Leres da kitu, upami bade diilmiahkeun sesah milari pibasaeun nana.
Ghoib tea kasebatna. "Kesadaran" osok dikuat-kaitkeun jeung akal anu aya dina
otak, janten misteri naha "kesadaran" tetep lumangsung sanajan fisik geus
dikubur atanapi liren/eureun. Upami dina psikologi mah aya kasebat istilah
'super-ego, ego, sareng id/naluri/instink". Aya istilah nu sanes nyaeta nu
nyebat aya qorin/badan rohani, aya oge jirim/badan jasmani.
Nu puguh mah Bah Abas Amin, keur si kuring mah masih goib, nembe apal teh nembe
kana tulisanana wungkul. :)
Salam
mz
------------------------------
Pada Kam, 16 Feb 2012 10:09 ICT Abbas Amin menulis:
>
>
>QALBU
>
>
>
>Cek jelema2 kiwari nu
>“Ilmiah”; pajarkeun feeling teh euweuh; aya ge thinking cenah; lantaran kabeh
>ge ngawengku ka na gawe uteuk. Ngan uteuk dibagi dua cenah; uteuk kenca jeung
>uteuk katuhu. Masalah ieu jelas kuring teu pati ngarti.
>
>Tapi peuting kamari,
>kuring papanggihan nu rada aheng; da kakara ayeuna pisan karasana teh; baheula
>mah can ngajaran nempo atawa ngarasa kajadian model kitu; duka kuring sorangan
>duka batur oge geus ngajaran ngalaman anu cara kuring harita.
>
>Kuring teh keur
>mikirkeun hiji hal nu pelik, jeung istighfar ka Gusti; lantaran loba kapeurih
>hate……………….. naa atuh……………. Rarasaan
>jeung mani asa nongtoreng ………….
>
>Ngan moal kadengeeun ku
>batur……………… Jerit …………. Tina ANGEN sora tarik ngajerit………….. nu kadengena
>nongtoreng ka na ceuli kuring, tapi moal kadenge ku batur mah. Rasana teh ti na
>angen…………… meureun eta sugan Qalbu teh !@
>
>Wah jadi kabuktiaan
>lain uteuk wungkul nu fungsi teh; nyata HATE/Qalnu ge bisa nyarita, ngan arang;
>urang lolobana noroweco di na uteuk, bari silih bantah………… jadi salian ti
>uteuk urang; nyata hate urang ge bisa milu ngocomang.
>
>Kumaha ngajelaskeunana
>sacara Ilmiah? Duka………….. tapi eta kajadian teh enya pisan kasorang ku kuring.
>
>Wallahualam………… kuring
>hese nerangkeunana.
>
>
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/