hapunten lepat sakedik, kedahna film garin di festival film berlin taun
1996, taun 1995 mah taun produksi eta film.

nuhun...

2012/2/29 Dudi Herlianto <[email protected]>

> di taun ieu dunya film indonesia kudu reueus. 'postcard from the zoo'
> jieunan edwin asup ka seksi kompetisi di festival film berlin. memang teu
> ngagondol biruang emas, eleh ku film ti italia. ngan ieu film, basa diputer
> korsi panongton euweuh nu kosong, jeung deuih laku dibeli ku babaraha
> distributor internasional.
>
> ieu film teh film indonesia katilu nu kungsi diputer di seksi kompetisi
> festival penghargaan film nomer tilu pangbadagna sanggeus oscar jeung
> cannes ieu. dua film samemehna: badai selatan (sofia wd) taun 1962, jeung
> 'bulan tertusuk ilalang' (garin nugroho) tahun 1995.
>
> ngan hanjakalna teh, heueuh, film edwin di luhur teu ngagambarkeun
> indonesia nu suni, nu ahlu sunnah wal jamaah. siah oge henteu. jeung jigana
> lain islam. malah film edwin samemehna, nu oge kungsi diputer di festival
> nu sarua taun kamari mah judulna oge bakal ngondang rujit urang suni oge
> urang islam sacara umum. judulna teh nyaeta 'babi buta yang ingin
> terbang'.....
>
> wéw! ah...
>
> Pada 28 Februari 2012 19:38, <[email protected]> menulis:
>
>> **
>>
>>
>> ** Sok sanajan sacara politik kanagaraan AS jeung Iran teh "musuh satru"
>> tapi dunya film mah geuning teu kapangaruhan ku "politik adalah panglima"
>> jiga anu kungsi dilarapkeun di Cina jaman Ketua Mao jadi pangawasa.
>>
>> Sacara intelektual dunya film Iran teh kawilang maju diantara nagara di
>> wewengkon Asia Tengah. Sababaraha taun katukang aya film (cerita) Iran anu
>> meunangkeun Oscar. Mun teu salah mah carita hiji budak anu mikahayang
>> sapatu anyar. Asana teh video (bajakan) kungsi sumebar dinu jualan video.
>> Mun perfilman Indonesia hayang maju, kudu aya sutradara anu "outward
>> looking", ningali tren film naon anu "in" di jagat film global. Sabab mun
>> teu kitu, kualitas film Indonesia ngan nepi ka "ratu pantai laut selatan"
>> atawa "suster ngesot". Cita cita bentang filmna oge saukur hayang ngaganti
>> "peran" Suzanna jiga anu rek dilakonan artis Jupe.
>>
>> Mrachmatrawyani
>> Powered by Telkomsel BlackBerry®
>> ------------------------------
>> *From: * "Waluya" <[email protected]>
>> *Sender: * [email protected]
>> *Date: *Tue, 28 Feb 2012 10:26:27 -0000
>> *To: *<[email protected]>
>> *ReplyTo: * [email protected]
>> *Subject: *[kisunda] Pilem Iran meunang Oscar!
>>
>>
>>
>> Urang Persia kasohor rasa senina luhur/ gede, kabuktian ku meunangna
>> Pilem Iran dina kompetisi Oscar (Pilem Indonesia mah rarasaan mah acan
>> kungsi ..hehehe). Hebatlah, sanajan cenah di nagara asalna mah teu disambut
>> gumbira. Mudah-mudahan pilem nu judulna "The Separation" teh diputer di
>> Indonesia.
>>
>>
-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke