Kang SP, nuhun infona.

Ngan kuring tetep panasaran. Panasaranna kieu. Zaman kiwari, lamun aya mayit gajah, lila-lila eta mayit teh buruk terus bubuk jadi taneuh. Tah sanggeus mangalam-alam kahareup, naha mungkin taneuh ieu jadi minyak?

Sanggeus maca teori "Abiogenic Petroleum Origin", kuring jadi rada cangcaya yen minyak bumi teh tina awak sato jeung tatangkalan. Leuwih kaharti keneh lamun minyak bumi teh asalna tina deposit karbon (unsur mandiri, lain hasil uraian awak jeung tangkal) jauh dijero taneuh.



On 02/21/2012 11:07 AM, Sp Saprudin wrote:
Ehem....Kang Irfan
Kaleresan kuring damel di lingkungan Industri Migas, ceuk istilah umum minyak bumi teh "organic source materials, teori ieu nyebutkeun yen minyak bumi mangrupakeun produk obahan sacara alami tina zat-zat organik anu asalna tina sesa-sesa tumbuhan, sato (binatang!) anu ngendep salila jutaan tahun. Akibat tina pangaruh tekanan, temperatur, kahadiran senyawa jeung mineral sarta tempat geologis salila prosesa obahan eta, mangka minyak bumi ngabogaan komposisi anu beda-beda ti tempat anu beda.
Komposisi Minyak Bumi :
1. Karbon (C)
2. Hidrogen (H)
3. Sulfur (S)
4. nitrogen (N)
5. Oksigen (O)

Sakitu we lah, mun hayang lengkap teangan we di dunia maya
Salam
*Dari:* Irpan Rispandi <[email protected]>
*Kepada:* [email protected]; [email protected]
*Dikirim:* Selasa, 21 Februari 2012 10:08
*Judul:* [kisunda] Asal-usul Minyak Bumi

Langsung wae,
kuring rek nanya utamana ka baraya anu nyaho, ari asal mula terbentukna
minyak bumi kumaha nya?

Lamun nurut kana pamanggih salila ieu, kapanan minyak bumi teh tina
dinosaurus. Berarti kuduna minyak bumi teh ayana dina tempat anu
baheulana daratan. Sanajan ayeuna jadi laut misalna, tapi baheulana
wilayah eta teh daratan.

Tapi naha geuning aya oge sumber minyak di tempat anu tibaheulana keneh
lain daratan, alias ti babaheulana geus laut? Memang bisa jadi tina
dinosaurus nu hirup di cai.

Tapi kieu, ceuk dina wawancara ka Col. Leroy Fletcher Prouty, anu bisa
ditingali di http://www.youtube.com/watch?v=vdSjyvIHVLw. Salah sahiji
katerangan manehna, lapisan bumi tertua anu katindihan jeung ngabelesek
ka handap, jerona ngan ukur 18000 kaki, sedengkeun cadangan minyak bumi,
jerona 30000 kaki.

Lamun si minyak bumi teh asalna tina dinosaurus, maka kudunamah si
minyak bumi teh ayana dina 18000 kaki jerona, lain 30000 kaki.

Dina google kuring ngasupkeun keyword "the real origin of oil", hasilna
loba website anu nerangkeun teori "abiogenic origin of oil".

Ayeuna keur dibacaan ^_^





Kirim email ke