di taun ieu dunya film indonesia kudu reueus. 'postcard from the zoo'
jieunan edwin asup ka seksi kompetisi di festival film berlin. memang teu
ngagondol biruang emas, eleh ku film ti italia. ngan ieu film, basa diputer
korsi panongton euweuh nu kosong, jeung deuih laku dibeli ku babaraha
distributor internasional.

ieu film teh film indonesia katilu nu kungsi diputer di seksi kompetisi
festival penghargaan film nomer tilu pangbadagna sanggeus oscar jeung
cannes ieu. dua film samemehna: badai selatan (sofia wd) taun 1962, jeung
'bulan tertusuk ilalang' (garin nugroho) tahun 1995.

ngan hanjakalna teh, heueuh, film edwin di luhur teu ngagambarkeun
indonesia nu suni, nu ahlu sunnah wal jamaah. siah oge henteu. jeung jigana
lain islam. malah film edwin samemehna, nu oge kungsi diputer di festival
nu sarua taun kamari mah judulna oge bakal ngondang rujit urang suni oge
urang islam sacara umum. judulna teh nyaeta 'babi buta yang ingin
terbang'.....

wéw! ah...

Pada 28 Februari 2012 19:38, <[email protected]> menulis:

> **
>
>
> ** Sok sanajan sacara politik kanagaraan AS jeung Iran teh "musuh satru"
> tapi dunya film mah geuning teu kapangaruhan ku "politik adalah panglima"
> jiga anu kungsi dilarapkeun di Cina jaman Ketua Mao jadi pangawasa.
>
> Sacara intelektual dunya film Iran teh kawilang maju diantara nagara di
> wewengkon Asia Tengah. Sababaraha taun katukang aya film (cerita) Iran anu
> meunangkeun Oscar. Mun teu salah mah carita hiji budak anu mikahayang
> sapatu anyar. Asana teh video (bajakan) kungsi sumebar dinu jualan video.
> Mun perfilman Indonesia hayang maju, kudu aya sutradara anu "outward
> looking", ningali tren film naon anu "in" di jagat film global. Sabab mun
> teu kitu, kualitas film Indonesia ngan nepi ka "ratu pantai laut selatan"
> atawa "suster ngesot". Cita cita bentang filmna oge saukur hayang ngaganti
> "peran" Suzanna jiga anu rek dilakonan artis Jupe.
>
> Mrachmatrawyani
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * "Waluya" <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Tue, 28 Feb 2012 10:26:27 -0000
> *To: *<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *[kisunda] Pilem Iran meunang Oscar!
>
>
>
> Urang Persia kasohor rasa senina luhur/ gede, kabuktian ku meunangna Pilem
> Iran dina kompetisi Oscar (Pilem Indonesia mah rarasaan mah acan kungsi
> ..hehehe). Hebatlah, sanajan cenah di nagara asalna mah teu disambut
> gumbira. Mudah-mudahan pilem nu judulna "The Separation" teh diputer di
> Indonesia.
>
>

-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke