waduh, hepi ending heunteu nya? Kumaha eta anu masantren? moal kitu maehan maneh atawa malahan nekad? Ari Bella kumaha tah? Jadi panasaran yeuh!
mrachmatrawyani ________________________________ From: Abbas Amin <[email protected]> To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Sent: Wednesday, February 15, 2012 8:36 PM Subject: [kisunda] Cersil Sunda ka 79 Nyi Emeh melong we ka Nyi Syarifah, enya geulis ieu budak teh, cacakan keur nyeuseuh; jauh atuh Nyi Epon mah, pantes Jalma teu kagoda, boh ku Bella, boh ku Nyi Epon. Enya pantes ieu budak teh keur anak aing; jaba beunghar, jaba bapana Ajengan nu pinter ngaji. Rek neangan nu kumaha deui ; kitu pikiran Nyi Emeh harita. Nyi Ojoh kaluarna rada pandeuri, lantaran biasa dandan heula saeutik bari rusuh. Tuluy narima Nyi Emeh mani someah pisan. Nyi Emeh oge resep kana panampa Nyi Ojoh nu someah jeung daria pisan. Terus we ngarariung, ngarobrol; mimiti basa basi heula. Ari Syarifah gancang ka dapur; teu lila geus balik deui bari mawa cai jeung lalawuh sabaki gede. “Ih teu kedah repot2” cek Nyi Emeh. “Ah henteu, atuh biasa we ; kapan embok teh ti nu tebih; panginten cape; sok atuh dileueut kainyah.”Cek Nyi Ojoh. Ari Syarifah mah leos deui ka luar ti dinya; biasa bari milu ngadedenge ti na balik panto. Da manehna hayang nyaho naon sababna Jalma jeung eta ibu daratang ka imahna ? Nyi Emeh bari ngasongkeun bungkusan oleh2 ka Nyi Ojoh pok nyarita basa basi:”Ieu Ayi, euceu mah teu ngabantun naon2; ieu mah lumayan we, da ari sae mah henteu.” “Naon mani repot2 kitu atuh Euceu.”Cek Nyi Ojoh jeung Aj. Salim meh bareng. Tapi Nyi Ojoh terus nampanan eta oleh2 dibawa ka jero; terus balik deui; nyanghareupan tamu. Bari rada heran saha Ieu Ibu nu marengan Jalma teh? “Tangtos Ki Ajengan sareng Ayi, kaget ningali euceu kadieu sareng Jalma ( Nyi Emeh ngaeuceukeun ); Euceu teh saenyana mah indung Jalma pituin............” “Haaah............ rada reuwas oge Aj. Salim jeung NYi Ojoh ku teu nyangka Jalma masih boga indung keneh; Nyi Emeh ge sadar yen Aj. Salim jeung bojona pasti bingung; derekdek wae nyaritakeun lalakonna, nepi ka akhirna kanyahoan yen Jalma teh pituin anakna. Alhamdulillaah, cenah cek Aj. Salim jeung bojona. Terus we tiluan uplek ngobrol, ari Jalma mah ti tatadi ngarerepeh we; sanggeus rada lila ngobrolna, Nyi Emeh ngadehem heula. Pok nyaritakeun masalah Jalma jeung Nyi Ipah; kumaha pamendak Ajengan Salim, cek Nyi Emeh. Cek Aj. Salim:”Ah ari di kuring mah caang bulan opat welas nampi pisan; iraha2 wae Jalma tos siap kuring sadia; jeung teu kudu babawan naon2 cukup keur mahar we.” “Atuh pesta, cenah, eta mah tanggung jawab kuring.” Cek Ajengan Salim daria pisan. Kolomprang ! Cenah dibalik panto siga aya nu ragrag. Sarerea rada reuwas oge ; terus we Aj. Salim nyalukan anakna:”Naon eta nu ngolomprang teh ? Ipah ka dieu nyai; yeuh ama rek aya caritaan.” Bari aluman alimen jeung beureun beungeut Syarifah kaluar; bari ngadegdeg, pok nyarita:”Aya pikersaeun naaon ama ?” Aj. Salim:”Ieu yeuh Ceuk Emeh, Ibuna Kang Jalma.” “Oh ? ........... ngan sakitu Syarifah terus tungkul deui. “Tah cenah Nyi Emeh kadieuna teh rek nanya ka Nyai, cenah panuju atawa henteu lamun Kang Jalma jadi salaki NYai ?” Aj. Salim togmol nanya anaknya. Mani beureum beungeut Nyi Syarifah ditanya kitu ku bapana; padahal mah tadina kapan nyebutkeun moal duakalian nanya rek tarima we; tapi ayeuna mah Syarifah teh lain deui ngajawabna, pokna :”Ah abdi mah ama, kuma ama jeung ibu wae; da abdi mah ngaranna ge anak, bakal nurut kumaha kapalay sepuh.” “Tah geuning kitu, cenah Ceuk Emeh; tah kumaha ari Aceuk ?” Nyi Emeh daria pisan :”Alhamdulillah, nuhun pisan ka na kasaean Ajengan sareng garwa; kitu deui ka ieu Nyi Ipah nu geulis nu manis, nganuhunkeun pisan; tah atuh ari kitu mah geus puguh; kumaha mun ieu barudak si na kalaluar heula; urang ngobrol nu leuwih paheut deui.” HANCA
