téh. ”Nu matak kula lumpat ka masjid téh tadina mah sugan aranjeun aréling, susuganan napsu aranjeun nu sok mindeng ngajak maéhan sasama téh bisa leler mun diamprokkeun jeung tempat ibadah. Tapi hareupeun masjid pisan aranjeun wani maéhan jurupantun nu teu tuah teu dosa. Ari kahayang kula mah cik atuh aranjeun téh ulah miyuni sato teuing sanajan turunan lutung gé!” ceuk Guruminda. ”Deuleu étah geus pok deui baé? Na kudu nepi ka jebléh biwir déwék mun nyarita jeung silaing? Yeuh, turunan silaing mah loba tuh di kebon binatang!” kokolot némpas bari kekerot. ”Saréréa gé jelema, di dieu mah. Teu kadeléh!” ”Aing mah teu rumasa turunan lutung siah!” ”Aing disebut sato? Teu kira-kira!” Nu di handap alahbatan nyiruan pindah. ”Jadi aranjeun teu narima mun disebut turunan sato?” omong nu dijubah leuleuy. ”Teu! Teu rumasa!” nu di handap saur-manuk. Nu dijubah ngarérét ka Guruminda. Guruminda unggeuk- unggeukan bari nangkeup harigu. Aya imut nu nyumput na juru biwirna ”Mun aranjeun teu rumasa turunan sato, geura eureunan karesep ngala nyawa sasama téh. Prak geura buktikeun kasanggup aranjeun hirup bari jeung teu dibarengan ku pakarang nu samagréng, ku borobot sora bedil! Sanggup?” omong nu dijubah. Taya nu némbalan. Saréréa mencrong kokolot. Kokolot ngaharéwos ka nu nangtung gigireunana. Nu diharéwosan ngaharéwos deui ka nu séjén. Haréwos tatalépa, nerekab tina ceuli kana ceuli. Saréréa unggeuk nyatujuan maksud kokolotna. ”Kumaha? Sanggup atawa henteu?” Guruminda teu sabar. ”Sanggup!” témbal nu di handap raéng. Guruminda jeung nu dijubah silih teuteup. Duanana imut bungah ngadéngé jawaban nu geus lila didagoan. Harepan nu méh leungit mimiti némbongan deui. Bulan beuki ngebrak. Gagak ngabring haliber ngajauhan alunalun. ”Perang téh lain hiji-hijina jalan pikeun nanjeurkeun karaharjaan di dunya. Malah sabalikna, nya perang pisan nu bakal ngalebur dunya! Lain ngan dunya wungkul nu baris tumpur mun kajadian perang rongkah téh, béntangbéntang katut pangeusina tangtu bakal kababawa ancur. Tegesna mah kiamat téh datangna nya ti aranjeun kénéh baé. Sabab kitu, prak geura piceun bedil aranjeun sing jauh! Alungkeun pakarang aranjeun nu jaga bakal mawa mamala!” nu dijubah nyarita pinuh ku sumanget ngagedur dina dadana. Nu di handap ngacungkeun pakarang bangun nu keur ngawahan rék ngalungkeun bedil-bedilna. Guruminda imut beuki leleb kitu deui nu dijubah. Duanana ngarasa yén tugas nu dipancénkeun ku dununganana baris téréh lekasan kalawan hasil nu nyugemakeun. Bulan béngras. Langit beresih. Gagak haliber ninggalkeun kota. ”Korban nu geus kapalang balatak sing jadi luang pikeun pikahareupeun! Itung-itung wadal keur katengtreman dunya nu bakal kasorang ku saréréa. Kiwari geus cunduk kana waktuna aranjeun silih asih silih asuh jeung sasama. Lenyepkeun papatah kolot baheula! Éling-éling masing éling. Rumingkang di bumi alam. Darma wawayangan baé. Raga taya pangawasa. Lamun kasasar nya lampah. Napsu ...,” nu dijilbab ngarandeg nyaritana lantaran aya kajadian nu teu disangka-sangka ti anggalna. ”Témbak ...!” kokolot ngagorowok ngahucuhkeun balaréa. Bedil gedé bedil leutik nu jiga rék dialungkeun téh méh bareng diborobotkeun. Saréréa némbakan munara. Nu teu nyekel bedil bur-ber malédog ku batu. Kota pinuh ku haseup. Kota eundeur lir diendagkeun lini gedé sabab salian ti sora bedil, saréréa tinggorowok patarik-tarik, teu puguh kadéngéna. Guruminda jeung nu dijubah ngembang kadu tina ku teu nyangka baris kitu kajadianana. Bulan ngoléséd nyamuni tukangeun indung peuting nu ngadingding jiga bénténg nyanggéréng rék ngurugan kota. Réwuan gagak tingkocéak napuk langit nu kebek ku bau pélor. ”Kumaha ari geus kieu?” Guruminda ngagerem bari ngeprukan pélor tina awakna. ”Ubrak-abrik waé kitu sakalian? Kapalang ruksak ...,” Guruminda ngagidir nahan amarah. ”Ih, ulah sarua gélona! Antep kumaha karepna baé. Ayeuna mah leuwih hadé urang pikiran baé kumaha cara sangkan lembur urang teu kabawa ancur mun dunya lebur. Hayu ...!” omong nu dijubah bari tuluy mapay tarajé muru piring terbang. ”Alahbatan monyét ...,” Guruminda ngaléos nuturkeun nu dijubah. Geleger! Geleger! Munara ancur ku pélor mariem sanggeus Guruminda jeung nu dijubah hanjat kana piring terbang. Belesat piring terbang ngawang-ngawang ninggalkeun sora nu ngaguruh jeung haseup nu mulek moékan kota. Ngan sajorélat piring terbang kaluar ti wewengkon dunya balik deui muru ka tempat asalna. Nu di handap leungiteun inceran sabulang béntor némbak-némbakkeun bedilna, tungtungna silih témbak jeung pada baturna. Saréréa campuh bari teu puguh nu mana musuh nu mana balad. Bray beurang kota robah jadi leuweung geledegan. Nu campuh salin jinis jadi monyét, jongjon silih rewég silih cakar. Bangké monyét ngahunyud disasaak réwuan gagak.• Catetan: Tina "Murang-Maring," Kumpulan Carita Pondok Kénging Godi Suwarna, PT Kiblat Buku Utama, Bandung, 2004.
