tadi enjing teh pendak sareng kang Agus Aris Munandar, Prof.Dr. waktos acara 
rapat Senat Akademik Universitas.
Ngobrol perkara seminar di Bali Minggu kalangkung anu dihadiran ku Openheimer, 
anu nalungtik Atlantis/Sundaland. Ceuk cenah juragan Heimer teh nuju milarian 
rekanan paguron di Indonesia pikeun gawe bareng nalungtik Atlantis. Eta oge tos 
ngajak salah sahiji paguron luhur di Kedah Malaysia. Tapi asa teu afdol upama 
teu aya paguron luhur di Indonesia anu dilibetkeun.

Perkara gunung Sadahurip sareng Gunung Padang, para ahli arkeologi tos mufakat 
perkara Gunung Padang. Di dinya mah mung aya punden berundak. Kapungkur mah aya 
opatwelas, tapi ayeuna mung kantun  genep. Di Sadahurip, teu aya pendapat ti 
para arkeolog naha aya piramid atanapai heunteu. Sapertos anu tos dijentrekeun 
ku Mang Jamal, jaman masih aya Juragan K.F. Hoelle keneh, teu aya raratan 
piramid di Gunung Sadahurip. Kang Agus oge malihan mah diajak ku rektor UI, 
jalan-jalan ka Sadahurip Garut. Kuring diajak kang Agus, sangkan tiasa 
ngadokumentasikeun kaayaan di Sadahurip. Duka iraha tah, Rektor UI na oge masih 
paciweuh ku padamelan.

Tina obrolan eta, bras ngobrolkeun kang Adit ti perpustkaan Pusat anu laporan  
perkara Prasasti Kawali. aya sababaraha vesi terjemahan prasasti Kawali. Tapi 
ari Saur Kang Agus mah, terjemahan mang Hasan Djafar anu paling valid mah. 
Margi anjeunna kaetang senior sareng "mumpuni" dina perkara maca prasasti.
Teras obrolan teh bras ka Cupumanik (kang Atep). Kang Agus gaduh ide ngayakeun 
seminar perkara Prabu Siliwangi anu  engkena diserat di majalah Cupumanik.
Kang Agus Nitenan kunaon para ahli kasundaan "males" nyerat di media anu 
"berbahasa" daerah, margi pihak Depdikbud heunteu ngalebetkeun artikel dina 
basa daerah  janten "kum" pikeun penilaian kaaktifan hiji dosen. Tapi ku ayana 
aturan ti Depdikbud, skripsi/tesis/disertasi kedah dipublikasikeun di jurnal 
ilmiah taun ieu oge, sigana ieu teh hiji kasempetan pikeun media  anu berbahasa 
daerah janten tempat pikeun ngapublikasikeun skripsi/tesis/disertasi. Margi 
jurnal ilmiah dina basa Indonesia oge masih terbatas. kabayang ngantrina para 
calon Sarjana/pascasarjana anu hoyong artikelna dimuat di jurnal ilmiah. Ku 
kituna, ieu teh hiji kasempetan pikeun media anu berbahasa daerah pikeun 
nampung tulisan skripsi/tesis.  Media basa daerah eta kantun diaudit atanapi 
diakreditasi  supaya tiasa lebet kategori jurnal ilmiah.
Bayangkeun wae, aya sabaraha rebu mahasiswa sa Indonesia, anu ngantri supaya 
skripsina tiasa dimuat di jurnal ilmiah. Malihan mah aya nu ngusulkeun sangkan 
media online siga kisunda/urangsunda janten tempat dimuatna hasil karya ilmiah 
mahasiswa. Paling heunteu pan, publikasi di media online dibaca sareng 
terjangkau ku khalayak pembaca anu luas.  Masalahna media basa daerah atawa 
media online, aya heunteu editor khusus anu nyeleksi dina widang kailmiahanana?

baktos,

mrachamtrawyani

Kirim email ke