*Saémbara Ngarang Fiksimini Basa Sunda: Miéling Poé Basa Indung
Internasional 2012

*
Dina raraga Miéling Poé Basa Indung Internasional 2012 (21 Fébruari),
Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS), Universitas Padjadjaran,
sareng Grup FBS, seja ngayakeun Saémbara Ngarang Fiksimini Basa Sunda.

Waktuna: Dinten Saptu, 25 Fébruari 2012
Tempat: Aula Grha Sanusi Hardjadinata, Universitas Padjadjaran,
Jl.Dipatiukur No. 35 Bandung
Tabuh: 09.00 – 11.30 WIB (2,5 Jam)

Patandang dibagi jadi 2 katégori:
1. Katégori Barudak Sakola
2. Katégori Umum (jantenna teu aya ngora/anyar/kolot, breg wé lah sadayana).
Ka nu badé ngiringan, tinggal sumping baé dina waktosna.

Katangtuanana:
Patandang kudu geus hadir di tempat saémbara paling leuir 30 menit méméh
acara saémbara Karangan ulah kurang ti 50 kecap, ulah leuwih ti 100 kecap.
Karangan kudu dina wangun digital (file), ku kituna patandang kudu mawa
pakakas pikeun ngetik saperti Laptop, Nétbook, Tablét, atawa HP. Téma
fikmin baris dibéwarakeun dina waktu saémbara. Unggal patandang dibéré
waktu sajam (2,5 jam) pikeun ngarang fikmin dumasar kana téma nu dibikeun
ku panitia. Ngarangna ngadadak di tempat saémbara. Hal-hal téknis séjénna
baris dibéwarakeun méméh prung saémbara. Para pinunjul baris dibéwarakeun
dina poé éta kénéh, tabuh 17.00 WIB. Dina nangtukeun pinunjul, Girang
Pangajén baris milih karangan dumasar kana kritéria nu geus ditetepkeun
méméhna. Upamana, mun taya karangan nu nyumponan kritéria keur Pinunjul I,
hadiah keur Pinunjul I diteuayakeun.
Kritéria:
(1) Pangarang diwatesanan ku téma nu baris diémbarkeun dina waktu saémbara.
Dina ngolah téma, pangarang aya tarékah ngungkabkeun gagasan dumasar kana
hasil kontémplasina. Témana kudu jadi jenggléngan carita nu mandiri,
mundel, beuneur, henteu ngan saukur tuturut munding atawa néplak nu geus
kungsi digarap ku pangarang séjén. Karancagé pangarang dina mekarkeun téma
jadi jenggléngan carita bisa dipaké ngukur semet mana legana wawasan
pangarang dina jumlah kecap nu samporét. (2) Fikmin nu hadé, sabada réngsé
dibaca téh henteu ngeplos, aya bagian nu namper dina lolongkrang batin, aya
nu nyamuni tapi kaharti, tur ditepikeun kalayan lantip. Fikmin nu hadé
tangtuna gé lain saukur runtuyan kecapo, tapi aya “roh” nu ngahirupkeun
carita.(3) Ngolah carita raket patalina jeung téknik. Dina ngarang
fiksimini—nu kasungkeret ku jumlah kecap—katapis ngagunakeun téknik téh
kacida pentingna. Pangarang kudu gemet dina nangtukeun diksi, nepi ka taya
kecap nu mubah.
(4) Lantaran anu diajén téh fiksimini basa Sunda, tur ieu téh bakal jadi
bagian tina karya sastra Sunda, tangtu waé jenggléngan carita téh kudu
napak dina "atmosfir" Sunda. Basana karasa nyunda, kitu deui idiom-idiom nu
dipaké ku pangarang. Hal-hal nu éléméntér, saperti éjahan jeung cara
nuliskeun kecap, milu mangaruhan kana ajén karya fiksimini.

Hadiah pikeun masing-masing katégori:
Pinunjul I, hadiahna Léptop/Netbook
Pinunjul II, hadiahna Samsung Galaxy Mini
Pinunjul III, hadiahna Rp. 1.000.000,- (sajuta rupia)
Sadaya hadiah kalayan alpukahna Kang Ganjar Kurnia.

KANGGO IEU SAÉMBARA MUNG TIASA DILAKSANAKEUN DI TEMPAT ACARA. KANGGO LOMBA
ON-LINE, ANTOS LOMBA SALAJENGNA.

Bari ngantos pamasrahan hadiah ka para pinunjul, baris aya sawala ngeunaan
Fikmin, kopdar grup FBS, sareng ngabandungan pintonan ti Rumawat
Padjadjaran mangrupi pidangan Dongéng Sunda, nu badé dijejeran ku Wa Képoh
saparakanca.

Runtuyan Acara:
Tabuh 09.00 – 11.30
- Saémbara Fiksimini Basa Sunda kanggo Umum sareng Barudak Sakola

Tabuh 12.30 – 15.00
- Kopdar Grup Fikmin (Bari ngantosan juri mariksa hasil saémbara)

Tabuh 15.00 – 17.00
- Ngabandungan Dongéng Wa Képoh Saparakanca
- Béwara hasil Saémbara
- Loncing 11 Judul Buku Sunda nu medal Bulan Februari 2012

Kirim email ke