Isukna waktu diajar talaah kitab, Epon pang sumangetna, pang nyongcolangna, 
babaturanana heraneun, naha ari kamari beungeutna jiga nu kucel pisan; ari 
ayeuna mani daria pisan? 
Dina perkara diajar Agama, saperti di Leuwiseeng, Epon oge gancang pisan 
majuna; hartina memang Epon dadasarna CERDAS; gampang pisan  narima palajaran; 
ngan aya nganna dibanding Jalma Epon mah kacida kritisna; nepi ku guruna ge 
nyebut Nyi Epon katelah si celembeng cenah. Tapi Epon teu riuk2; kalem we. Atuh 
di na digawe, Epon can ngajaran nolak; naon wae ku manehna dilakukeun; malah 
pagawean lalaki ge sakapeung mah dicekel ku manehna; da parigel oge Nyi Epon 
macul. Ngan na hiji mangsa manehna keur macul aya nu datang terus nitah eureun, 
terus eta pacul direbut bari ngomong :”Nyi Epon masih apal ka kuring ? Kuring 
teh Ki Raksa tea, ayeuna masantren di dieu. Ulah, Nyi Epon teu meunang digawe 
saperti kitu; keun ieu mah bagean kuring; kapan Nyi Epon mah calon istri 
Pamimpin kuring Pendekar Maung Sancang.” 
Nyi Epon mani guligah hatena disebut calon pasangan Jalma. Da enyana, ari anak 
buah Jalma mah nyangkana teh Jalma bakal jadi ka Nyi Epon; maranehna teu 
apaleun masalah Jalma jeung Nyi Ipah mah. 
Ti harita pagawean Epon di sawah sok pada nalangan ku para urut begal, nu 
ayeuna jadi murid pondok Pasantren Miftahul Falah. Atuh Epon teh, ngarasa 
senang pisan cicing di Wanayasa teh, da geuning loba nu haat pisan. Tapi tetep 
Nyi Epon dihargaan ku babaturan jeung guru2na lantaran saenyana mah nu digawe 
teh bebas we; asal ulah kaciri ngedul teuing; kadang2 aya nu ngan ukur saminggu 
sakali digawena; aya oge nu dua poe digawe di na samingguna teh. Pokona teu 
dicirian teuing ku para ustad teh; da memang loba muridna ge; jadi malah 
pagaweanana nu kurang; jadi nya gantian we digawena. Mun aya nu haat ngabantu 
babaturanana tea mah; moal kaciri, da rata2 kabehanana oge garetol. 
  
Nyi Epon soson2 pisan latihanana eta 5 jurus nu diajarkeun ku si Nini2; nepi ka 
na hiji waktu mah ngarasa gerakan teh geus ngahiji pisan, salaras jeung 
kahayang, unggal latihan ngarasa seger jeung ngarasa badanna asa harampang; 
manehna kacida bungahna; nepi ka manehna luncat ka luhur. 
Kumaha hasilna ? Teu disangka sangka luncat biasa wae, manehna teh geus leuwih 
ti sameter tina taneuh nu dijejek. 
“Uluh geuning aing geus bisa luncat sakieu jauhna ?” wah cing mun lumpat 
kumaha; berebet Nyi Epon lumpat; karasa pisan ti nu biasa latihan nepi ka sisi 
leuweung asa ngan sakilat pisan. “Wah enyaan geus maju oge yeuh aing teh? Tapi 
kumaha ari jurus2 jeung tinggangan ? Naha geus anteb ? Ka saha nya nyobana ?” 
Ah cing urang coban jeung Ki Ganda, si Jangkung jeung pendek .”
HANCA

Kirim email ke