Kanggo nu aya minat ngiringan saembara ngarang fiksimini basa Sunda. Sakedik info, fiksimini teh karangan fiksi pondok, maksimal 150 kecap. Di handap conto karangan fiksimini, kenging Kang Tatang Sumarsono. ===
Tatang Sumarsono Buaya Ngangsar Abdi teh apan gaduh kuda, buluna daragem. Kanggo anu muhit caturangga mah, ieu kuda téh teu kapeunteun, margi kukulinciranana buaya ngangsar. Tapi ah, ku abdi téh teras was dipiara. Panceg umur dua taun, nya disina ngiring kana Pacuan Perdana husus Kelas Remaja. Sabrengna ti starting gate, kuda abdi ngan sageretekan lumpatna. Saterasna mah jadi ngendoran, malihan mah milih jalanna gé mabal ka kénca, padahal kuda sanésna pagulung-gulung di track dalam anu posisina di katuhu. Kitu apan dina taktik balap kuda mah, nyandak posisi di katuhu téh disebatna “memperpendek jarak”. Anu sanés tos kénging piala, kuda abdi mah nembé ngurunyung. Atuh disarurakan ku nu nongton. “Lésot tali kadalina, tadi masangkeun géspérna teu pageuh. Untung sayah teu ragrag,” saur joki bangun nu isin, wiréh dongkap pangbocotna. “Ih, nya keun baé,” saur Bapa Komisi Pacuan. “Ieu kuda téh intuisina alus. Sakitu teu maké kadali, tapi teu burung tepi ka nu dijugjug. Hanas anu dipilihna jalur kénca, nya teu nanaon, nu penting matak salamet saréréa. Aya di jalur katuhu gé keur naon, ari ngabarubahkeun mah.” Énjingna kuda abdi digaleuh ku hiji kementrian. Saurna badé dianggo conto minangka “Tokoh Teladan” di ieu républik. November 7, 2011 WC: 191 ======= Tatang Sumarsono Ulin Timbangan Abdi téh pan harita nuju diajar ulin timbangan. “Dina timbangan téh, Jang, kumaha carana urang maca gerak lawan,” kitu saur guru. “Dina waktuna gerak, pamohalan tanaga sumebar di sakabéh bagian awak, sabab bakal museur di hiji titik. Mun Ujang sahabekna neunggeul ku katuhu, tah lebah tatak kénca mah kosong. Gancang ku urang cokot nu kosongna. Geura urang buktikeun.” Leres baé, ukur sageprakan abdi tos ngajéngjéhé. “Ragragna lawan urang téh ku sabab pamolahna,” kitu kasauran terasna. Hésé geuning latihanana téh. Rada gampil sotéh pami maca gerak lawan anu teu wanoheun kana élmuning tarung. Da ari ka papada anu rikat deui mah, pindahna tanaga ti hiji titik ka titik sanésna téh teu sakiceup-kiceup acan. Lami-lami ngawitan rada bosen. Mana komo wanda jurusna téh teu pikatajieun, teu gagah-motah kawas Cimandé. “Aya kénéh timbangan anu kudu ditéangan ku urang, nyaéta nimbang-nimbang hirup geusan milih-milih jalan pimaslahateun,” saur guru, saatosna abdi rada lami idek liher di paguron. Ti harita, cul waé tara latihan. Abdi hoyong diajar ngulik timbangan anu hiji deui. Tapi, dugi ka ayeuna gé geuning keukeuh teu jinek katimu. November 7, 2011 WC: 178 ======= Tatang Sumarsono Koropos Aya tangkal rungkad di pertelon Cipaganti-Setiabudi. Padahal, éta tangkal katingalna séhat, malih nuju mangkak kembangan. Padahal deuih, teu nuju hujan angin, tiba miripis saeutik. Gubrag! Ampir ninggang angkot. Singhoréng akarna tos buruk. “Dasar teu boga adeuh,” saur hiji jalmi. “Kalah wé ka luhurna mani marakbak pikabitaeun, ari di handap sakitu koroposna. Nipu nu kitu téh, jurig,” nyarios deui bari pepeta. “Puas siah! Nya karasa ari geus rungkad mah.” Abdi ngiring ngahaminan kasauran éta jalmi. Dedeganana alit, tapi soantenna mani harus sareng ngoncrang. Katingalna jalmi mangartos sareng saueur katerang. “Kitu tah, ari haben ngawowoy anu di luhur bari teu maliré ka nu di handap téh. Jiga heueuh rék ngiuhan ka balaréa, rék béla ka balaréa, tapi dina émprona bet nyilakakeun balaréa-balaréa kénéh,” saurna deui. “Kang Adén, tong ngupat waé tangkal, da tos puguh ieuh rungkad,” sanggem abdi. “Har, sumpahna gé pun uing mah teu keur nyaritakeun tangkal, Ang ...,” walerna bari ngirabkeun rambut sataktak. November 7, 2011 WC: 154 ======= Tatang Sumarsono Ashabul Kahfi Harita téh bari ngantosan sangu kanggo mumuluk timus, abdi ngalantung di buruan. Naha atuh ari lar téh bapa presidén ngalangkung, ngan asa tos sepuh pisan, duka pami bakat ku capé ngurus nagara mah. Kantenan abdi reuwas. Mana para pangawalna? Piraku kapala nagara kekelentengan nyalira lebet ka gang. Dihenteu-henteu gé éta téh presidén abdi, anu mawi énggal ditaros. Sumpah, abdi mah teu gaduh niat awon. Anjeunna nyimpang, ngiring moyan di buruan. Meungpeung aya lolongkrangna, saentosna rada omhang mah, abdi wantun tataros ngeunaan rupi-rupi hal ngeunaan nagara, anu abdi terang tina koran. Éta geuning bangsaning kasus bank century, wisma atlét, kpk, banggar, resapel kabinét, sareng saha anu badé ngandidat dina pilprés. “Ih, naha teu apal kitu kana kajadian kamari-kamari?” anjeunna kalah malik naros. Abdi gideug. “Mani kamalinaan teuing atuh, kawas Ashabul Kahfi waé. Apan ayeuna téh taun 2030,” saurna deui. November 7, 2011 WC: 140 ======= Tatang Sumarsono Citraresmi “Ngahaja kula nepungan, sejana mileuleuyankeun, duméh Étéh arék miang, ka nagri jauh di sabrang. Lain arék senang-senang, sasat rék nyébakeun diri, sabab di nagri sorangan, hésé nyiar pakasaban. Ari éta parabaneun, calawak satilu-tilu, budak yatim ti leuleutik. Cacak lamun kula wenang, ku hayang kula ngajaring, najan ukur rerencepan. Muga Étéh gancang mulang, nyanding hirup jeung huripna.” Manéhna hookeun pisan, saha ieu istri geulis, dangdosan kabaheulaan, ungkara basana ahéng, asa jiga dina dongéng. Rancunit taya cawadeun, kulitna héjo carulang, dada beuneur cengkir gading, nyambuang seungit malati. Asana piraku teuing, papada TKW deui, nu meuting di panampungan. “Kula gé baheula miang, hanjakal teu bisa mulang, indit pikeun séba pati, di tegal si awat-awat, di palagan lemah Bubat.” Ahung ..., ahung .... November 9, 2011 WC: 120 On 2/24/12, Ki Hasan <[email protected]> wrote: > *Saémbara Ngarang Fiksimini Basa Sunda: Miéling Poé Basa Indung > Internasional 2012 > > * > Dina raraga Miéling Poé Basa Indung Internasional 2012 (21 Fébruari), > Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS), Universitas Padjadjaran, > sareng Grup FBS, seja ngayakeun Saémbara Ngarang Fiksimini Basa Sunda. > > Waktuna: Dinten Saptu, 25 Fébruari 2012 > Tempat: Aula Grha Sanusi Hardjadinata, Universitas Padjadjaran, > Jl.Dipatiukur No. 35 Bandung > Tabuh: 09.00 – 11.30 WIB (2,5 Jam) > > Patandang dibagi jadi 2 katégori: > 1. Katégori Barudak Sakola > 2. Katégori Umum (jantenna teu aya ngora/anyar/kolot, breg wé lah > sadayana). > Ka nu badé ngiringan, tinggal sumping baé dina waktosna. > > Katangtuanana: > Patandang kudu geus hadir di tempat saémbara paling leuir 30 menit méméh > acara saémbara Karangan ulah kurang ti 50 kecap, ulah leuwih ti 100 kecap. > Karangan kudu dina wangun digital (file), ku kituna patandang kudu mawa > pakakas pikeun ngetik saperti Laptop, Nétbook, Tablét, atawa HP. Téma > fikmin baris dibéwarakeun dina waktu saémbara. Unggal patandang dibéré > waktu sajam (2,5 jam) pikeun ngarang fikmin dumasar kana téma nu dibikeun > ku panitia. Ngarangna ngadadak di tempat saémbara. Hal-hal téknis séjénna > baris dibéwarakeun méméh prung saémbara. Para pinunjul baris dibéwarakeun > dina poé éta kénéh, tabuh 17.00 WIB. Dina nangtukeun pinunjul, Girang > Pangajén baris milih karangan dumasar kana kritéria nu geus ditetepkeun > méméhna. Upamana, mun taya karangan nu nyumponan kritéria keur Pinunjul I, > hadiah keur Pinunjul I diteuayakeun. > Kritéria: > (1) Pangarang diwatesanan ku téma nu baris diémbarkeun dina waktu saémbara. > Dina ngolah téma, pangarang aya tarékah ngungkabkeun gagasan dumasar kana > hasil kontémplasina. Témana kudu jadi jenggléngan carita nu mandiri, > mundel, beuneur, henteu ngan saukur tuturut munding atawa néplak nu geus > kungsi digarap ku pangarang séjén. Karancagé pangarang dina mekarkeun téma > jadi jenggléngan carita bisa dipaké ngukur semet mana legana wawasan > pangarang dina jumlah kecap nu samporét. (2) Fikmin nu hadé, sabada réngsé > dibaca téh henteu ngeplos, aya bagian nu namper dina lolongkrang batin, aya > nu nyamuni tapi kaharti, tur ditepikeun kalayan lantip. Fikmin nu hadé > tangtuna gé lain saukur runtuyan kecapo, tapi aya “roh” nu ngahirupkeun > carita.(3) Ngolah carita raket patalina jeung téknik. Dina ngarang > fiksimini—nu kasungkeret ku jumlah kecap—katapis ngagunakeun téknik téh > kacida pentingna. Pangarang kudu gemet dina nangtukeun diksi, nepi ka taya > kecap nu mubah. > (4) Lantaran anu diajén téh fiksimini basa Sunda, tur ieu téh bakal jadi > bagian tina karya sastra Sunda, tangtu waé jenggléngan carita téh kudu > napak dina "atmosfir" Sunda. Basana karasa nyunda, kitu deui idiom-idiom nu > dipaké ku pangarang. Hal-hal nu éléméntér, saperti éjahan jeung cara > nuliskeun kecap, milu mangaruhan kana ajén karya fiksimini. > > Hadiah pikeun masing-masing katégori: > Pinunjul I, hadiahna Léptop/Netbook > Pinunjul II, hadiahna Samsung Galaxy Mini > Pinunjul III, hadiahna Rp. 1.000.000,- (sajuta rupia) > Sadaya hadiah kalayan alpukahna Kang Ganjar Kurnia. > > KANGGO IEU SAÉMBARA MUNG TIASA DILAKSANAKEUN DI TEMPAT ACARA. KANGGO LOMBA > ON-LINE, ANTOS LOMBA SALAJENGNA. > > Bari ngantos pamasrahan hadiah ka para pinunjul, baris aya sawala ngeunaan > Fikmin, kopdar grup FBS, sareng ngabandungan pintonan ti Rumawat > Padjadjaran mangrupi pidangan Dongéng Sunda, nu badé dijejeran ku Wa Képoh > saparakanca. > > Runtuyan Acara: > Tabuh 09.00 – 11.30 > - Saémbara Fiksimini Basa Sunda kanggo Umum sareng Barudak Sakola > > Tabuh 12.30 – 15.00 > - Kopdar Grup Fikmin (Bari ngantosan juri mariksa hasil saémbara) > > Tabuh 15.00 – 17.00 > - Ngabandungan Dongéng Wa Képoh Saparakanca > - Béwara hasil Saémbara > - Loncing 11 Judul Buku Sunda nu medal Bulan Februari 2012 > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
