Mudah2an urang sarerea teu kaasup...
Allohumma arina haqqa haqqon warzuqnat tibaa'ah.. wa arinal batila batilan 
warzuqnit tinaabah...



________________________________
 Dari: Sp Saprudin <[email protected]>
Kepada: "[email protected]" <[email protected]> 
Dikirim: Senin, 20 Februari 2012 11:56
Judul: [kisunda] Ciri-Ciri Cendekiawan Belis!!
 

  
Henteu
sulit ngaidentifikasi cendekiawan boga mental belis atawa iblis. Sabab, 
cirri-cirina geus
cukup diterangkeun dina al Qur’an, diantarana :
1.    Ngabangkang jeung ngabantah ( QS
6:12). Manehna kenal, nyaho jeung faham, namung henteu pernah hayang
narima kabeneran. Saperti ingkarna Fir’aun jeung balad-baladna, zulman
wa’uluwwan jeung padahal hate leutikna ngaku jeung ngayakinan (wa istayqanat-ha
anfusuhum).
Mangka sok diteangana argumen pikeun
nyanggah jeung nolak kabeneran demi ngabela jeung nancebkeun opinina. Sabab anu 
penting
pikeunna lain kabeneran, ngalainkeun pembenaran. Jadi lain kusabab manehna teu
nyaho mana nu bener, tapi kusabab manehna memang henteu hayang nuturkeun jeung
tunduk kana kabeneran eta. Jadi ulah heran mun aya cendekiawan anu nota bene
Muslim, namung sifatna saperti belis atawa Iblis. Ideologi jeung opini 
pamikiranana anu
liar leuwih manehna pentingkeun jeung manehna pertahankeun katimbang kabeneran
jeung aqidah Islam.
2.    Intelektual diabolic sikapna takabur
(sombong, angkuh, congkak, arogan). Hartina takabur ieu dijelaskeun dina hadits
Nabi Saw. anu diriwayatkeun ku Imam Muslim (no. 147) “Sombong nyaeta nolak anu
haq jeung ngaremehkeun batur (al-kibru batarul-haq wa ghamtu n-nas).
Akibatna  jalma anu nuturkeun kabeneran
sakumaha dinyatakeun direjo al Qur’an atau hadits Nabi Saw. dianggapna
dogmatis, leteralis, logosentris, fundamentalis, konservatif, jeung lain-lain.
Sabalikna jalma anu pikiranna araneh
jeung nyareleneh rada dongo bin tolol, berpandangan relativistic jeung skeptis, 
ngutak-ngatik
jeung mulintirkeun ayat-ayat AL Qur’an jeung Hadits, ngaragukeun jeung nolak 
kabeneranana, justru
dipuja, disanjung, diidolakeun jadi panutan salaku intelektual kritis, reformis
jeung sabagena, sanajan geus bukti  zindiq, heretic jeung bermental belis atawa 
Iblis.
Maranehna boga beungeut dua istilahna boga standar ganda (QS. 2:14). Maranehna
nganggap jalma anu ariman eta bodoh, padahal saestuna maranehna anu bodoh jeung 
dungu
(sufaha’).
Intelektual samacam ieu anu diancam
Allah dina Al QUr’an ( QS. 7:146) “Arek Kami palingkeun maranehna anu arogan
tanpa kabeneran eta ti ayat-ayat Kami. Sahingga, sanajan nyaksikeun satiap
ayat, tetep bae maranehna henteu bakal percaya. Jeung umpama nempo jalan
kabeneran, maranehna henteu arek hayang nempuhna. Namung mun nempo jalan
kasesatan, maranehna justru ngalampahanna”.
3.    Ciri anu katilu nyaeta ngaburkeun
jeung nyumputkeun kabeneran (tablis wa kitman al-haq). Cendekiawan diabolic
lain henteu nyaho mana anu bener jeung mana anu salah. Namung manehna sangaja
mutarbalikkeun data jeung fakta. Anu batil dipoles jeung dikemas sakitu rupa
sahingga nampa jiga anu haq.
Sabalikna anu haq digunting,
dikerdilkeun, dikempesan sahingga katempo jiga batil. Atawa dicampur aduk
dua-duana sahingga henteu jelas deui beda antara anu bener jeung anu salah.
Strategi samacam ieu memang pang efektifna pikeun nyieun jalma lain bingung 
tujuh
kuriling  jeung kabelejog.  Maranehna
ngutip ayat-ayat AL Qur’an (QS. 2:62 jeung 5:69) pikeun ngajustifikasi
pamikiran liarna, pikeung ngomongkeun sakabeh agama nyaeta sarua, tanpa
merhatikeun konteks siyaq, sibaq jeung lihaq atawa tafsir bi I-ma’tsur ti
ayat-ayat eta. Sarua halna anu dilakukeun ku para orientalis Barat dina kajian
maranehna kana Al Qur’an jeung Hadits. Maranehna nyoalkeun jeung
ngagede-gedekeun perkara kecil, ngutak-ngatik anu geus jelas jeung tuntas, bari
mendistorsi jeung manipulasi (tahrif) sumber-sumber anu aya. Hal ieu henteu
pikarewaseun, nginget lolobana maranehna nyaeta Yahudi jeung Nasrani anu
karakterna geus dijelaskeun dina al Qur’an : 3:71 “Ya ahlal kitabi ma
talbisunal haqq bil batil wa taktumul haq wa antum ta’laum”. Anu ngaherankeun
nyaeta nalika hal anu sarua dilakukeun ku maranehna anu zahirna Muslim.
Kusabab watak jeung peran anu
dilakonanana eta, Iblis disebut oge Syetan (syaytan). Dina al Qur’an memang
ditegeskeun yen setan nyaeta musu anu nyata pikeun manusa (QS : 12:5, 17:53,
jeung 35:6). Salain ngabangkang(‘asiyy), setan boga watak jahat, liar jeung
kurang ajar marid jeung marid. Pikeung ngagulincirkeun (istazalla),
ngajerumuskeun (yughwi) jeung nyesatkeun (yudillu) jalma, setan oge make
strategi. Carana nyaeta nyusup jeung ngaruhan (yatakhabbat), ngarasuk jeung
ngarusak (yanzagh), naklukkeun (istahwa) jeung nguasaan (istah’wadza)
ngahalang-halang (yasudd) jeung nyingsieunan (yukhawwif), ngarekomendasi
(sawwala) jeung ngagiring (ta’uzz), nganyeru (yad’u) jeung ngajebak (yaftin),
nyiptakeun imej positif pikeun kabatilan (zayyana alhum a’malahum),
ngabisikkeun hal-hal negative kana jero hate jeung pikiran hiji jalma
(yuwaswis), ngajanjikeun jeung mere iming-iming (ya’iduhum wa yumannihim), tipu
muslihat (dalla bi ghurur), nganjurkeun perbuatan maksiat jeung amoral (ya’mur
bil fahsya’ wal mungkar) sarta nitahan jalma supaya kaifr (qala lil
insanikfur).
 
Trik-trik ieu anu dipraktekkeun ku
antek-antek jeung balad-balad ti kalangan cendikiawan muslim. Maranehna disebut
awliya al syatan (QS 4:76) ikhwan al syaytan (QS : 3:175) hizb al syaytan (QS
58:19) jeung junud iblis ( QS 26:94). Maranehna ngarogahala agama jeung
mempropagandakan pamikiran liar atas nama kebebasan berekpresi, demokrasi,
pembaharuan, pencerahan atawa penyegaran. Sakabeh eta sabenerna lain salah
sahiji anu anyar atawa awal ngajadi, saperti anu geus dipikanyaho ku satiap
jalam anu maca sajarah pemikiran Islam. Sakabehna ngarupakeun repetis jeung
reproduksi balaka. History repeats itself. Palakuna anu beda, namung karakter
jeung peranna sarua bae.  
Mangka ka kaum ariman diingetkeun supaya
wanti-wanti yen saestuna setan-setan eta ngawahyukeun ka balad-baladna pikeun
nyeret maraneh ka jereo papaseaan. Mun diturutan, maraneh bakal ngajadi
jalma-jalma anu musrik (QS. 6:121).
 
=============
Dijero hadits 'Abdullah bin Mas'ud radhiyallahu'anhu, Rasulullah shallallahu 
'alaihi wa alihi wa sallam bersabda, anu hartina :
Hente aya saurang Nabi oge anu diutus ku Allah ka ummat-ummat saencan kuring 
kacuali manehna ngabogaan pitulung jeung sahabat anu ngamalkeun sunnahna jeung 
patuh kana parentahna. Tuluy sanggeus eta bakal aya sajumplukan jalma anu 
nyeleweng, maranehna ngomongkeun naon-naon anu henteu maranehna pigawe jeung  
migawe naon-naon anu henteu diparentahkeun ka maranehna. Mangka sing saha anu 
jihad (berjihad) ngalawan maranehna ku lengeunna, mangka manehna nyaeta saurang 
mukmin. Jeung sing saha anu jihad ngalawan maranehna ku lisanna, mangka manehna 
nyaeta saurang mukmin. Jeung sing saha anu jihad ngalawan maranehna ku hatena, 
mangka manehna saurang mukmin. Jeung henteu aya deui kaimanan sanggeus eta" 
(dikaluarkeun ku Muslim).
  
Tidieu Rasulallah Saw. nyifatkeun shahabatna yen shahabatna nyaeta jalma-jalma 
anu sok nuturkeun parentahna jeung nyokot sunnahna. Sing saha anu kayaaana 
model kitu, mangka ieu anu wajib pikeun dituturkeun, kusabab jalanna nyaeta 
jalan pikeun nganterkeun ka jalan Rasulallah Saw. 
Tuluy dina hadits ngenaan paburantakna ummat, Rasulallah Saw. ngadawuh, anu 
hartina : "Geus paburantak (terpecah) jalma-jalma Yahudi ngajadi tujuh puluh 
hiji firqoh 'golongan' jeung geus paburantak jalma-jalma Nashara ngajadi tujuh 
puluh dua firqoh 'golongan' jeung saestuna ummat kuring bakal paburantak 
ngajadi tujuh puluh tilu firqoh 'golongan'. Sakabehna aya dijero naraka kacuali 
hiji jeung manehna nyaeta Al-Jamaah" (dikaluarkeun ku Muslim).
  
  
 

Kirim email ke