QALBU

 

Cek jelema2 kiwari nu
“Ilmiah”; pajarkeun feeling teh euweuh; aya ge thinking cenah; lantaran kabeh
ge ngawengku ka na gawe uteuk. Ngan uteuk dibagi dua cenah; uteuk kenca jeung
uteuk katuhu. Masalah ieu jelas kuring teu pati ngarti.

Tapi peuting kamari,
kuring papanggihan nu rada aheng; da kakara ayeuna pisan karasana teh; baheula
mah can ngajaran nempo atawa ngarasa kajadian model kitu; duka kuring sorangan
duka batur oge geus ngajaran ngalaman anu cara kuring harita.

Kuring teh keur
mikirkeun hiji hal nu pelik, jeung istighfar ka Gusti; lantaran loba kapeurih
hate………………..   naa atuh……………. Rarasaan
jeung mani asa nongtoreng ………….

Ngan moal kadengeeun ku
batur……………… Jerit …………. Tina ANGEN sora tarik ngajerit………….. nu kadengena
nongtoreng ka na ceuli kuring, tapi moal kadenge ku batur mah. Rasana teh ti na
angen…………… meureun eta sugan Qalbu teh !@

Wah jadi kabuktiaan
lain uteuk wungkul nu fungsi teh; nyata HATE/Qalnu ge bisa nyarita, ngan arang;
urang lolobana noroweco di na uteuk, bari silih bantah………… jadi salian ti
uteuk urang; nyata hate urang ge bisa milu ngocomang.

Kumaha ngajelaskeunana
sacara Ilmiah? Duka………….. tapi eta kajadian teh enya pisan kasorang ku kuring.

Wallahualam………… kuring
hese nerangkeunana.

 

Kirim email ke