Episode ka 36 Tekad Nyi Epon Peuting eta, Nyi Epon latihan deui, di jurus ka4, karasa deui tanaga nu mawa gerak tea; nya kapaksa dituturkeun; nepi ka ku sabab ngarasa lieur jeung cape, nyi Epon ngajungkel deui. Naha nya ieu jurus hese pisan dilatihna ? Kitu pikiran Nyi Epon, terus we diuk deui sila; konsentrasi kana napas nu lalaunan nepi ka sababaraha kali; ahirna seger deui. Ahirna Nyi Epon sadar, yen eta jurus teh kudu make konsentrasi jeung jalan nafas nu diatur pisan; terus we nyoba deui ti awal bari dibarengan ku aturan nafas nu aya ritmena; enya we ku cara kitu mah gerakan teu mawa karep sorangan, manehna bisa ngontrol gerakanana; terus sababaraha kali dibalikan deui; nepi ka jurus2na apal pisan. Manehna inget si nini nu mere eta jurus teu lendo kitu gerakna; biasa we cepet jeung kesit ! Kumaha atuh nya ? Nyalaraskeun antara gerak jeung alur nafas; hese pisan ieu mah. Keun we ah urang pikirkeun deui, ayeuna mah sare geus peuting teuing. Leos wae ka kobongna dug we sare, nepi ka subuh. Caritana peutingna deui. Nyi Epon terus ngalatih deui, bari konsentrasi di na ngajalankeun nafas nu bakal ngawangun tanaga batinna. Enya geuning hese. Jadi ari geus luhur mah sagala ge hese. Naha eureunan wae atuh ieu latihan teh ? Naha ieu latihan teh salah ? Tapi mun eta nini2 ngaheureuyan aing, naon gunana ? Da enya ge nini2 teh pikasieuneun, tapi enya sakti. Jeung euweuh semu yen eta jelema jahat; ngan wae kalakuanana araraneh. Ah Epon, Epon jauh2 kadieu hayang bisa Elmu tarung elmu gelut; ayeuna aya nu mere, malah rek mundur ? Tong mundur Epon, sok we teruskeun. Kitu di na pikiran Epon cocorowokan debat jeung dirina pribadi. Ayeuna manehna nyoba nafas dibebaskeun saperti cai na susukan; kuma dinya we, gerakan dibalikeun deui ti hiji nepi ka lima; tapi nafas eta teu hah heh hoh; asup jeung kaluarna disina ngalir alami teu dipaksakeun; gerakan ge teu dipaksakeun disalaraskeun we jeung ngalirna nafas. Karasa hawa haneut ti na handapeun puser naek ka embun2an terus muternyaliara ka na sakabeh alat di jero jasmanina. Nepi ka sababaraha kali latihan; ahirna istirahat heula. Teu saperti latihan2 nu kamari2; nu ayeuna mah manehna ngarasa jadi seger, malah sumanget nambahan hayang gura giru latihan deui; leungeunna asa ngadorong supaya nyieun gerak deui. Tapi barang manehna nyoba, kajadian saperti awal latihan kapanggih deui; nya eta gerakanana mawa sorangan; ahirna di jurus ka tilu Epon ngeureunan, Naa atuh barang eureun, barang keleyeng we lieur ; joprak we Nyi Epon ngajoprak, ampir teu inget naon2. Isukna di pangajiaan Nyi Epon kaciri siga nu lesu; ah meureun inget ka lembur tah nyi epon teh; cek hate batur2 ngajina. Padahal mah, Nyi Epon rada keuna kasakit ti na latihan. Peutingna geus der deui Nyi Epon latihan. Ayeuna mah manehna ngarasa yen latihan jurus2 ieu kudu dijiwaan, kudu sina hirup; ngamaenkeun jurus bari pinuh ku kasadaran. Ahirna Epon inget yen manehna salian ti diajar silat, oge diajar ngaji; kumaha mun ku aing ieu elmu digabung ? Manehna terus maca laahaolawaalaaquwwata illaa billah; sababaraha kali, terus di na jurus oge dieusi ku dua eta; ayeuna mah karasa gerakanana teh salaras pisan; tapi karasa tanagana eusian di na tiap sepakan tonjokan jeung meupeuh; Epon kacida atohna, nya bener sagala oge kudu ku du’a cenah. Epon beuki sumanget ayeuna mah. Lima kali latihan bulak balik, salian teu karasa cape, malah ngarasa badan asa seger jeung sehat pisan. HANCA
