Hihihihi ! barang seurina eureun hareupeun Nyi Epon aya nini nini; mani reuwas
jeung sieun Nyi Epon nempo eta Nini nini teh ; peuting2 aya di hareupeunana
bari seuri saperti kitu; ari gerakna kacida kesitna; pantes ngusap pipi manehna
ge teu kaciri; mun tea mah rek maehan manehna, bisa wae.
Nyi Epon rada sieun nempo waruga nini nini siga kitu, tapi manehna nyaho yen
ayeuna manehna dipanggih keun jeung Hiji Tokoh Pendekar nu Sakti ! Wah iraha
deui neangan kasempetan saperti kieu. Nya terus we Nyi Epon sujud ngaku Guru.
“Hehehehe, tong ngaku2 saha nu hayang boga murid BODO kawas maneh ! Ngan ku
sabab maneh geus nyembah ka Kula; Kula jadi ngarasa boga hutang. Bakal
diajarkeun lima jurus ku Kula; pek latih sorangan. Kami moal ngulang palajaran
tenjokeun jeung tengetkeun; Kula bakal ngagerakkeun ieu lima jurus nepi ka
tuntas. Tergantung nasib maneh; sabaraha nu bisa kacekel, ngarti !?” Mun maneh
bisa ngajalankeunana Si Salam wae mah, lain nanaon deui pikeun maneh.
Geus kitu eta Nini nini masang kuda kuda terus we ngajalankeun lima jurus;
sanggeus tuntas; des kereles deui we eta si Nini2 teh ngaleungit deui.
Ngaleungit, lantaran ngan sakilat pisan geus teu katembong deui. Gancang we Nyi
Epon ngajalankeun lima jurus nu kakara dibikeun ka manehna; bari nenget2; sabab
lamun teu apal Nyi Epon ngarasa rugi gede pisan.
Terus we Nyi Epon ngapalkeun gerakan lalaunan pisan, bari nginget2; da memang
eta nini nini teh ngan sakilat2 pisan gerakna teh; salah2 gerakanana bisa wae
kaliwat. Jadi ati2 pisan Nyi Epon nginget2 gerakan eta nini2; geus kitu diulang
deui sababaraha kali; bari terus nginget2 naha kira2 aya euweuh nu kaliwat.
Rarasaan mah asa euweuh. Sanggeus aya sapuluh kalina; nya Nyi Epon gerakna rada
dicepetan. Ngadua kalian leuwih cepet deui. Katilu kalina barang digerakeun,
rarasaan asa leungeun jeung suku mawa sorangan; atuh kapaksa Nyi Epon
ningkatkeun kagesitanana, Nepi ka luut leet kesang; ahirna ngajurahroh lungse;
ampir2 kapaehan.
Rada reuwas oge Nyi Epon; naha ieu Elmu ti si Nini2 teh aneh pisan, nepi ka
bisa mawa manehna ? Naha ieu jurus teh geus bener? Keun we malem isukan dicoba
deui; ayeuna mah geus peuting teuing, kudu istirahat. Kuniang hudang, leumpang
rarampeolan, awak asa pasiksak. Waduh ieu elmu naon nepi ka karasa saperti kieu
?
Asup ka kobongna Nyi Epon konsentrasi diuk sidakep; terus nyalurkeun pernafasan
nu diajarkeun ku Kiai Salam; sanggeus sababaraha puteran, karasa hawa haneut
mimiti muter na handapeun puser; terus lalaunan naek; ka na beuteung; terus
ngaliwat dada nuju ka embun2an; terus balik deui nuju ka puser.
Ahirna Nyi Epon ngarasa seger deui. Dug wae sare mani tibra pisan. Shubuhna
rada kabeurangan; jadi teu milu ka masigit; bari jeung masih lulungu.
HANCA