Leres luas biasa Qalbu mah, Kang. Ku luar biasana imam ghazali khusus ngabahas 
dina kitabna "Ihya Ulumiddun" bab "Ajaibul Qalbi" = kaajaiban-kaajaiban Hate.
Saur anjeuna hate teh aya dua pangartian, kahiji nu mangrupa raga badag nu 
ayana dina dada beulah kenca (jantung), kadua mangrupakeun nu sifatna ruhani. 
Hate teh ibarat raja, anggota badan jadi ponggawana. Ponggawa kudu tunduk kana 
titah raja, kakara hirup beres. Tapi lamun raja geus tunduk ka ponggawana (hawa 
nafsu) nya eta nu disebut nuturkeun hawa nafsu teh. ... saterusna ceuk Imam 
Ghazali nu jadi pusat kasadaran mah nyaeta hate, beda jeung pamadegan Dr. 
Wahbah Zuhaily, saur anjeuna pusata kasadaran mah ayana di otak. Salah sahiji 
buktina, ceuk kedokteran modern nu disebut kematian hakiki nyaeta kematian otak.


Dina Al-Qur'an aya lafal "Qalbu" jeung "Fuad". Nu ngabogaan harti nu sarua 
nyaeta hate, tapi sim kuring yakin masing-masing ngabogaan makna nu istimewa. 
Simkuring kantos maca-maca ngeunaan makna-makna semantik dina qur'an, didinya 
aya pamadegan yen teu aya lafal nu murodif dina Qur'an sakumaha kayakinan Prof. 
Syahrur, dikuatan ku mufassir istri, Aisyah bintus Syati (murid sareng istri 
Amin Al-Khuli, pakar bahasa Arab), diwuwuh ku ahli bahasa ti Barat Prof. Dr. 
Isa Boulatta. 



________________________________
 Dari: Gus Maman <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Jumat, 17 Februari 2012 0:14
Judul: Bls: [kisunda] Qalbu
 

  


Leres da kitu, upami bade diilmiahkeun sesah milari pibasaeun nana.
Ghoib tea kasebatna. "Kesadaran" osok dikuat-kaitkeun jeung akal anu aya dina 
otak, janten misteri naha "kesadaran" tetep lumangsung sanajan fisik geus 
dikubur atanapi liren/eureun. Upami dina psikologi mah aya kasebat istilah 
'super-ego, ego, sareng id/naluri/instink". Aya istilah nu sanes nyaeta nu 
nyebat aya qorin/badan rohani, aya oge jirim/badan jasmani. 

Nu puguh mah Bah Abas Amin, keur si kuring mah masih goib, nembe apal teh nembe 
kana tulisanana wungkul. :)

Salam
mz

------------------------------
Pada Kam, 16 Feb 2012 10:09 ICT Abbas Amin menulis:

>
>
>QALBU
>
> 
>
>Cek jelema2 kiwari nu
>“Ilmiah”; pajarkeun feeling teh euweuh; aya ge thinking cenah; lantaran kabeh
>ge ngawengku ka na gawe uteuk. Ngan uteuk dibagi dua cenah; uteuk kenca jeung
>uteuk katuhu. Masalah ieu jelas kuring teu pati ngarti.
>
>Tapi peuting kamari,
>kuring papanggihan nu rada aheng; da kakara ayeuna pisan karasana teh; baheula
>mah can ngajaran nempo atawa ngarasa kajadian model kitu; duka kuring sorangan
>duka batur oge geus ngajaran ngalaman anu cara kuring harita.
>
>Kuring teh keur
>mikirkeun hiji hal nu pelik, jeung istighfar ka Gusti; lantaran loba kapeurih
>hate………………..   naa atuh……………. Rarasaan
>jeung mani asa nongtoreng ………….
>
>Ngan moal kadengeeun ku
>batur……………… Jerit …………. Tina ANGEN sora tarik ngajerit………….. nu kadengena
>nongtoreng ka na ceuli kuring, tapi moal kadenge ku batur mah. Rasana teh ti na
>angen…………… meureun eta sugan Qalbu teh !@
>
>Wah jadi kabuktiaan
>lain uteuk wungkul nu fungsi teh; nyata HATE/Qalnu ge bisa nyarita, ngan arang;
>urang lolobana noroweco di na uteuk, bari silih bantah………… jadi salian ti
>uteuk urang; nyata hate urang ge bisa milu ngocomang.
>
>Kumaha ngajelaskeunana
>sacara Ilmiah? Duka………….. tapi eta kajadian teh enya pisan kasorang ku kuring.
>
>Wallahualam………… kuring
>hese nerangkeunana.
>
> 
>


 

Kirim email ke